Ku: Budi Setiawan
SAURANG juru bicara Istana lain saukur panyalur informasi, tapi ogé minangka wawakil jirimna komunikasi nagara. Unggal kecap anu dikedalkeun tur ditepikeun teh ngagambarkeun sikep pamaréntahan anu diwakilanana. Ku kituna, nalika saurang jubir pamaréntah ngawalon aksi teror ka média ku guyonan, “dimasak wé,” masarakat boga hak pikeun nalek empati jeung sensitipitasna pajabat samodel kitu.
Ngirimkeun hulu babi ka rédakasi Majalah Berita Mingguan Tempo mangrupa bentuk intimidasi kana kabébasan pers. Dina kaayaan darurat siga kieu, masarakat miharep réspon anu tegas ti pamaréntah, lain guyonan anu kawas ngahina. Pernyataan éta lain ukur gagal némbongkeun empati, tapi ogé nunjukkeun pajabat teu boga kamampuhan pikeun maca kaayaan sosial.
Dina komunikasi politik,sikep peka kana isu masarakat téh kacida pentingna. Henteu cukup mun saurang juru bicara ukur lancar cumarita, tapi kudu ogé ngarti akibat tina unggal kecap-kecapna. Réspon anu sembrono atawa sagawayah siga kieu bisa nganteurkeun gambaran yén pamaréntah henteu serius dina ngajaga kabébasan pers sarta malah ngantepkeun kajadian teror siga kieu.
Henteu ngan sakali ieu waé pajabat nagara henteu sénsitip kana isu anu serius. Aya kabiasaan di kalangan panguasa pikeun ngajempékeun masalah ku guyonan anu teu merenah. Padahal, dina sistem démokrasi, komunikasi lain saukur nepikeun informasi, tapi ogé pikeun ngawangun kapercayaan masarakat.
Saurang juru bicara kudu surti yén henteu sakabéh masalah bisa dijawab ku humor. Lamun ancaman ka pers waé dianggap enteng, kumaha atuh jeung ancaman ka masarakat lega? Kasalahan komunikasi siga kieu ngan ukur bakal ngarusak citra pamaréntahan sarta ningkatkeun henteuna kapercayaan masarakat.
Komunikasi anu goréng mangrupa cerminan tina sistem anu henteu siap nyanghareupan krisis. Lamun diantepkeun, kasalahan siga kieu bakal terus lumangsung. Pamaréntah kudu ngalakukeun évaluasi ngeunaan cara pajabatna komunikasi, utamana dina isu-isu anu patali jeung kapentingan masarakat.
Dina ahirna, komunikasi lain saukur perkara capetang cumarita, tapi ogé kumaha informasi penting bisa ditarima ku masarakat. Lamun saurang juru bicara henteu boga empati, éta mah lain panyambung sora pamaréntah, tapi ngan ukur panyalur sora diri sorangan anu teu boga rasa. Beh dituna meureun teu payus jadi pajabat pangangung nagara. *
* Budi Setiawan, paniten sosial-pulitik, kungsi jadi wartawan senior di ibu kota, alumni FISIP Universitas Padjadjaran Bandung, nganjrek di Kabupaten Subang, Jawa Barat.
Comments