Ku: Ridhazia
MEGAWATI jeung PDIP saenyana teu kudu kaewas nu ijigimbrang samar polah ngeunaan gelar kapahlawanan Soeharto. Leuwi hade mah ngajukeun wae gugatan ngarasa kebuiratan ka pangadilan.
Sabab kaputusan naon waé ngeunaan gelar kapahlawanan téh kabuka pikeun dibolaykeun. Sanajan kasempetan pikeun meunangkeun gugatan kana kaputusan Présidén Prabowo téh kacida leutikna.
Tinimbang meunang, anu aya mah bisa ngarugikeun partéy anu meunang pamilu 2024 éta. Salian ti eta kontroversi ngeunaan kapahlawanan Pak Harto ogé boga poténsi ngagerus rojongan publik ka PDIP dina taun 2029.
Administrasi jeung PTUN
Dina UU No. 20 Taun 2009 ngeunaan Gelar, Tanda Jasa, jeung Tanda Kaormatan ogé PP No. 35 Taun 2010, kabuka ruang pikeun ngabatalkeunana ngaliwatan mékanisme paninjauan deui di tingkat administratif jeung PTUN.
Kalayan catetan, lamun gugatan dilakukeun ngaliwatan mékanisme PTUN, maksimal diajukeun teu kénging ngaleuwihan 90 poé saprak Kaputusan Présidén diterbitkeun.
Jasa Pak Harto
Jasa Soeharto anu jadi pertimbangan dikukuhan salaku pahlawan nasional téh dumasar kana jasa-jasa militérna anu nyata jeung teu kabantah.
Jasa militér anu dimaksud nyaéta Serangan Umum 11 Maret 1949 di Yogyakarta jeung operasi pembébasan Irian Barat taun 1961.
Cindekna mah jasa kapahlawananna henteu saukur dina kapasitasna salaku Présidén kadua RI salila 32 taun anu pinuh kontroversi.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jueung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments