Kolom Sosial Politik

Insiden Ngaroko di Tanah Banten

0

Ku: Ridhazia

KAJADIAN ngarokok nu dilakukeun ku saurang siswa SMAN 1 Cimarga, Kabupaten Lebak, Banten,  jadi beja utama nu sumebar nepi ka viral. Utamana sanggeus aya kajadian kapala sakola neunggeul éta siswa nu katéwak keur ngarokok.

Léngkah éta ngabalukarkeun kira-kira 630 siswa mogok sakola dina 13 Oktober 2025, ditambahan deui ku ancaman ti para siswa pikeun ngusir kapala sakola.

Teu lila sanggeus éta, Gubernur Banten Andra Soni ngaréaksikeun kajadian éta kalawan ancaman bakal nganonaktipkeun kapala sakola éta.

Padahal kuduna gubernur sabar heula, nunggu hasil panalungtikan ti Badan Kepegawaian Daerah (BKD) ngeunaan PNS nu aya patalina, sangkan écés saha nu sabenerna salah.

Mihak

Léngkah gubernur Banten bisa disebut minangka tindakan nu mihak. Henteu kaasup kaputusan nu asak. Malah bisa disebut nyinggung rasa kaadilan pikeun para guru jeung kapala sakola.

Gubernur ogé bisa dianggap teu ngahargaan kana profesi guru sarta ngalemahkeun posisi kapala sakola di Banten.

Sakuduna, minangka pamingpin nu adil, gubernur ngajaga kasaimbangan, misalna ku cara sawala atawa rembugan antara kapala sakola jeung kolot murid, diuk  babarengan, sangkan bisa manggihan jalan kaluar anu hade.

Dipalaporkeun ka Pulisi

Kolot murid nu katéwak keur ngarokok di lingkungan sakola ayeuna ngalaporkeun kapala sakolana ka pulisi. Léngkah hukum éta dilakukeun dina Jumat (10/10/2025).

Padahal sabenerna, murid nu ngarokok di lingkungan sakola ogé bisa kénéh kena hukuman pidana denda, sabab éta tindakan ngalanggar hukum. Hukuman pangbeuratna bisa nepi ka denda maksimal Rp 50 juta.

Numutkeun Pasal 4 Peraturan Bersama Menteri Nomor 188 Taun 2011, lembaga atikan saperti sakola jeung kampus kaasup kana kawasan tanpa rokok jeung kudu bebas tina haseup rokok nepi ka wewengkon pangluarna.

Hayu waé urang tungguan we hasilna di pangadilan!*

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.