Ku: Ridhazia
SOSOK manusa nu sabenerna perkasa téh nyaéta indung. Utamana dina mangsa kakandungan jeung ngalahirkeun.
Henteu ngan ukur rasa nyeri jasmani anu hésé dicaritakeun ku kecap. Tapi ogé rasa beurat sacara psikologis anu luar biasa. Hiji pergulatan antara kaayaan batin, ingetan, jeung rasa sieun.
Dina Islam, rasa nyeri nu karandapan ku indung nalika kakandungan jeung ngalahirkeun digambarkeun ku frasa pondok tapi jero pisan, nyaéta “payah di luhur payah” (Luqman:14).
Rasa Nyeri
Élmu pangaweruh ogé ngajelaskeun yén tingkat rasa nyeri indung anu keur ngalaman kontraksi sarua jeung dua puluh tulang anu dipatahan sakaligus.
Leuwih-leuwih lamun indung ngalahirkeun orok lalaki. Sacara relatif leuwih beurat jeung leuwih nyiksa batan ngalahirkeun orok awéwé.
Tah kitu!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments