Kolom Sosial Politik

Icikibung Dina Hukum Primitif

0

Ku: Budi Setiawan

GRUP punk Sukatani ngadadak jadi pusat perhatian. Lain  kulantaran musikna anu luar biasa, tapi lantaran lagu anu judulna Bayar, Bayar, Bayar anu dianggap nyentil institusi kapolisian. Lirik lagu éta ngungkabkeun keresahan masyarakat ngeunaan pungutan liar anu siga geus jadi rahasia umum. Tapi, tibatan dijawab ku introspeksi, kapolisian malah ngaréspon ku cara khas rezim anu alergi kritik: intimidasi jeung maksa menta hampura.

Dua anggota band ahirna muncul di média sosial, tanpa topéng anu biasa dipaké, sarta nyampekeun paménta hampura ka Kapolri jeung institusi kapolisian. Maranéhna nyoba ngayakinkeun publik yén paménta hampura éta tina inisiatif sorangan. Tapi, saha waé anu hirup lila di Indonesia pasti nyaho yén paménta hampura saperti éta teu béda jeung murid anu dipaksa ngaku kasalahan di hareupeun kelas ku guru  galak (killer).

Dina nagara hukum anu séhat, kritik kudu dijawab ku perbaikan, lain ku penindasan. Tapi, di nagara ieu, hukum mindeng dijadikeun alat kakawasaan pikeun ngabungkem sora anu teu merenah di ceuli para penguasa. Kabébasan berekspresi anu dijamin konstitusi, dina praktikna, masih jadi hak istiméwa sabagéan leutik jalma. Lamun pejabat luhur ngaluarkeun kritik pedas, éta dianggap bagéan tina démokrasi. Tapi, lamun rakyat leutik anu nyarita, dadakan kabébasan éta robah jadi ancaman kana stabilitas.

Leuwih miris deui, pulisi ngarasa perlu ngungkabkeun idéntitas band anu saméméhna tampil maké topéng. Siga-sigana maranéhna téh kelompok kriminal anu kudu dikejar nepi ka tungtung dunya. Ironisna, loba kasus korupsi jeung kajahatan beurat malah nutupan beungeut palaku ku topéng jeung cadar. Naha ieu cerminan tina sistem hukum anu adil? Atawa ieu ngan conto anyar kumaha hukum fungsina siga palu godam pikeun anu lemah, tapi jadi bulu angsa pikeun anu kuat?

Anu kajadian ka band Sukatani sabenerna lain hal anyar. Ieu téh gejala hukum primitif anu masih kénéh aya di nagara ieu. Dina hukum primitif, kakawasaan leuwih diutamakeun tibatan kaadilan. Kritik lain dijawab ku arguméntasi, tapi ku paksaan. Saperti anu disebutkeun ku Montesquieu, “Di mana hukum réngsé, tirani dimimitian.”

Panglakuan saperti ieu lain ngan ngarugikeun individu anu kakeunaan dampakna, tapi ogé ngaruksak kapercayaan publik kana institusi anu sabenerna kudu ngajaga. Lamun kritik waé kudu dibungkem ku cara-cara represif, kumaha urang bisa ngaharepkeun aya kaadilan anu sajati?

Kapolri bisa waé mungkir yén Polri teu anti-kritik. Malah, aya wacana ngajadikeun Sukatani salaku Duta Polri—léngkah pencitraan anu ampir slapstick. Tapi publik teu bodo. Rakyat nyaho mana kritik anu dijawab ku perbaikan, jeung mana kritik anu dibungkem ku tangan besi.

Sabenerna, hukum anu alus teu kudu dipaksakeun ku intimidasi. Institusi anu kuat moal rubuh ngan kusabab kritik ti sakelompok musisi punk. Tapi, lamun aparat leuwih sibuk nindak lagu tibatan ngabenerkeun sistem, ulah nyalahkeun rakyat lamun beuki loba anu percaya yén hukum di nagara ieu memang masih jauh ti kecap modéren. Urang teu acan ngaléngkah ti jaman hukum primitif, di mana anu kuat sok bener, jeung anu lemah ngan bisa menta hampura.*

 * Budi Setiawan, paniten pasualan sosial pulitik, mantan jurnalis senior ibukota, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran Bandung, nganjrek di Purawakarta, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *