Kolom Sosial Politik

Gus Miftah: Ngarobah Ci Enteh Jadi Cimata

0

Ku: Herdiana

SundaNews (6-12-2024). Dina sababaraha poé ka tukang, dunya maya heboh ku pidato ti Gus Miftah dina hiji acara pangajian. Utusan Khusus Presiden Bidang Kerukunan Beragama dan Pembinaan Sarana Keagamaan Miftah Maulana Habiburrahman (Miftah) kungsi pidato. Miftah  ngomong “goblok” anu ditujukeun ka tukang dagang es teh. Hal ieu langsung jadi sorotan, utamina di media sosial, sabab loba nu nganggap kecap éta teu pantes diucapkeun ku tokoh agama samodel manehna.

Kasang Tukang Kajadian

Kajadian ieu dimimitian nalika  Miftah  ceramah ngeunaan pentingna kahirupan anu lempeng tur bener. Dina salah sahiji bagian pidatonana, inyana ngagunakeun istilah “goblok” bari nembongkeun conto tukang dagang es teh anu. Dina anggapan manehna, teu ngarti pentingna usaha anu halal jeung berkah.

Istilah ieu diterangkeun salaku bagian tina cara nepikeun pidato anu spontan jeung langsung.

Leupas tina tujuan  Miftah, tukang dagang es teh, paromana langsung robah, geuneuk bangun nyeri hate, ngarasa tunggara ku ucapan gus Miftah.  Sok sanajan tujuana heureuy atawa metofora (make istilah sabagian netizen mah), sigana mun teu era mah hayang ngaragrageun cimata.

Reaksi Ti Masarakat

Reaksi ti masyarakat béda-béda. Sababaraha jalma ngarojong  Miftah jeung ngajelaskeun yén kecap “goblok” éta ngan saukur metafora atawa cara pikeun nguatkeun pesen ceramah. Tapi, loba ogé anu nganggap yén éta mah teu sopan, utamana lamun diucapkeun di hareupeun jamaah pangajian.

“Henteu pantes hiji ulama nyarita kitu, sanajan maksudna alus,” ceuk salah sahiji netizen dina kolom komentar. Lian ti éta, loba anu nembongkeun kritik yén tokoh agama kudu langkung ati-ati dina milih kecap, sabab unggal ucapanana bakal ditiru ku jamaahna.

Klarifikasi Ti Miftah

Sanggeus kritik budal ti loba jalma, Miftah langsung méré klarifikasi. Dina pidato anu satuluyna,  Miftah ngajelaskeun yén kecap éta dipaké pikeun ngadugikeun pesen anu leuwih teges. “Kuring teu boga maksud ngajejeleh saha waé, ieu ngan saukur istilah pikeun ngagambarkeun pentingna usaha anu jujur,” ceuk Miftah.

Sanajan kitu, Miftah ogé menta hampura ka pihak-pihak anu ngarasa teu tumaninah  ku mongan anu diucapkeunana. Bari nyaritakeun yen beres pangajian, anjeuna langsung ditegor ku seskab sasatna Mayor Teddy Indra Wijaya.

Ibroh Keur Urang Dumasar Jurnalisme Multiplatform

Kajadian ieu nuduhkeun kumaha pentingna komunikasi anu hade, hususna ti tokoh anu jadi panutan masarakat. Basa anu dipaké kudu diperhatikeun supaya teu nyinggung perasaan pihak séjén. Sok komo, kajadian ieu diliput ku media online anu balukarna bakal loba jalma anu nempo. Sabalikna, salaku masarakat, urang ogé kudu bijaksana dina nghartikeun maksud anu ditepikeun ku batur.

Patali jeung kasus  Miftah  ngomong”goblok” ogé bisa dianalisis dina konteks jurnalisme multiplatform.  Kasus ieu viral utamana ngaliwatan média sosial, anu nuduhkeun kumaha warta bisa sumebar kalayan gancang ngalangkungan platform saperti Instagram, Twitter, sareng YouTube.

Wartawan jeung médium média ayeuna kudu nyiptakeun kontén anu cocog pikeun unggal platform, contona tulisan ringkes pikeun Twitter, video pidato keur YouTube, atawa analisis leuwih jero pikeun blog atawa website.

Interaksi jeung Audiens

Ku ayana jurnalisme multiplatform, média tiasa langsung komunikasi jeung  pamiarsa ngaliwatan kolom komentar atawa live streaming. Reaksi masarakat ka pidato Miftah anu dibahas dina tulisan ieu bisa dijadikeun bagian berita interaktif dina média sosial, ngalibatkeun pamaca pikeun nyumbangkeun opini.

Pengolahan Konten Multimedia

Kasus ieu bisa diposting ngagunakeun format anu variatif dina multiplatform. Contona, wartawan bisa ngagunakeu video.  Bagian tina pidato Miftah dijadikeun klip pondok  pikeun ngadukung tulisan atawa wawancara.  Grafik: statistik ngeunaan réaksi masyarakat dina média sosial.  Podcast: diskusi ngeunaan pidato kontroversial sareng dampakna dina masyarakat.

Bisa oge ngaliwatan cross-promotion.  Médium multiplatform ngidinan warta ngeunaan  Miftah disebarkeun dina sababaraha jalur pikeun ngahontal audiens anu béda-béda. Tulisan bisa dicutat dina situs berita utama, diringkes dina Twitter, sarta dipidangkeun salaku video dina TikTok atawa Instagram.

Akselerasi versus akurasi.  Wartawan dina multiplatform sering kapaksa bersaing pikeun nyebarkeun warta kalayan gancang, tapi kudu tetep ngajaga akurasi. Kasus  Miftah nuduhkeun pentingna tabayun fakta, utamana  nalika pernyataan atawa  istilah anu kontroversial dipaké. Artikel ieu bisa  diperluas pikeun ngeksplorasi kumaha médium jurnalistik ayeuna adaptasi kana pola konsumsi berita anu gancang, interaktif, sarta   multiplatform.

Kusabab kitu, alam maya atawa alam nyata brehna mah sarua bae, ucap, lampah, paripolah kudu dijaga. Ngan dina zaman digital kiwari mah, tisoledatna letah jeung tikusrukna laku utamana tokoh publik, matak geunjleung saalam dunya. Contona bae, salah sahiji akun maenbal Manchester United nepika ngaposting yen nyuhun piala teh sarua mulyana jeung nyunyuhun dagangan es teh.

Basa teu beda jeung haseup, lamun geus pok diomongkeun teu bisa dibetot deui siga kenur langlayangan. Sakumaha pentingna basa, sikap silih hampura ogé perlu dijaga. Muga-muga kajadian ieu jadi pelajaran pikeun sarerea, boh keur tokoh agama boh keur masarakat. Ihfad lisaanaka (raksa letah anjeun). *

            *Herdiana,  Sekjen IKA Institut Agama Islam Persis Bandung nu keur ngahanca nyusun tesis S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI)  Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *