Kolom Sosial Politik

Gehgeran

0

Ku: Ronaz

 Géhgéran, hiji kecap dina basa Sunda nu nunjukkeun  kalakuan jelema nu sok tuturuti bari kadang teu mikir panjang, naon nu diturutana jeung naon balukarna mun nurutan. Géhgéran, mirip jeung istilah kiwari nyaeta FOMO, singkatan ti basa Inggris fear of missing out, nu ngandung harti sieun katinggaleun ku batur. Katinggaleun dina sagala widang, utamana informasi jeung kahirupan sosial.

Duka kumaha, Indonesia kapeunteun bangsa nu géhgéran, babari kapangaruhan hayang siga batur, kalakuan sosialna kumaha usum. Baheula usum ngadu atawa judi, der jarudi di mana-mana. Usum duit Soekarno jeung Brazil der nareangan duit Soekarno jeung Brazil, teu sirikna poho ka anak jeung pamajikan. Usum batu akik, géhgér nareangan jeung nyieun batu akik, teu sirikna batu ti walungan oge di asah nepi ka herang, laku dijual oge dibareulian. Usum bonsai, kembang gelombang cinta nepi ka janda bolong, atuh mahabu jelema nu naréangan kembang tur di jarualan majarkeun aya nu hargana nepi karatusan juta.

Ayeuna rame viral aya koin jagat, kitu deui bangsa urang géhgér nepi ka angka 5 juta nu nga-download eta aplikasi. Rame nareangan koin perunggu, perak jeung emas nu diawur kunu nyieun aplikasi. Mun kapanggih hargana beda-beda aya nu tilu ratus rebu nepi ka saratus juta. Puguh wae di Bandung, pamaremtah kota (pemkot) riweuh sabab taman-taman raruksak ku lobana jelema nu neangan koin jagat. Barudak nu kudu sakola, cul teu sakola oge. Nu daragang cul kana pakasabana, geus puguh nu ngalanggur mah, kasempetan daripada ngalamun majarkeun teh.

Tetela bangsa urang teh boga kabiasaan géhgéran, komo lamun dibibita ku hadiah nu antukna panjang lamunan, ngudag ngudag kalangkang heulang bari rame kunu teu puguh. Antukna kabobodo tenjo, ceuk kolot baheula mah kadituna “melak lamun dina sugan”, tangkalna jigana, dauna meureun, buahna duka teuing. Hartina ngagugulung nu teu aya mangpaatna.

Pikeun urang Sunda diajarkeun ulah sok géhgéran, mun rek naon-naon kudu dibeuweng diutahkeun, landung kandungan laer aisan malah paribasa tur nasehat nu payus pisan pikeun urang Sunda malah keur bangsa Indonesia sakumna nyaeta: Sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana nu hartina sing asak-asakn nya nénjo bisi kaduhung akhirna. Paribasa ieu teh negeskeun yén urang ulah géhgéran sagawayah FOMO, tuturut munding nutur-nutur trénd anu teu puguh. Boh budaya sok komo agama teu ngajarkeun gehgeran sok sanajan kanyataan na loba jelma nu géhgéran.

Dina agama Islam, Alloh ngadawuh: “Jeung poma maneh ulah tuturut kana saniskara anu maneh henteuu boga pangaweruh perkara eta, karana saestuna pangdenge, panenjo katut hate teh kabehanana oge bakal dipariksa. (Q.S. Al-Isra ayat 36). Kukituna, geus sakuduna urang asak jeujeuhan dina nyanghareupan kahirupan kiwari anu kacida tarik parobahanana, sok komo ayeuna di zaman digital hésé ngabédakeun mana nu bener jeung mana nu salah. Saeutik meléng tur ngalamun kabobodo ku informasi teu paruguh bakal picilakeun, kadituna panjang lamunan, boga pamadegan kumaha engké lain engké kumaha.*

*  Ronaz,  Ketua Program Studi Pengembangan Masyarakat Islam (Islamic Community Development) Fakultas Dakwah jeung Komunikasi (FDK) UIN Sunan Gunung Djati Bandung, pembimbing Khalifah Tour Bandung  jeung Ketua Bidang I Pimpinan Wilayah Mathla’ul Anwar Propinsi Jawa Bara, nganjrek di Bandung.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *