Ku: Ridhazia
TONG disebut Donald Trump lamun henteu nyieun geger di dunya ieu. Sababaraha nagara, kaasup Indonesia, dilaporkeun kaguncang sanggeus Présidén Amérika Sarikat netepkeun tarif resiprokal nu nyekek.
Kabijakan tarif resiprokal — nu hartina tarif balesan — nu dijieun ku pulitikus ti Partéy Républik ieu boga poténsi nyababkeun résési ékonomi dunya lantaran bisa ngurangan ékspor ka nagara adidaya.
Teu mustahil akibat kabijakan kontroversial éta, sababaraha nagara bakal nyanghareupan gelombangpemutusan hubungan kerja (PHK). Utamana PHK dina pausahaan otomotif, éléktronik, jeung tékstil anu produknana diekspor ka Amérika Sarikat.
Krisis Amérika Sarikat
Kabijakan Amérika Sarikat ieu sabenerna dijalankeun pikeun nyalametkeun nagara éta tina résési.
Ku ayana tarif resiprokal, Présidén Donald Trump bisa ngahasilkeun tambahan pajeg taunan ogé nguatkeun rohangan fiskal pikeun ngahirupkeun kagiatan bisnis jeung ngurangan angka pangangguran.
Saha Donald Trump?
Salain sok digambarkeun minangka pulitikus populis nu kacida nasionalisna, anjeunna téh hiji pamingpin proteksionis nu satia tur ngabela nagarana kalawan lengkep.
Sanajan kitu, para akademisi jeung sajarawan di nagri Paman Sam nganggap yén Trump téh salah sahiji présidén panggoréngna dina sajarah Amérika.
Dina catetan média Amérika Sarikat, Donald Trump nu tumuwuh salaku pangusaha, geus aub dina leuwih ti 4.000 perkara hukum di pangadilan.
Malah dina taun 2024, saurang hakim di New York nyatakeun yén Trump téh tersangka dina 34 dakwaan kajahatan alatan geus malurkeun catetan bisnis.
Ku kituna, Trump jadi présidén AS kahiji anu dihukum panjara alatan kajahatan, sanggeus nyanghareupan 54 dakwaan kajahatan.
Sabab hirup di nagara nu liberal murni, éta kasus-kasus pidana nu ngajebloskeun anjeunna ka panjara malah nimbulkeun simpati ti masarakat, nepi ka anjeunna kapilih deui jadi Présidén taun 2025.
Padahal saméméhna, Trump hiji-hijina présidén Amérika anu kungsi dua kali dimakzulkan. Kakuatan mesin partéy ngajadikeun anjeunna salamet tina badai pulitik. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments