Kolom Sosial Politik

Efisiensi Pikeun Bangsa Walagri?

0

Ku: Enok Risdayah

EPISIENSI  kiwari mangrupa  kecap anu keur  ngajomantara, maceuh meuweuh lir malati mangsana ligar, seungit nyengsrem nyabuana sawatara jagat. Seungitna malati mudah-mudahan nyanding dina diri épisiénsi. Sajatina épisiénsi téh ngandung harti, meureut kabutuh, nyangcang kahayang, nu sok seueur norowéco dina dada, ngait dina ati, muter dina pikir. Mungguhing jalma, salami hirup tangtos pinuh ku pangabutuh, réa paneja.

Dina kahirupan urang Sunda, polah épisiénsi sanés barang anyar, ti baheulage  geus aya ugeranana. Écés katémbong dina paribasa: hayam ka sakandang bébék ka sawah, ngadagoan cikur tutung, teu meunang miceun béas ka leuweung, tong dibéakkeun saméméh asak, ulah sok boros kawas cai na kalapa, sareng sajabina.

Éta sakabeh pepeling nuduhkeun yén hirup kudu hémat (épisiénsi). Tina hémat ka dituna basajan, dahar tamba lapar, nginum tamba hanaang, ulah kaleuleuwihi. Cindekna sagala rupa sawajarna, teu ludu di aya-aya. Rada beda ti biasana, tina sasari,  aya kamonésan ti barudak ngora ayeuna, hal positip anu perlu  diaprésiasi ku sakabeh, muncul istilah You Only Need Only (YONO)).

Ieu generasi ngawitan sadar, pentingna hirup basajan  atawa sederhana, biasana barangbeuli nurutkeun kahayang, ayeuna mah kudu nurutkeun  kabutuhan. Sederhana, contona, nua biasana meuli baju harga sajuta, tapi ayeuna mah  dicukupkeun saratus rébu. Nu diestukeun tina pakean teh pungsina lain gensi.  Pungsi sajatina nutupan orat numutkeun agama, miceun katiris atawa  kapanas numutkeun darigamana.

Dina prak-prakanana, épisiénsi memang teu gampang.  Ngan ieu téh mangrupa tarékah sangkan bangsa walagri. Mimiti dikokojoan ku Instruksi Presiden (Inpres) No. I taun 2025, ngeunaan kawijakan nagara dina balanja kabutuhanana. Nu teu penting ulah dibeuli, nu saeutik mangpaatna teu kudu diropéa.

Para inohong luhur nu biasa cilingcingcat ka luar nagri, bari ngagunakeun waragad nagara, ayeuna mah teu biasa  laluasa deui, pon kitu para pangagung, nu biasa cicing dipirig hiliwirna angin, wéyahna ayeuna mah kedah ngalaman kahareudangan.

Rempugjukung sauyunan, pamaréntah nyontoan, para inohong/ pangagung ngaluluguan, barudak ngora icikibung, masarakat sapuk sapamadegan. Silih asah ku kanyaah, silih asih ku pangarti, silih asuh ku piwuruk. Katingali walagrina negeri pikeun mangsa anu bakal datang, sok sanajan karék harepan jeung impian.

Walagri ngandung harti, kaayaan subur ma’mur, gemah ripah loh jinawi, kaayaan ayem tengtrem, jirim jisim bagja walatra. Rasa percaya jeung dipercaya tumuwuh sirungan deui, pamingpin nyaah ka rahayatna, nya kitu deui rahayat ajrih-asih ka pamingpina.

Hémat, basajan, mangrupa  tuntunan dina agama Islam. Rosululloh salaku panutan, teu kendat maparin teladan, sakumaha nu diunggelkeun dina hadits: taruang leueut aranjeun, aranggo raksukan, bari pék sidekah, tapi ulah kaleuleuwihi tur dibarengan rasa ujub. (HR. An-Nasai). Dina sadidintena, Rosul mah upami tuang, cekap ngaganjel patuangan ku korma sareng cai hérang, upami abdas tetep ngirit cai, sok sanaos caina seueur, sareng conto sanesna.

Sok sanajan loba kahariwang, harepan manjang, sugan jaga pinanggih bagja, anak incu tumuwuh nanjung, ngaraksa, ngaropéa bangsa ku dasar agama kalayan teu mopohokeun darigama.*

* Enok Risdayah, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, Ketua Majelis Taklim Masjid Kampus I UIN SGD  Cibiru Bandung, Sekretaris Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (KPI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Jatinangor, Sumedang, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *