Ku: Ridhazia
SANAJAN sapopoé biasa dahar loba jeung rutin tilu kali sapoé, naha nalika puasa bisa kuat nahan lapar jeung halabhab ti isuk nepi ka soré? Kitu ogé anu karandapan ku dua incu skuring anu masih kénéh sakola dasar.
Samalah, kolot abdi anu geus sepuh ogé sanggup nahan “gangguan” tina dahar jeung nginum ti wanci janari nepi ka sore.
Ayeuna giliran kuring anu beuki ngolotan, tetep istiqomah puasa nepi ka magrib dina sababaraha taun ka tukang.
Studi Psikologi
Studi psikologi ngajelaskeun yén kakuatan luar biasa dina puasa téh disangga ku tilu faktor anu raket patalina, nyaéta efikasi diri, efikasi kontrol, jeung reward.
Efikasi diri hartina kapercayaan kana kamampuhan diri pikeun ngalaksanakeun hiji hal.
Efikasi kontrol nyaéta kadali diri pikeun ngatur jeung nunjukkeun arah supaya bisa ngahontal niat anu geus diucapkeun.
Reward nyaéta panghargaan ka diri sorangan, kawas hadiah anu masihan rasa reujeung kasugemaan sanggeus hasil ngalaksanakeun niat.
Katilu faktor éta nunjukkeun yén puasa henteu ngan ukur ngeunaan agama jeung kayakinan wungkul, tapi ogé miboga fungsi pikeun ngajaga diri tina stres, kahariwang, jeung depresi.
Samalah, puasa ogé bisa ningkatkeun konsentrasi jeung kecerdasan pikiran, serentak jeung ketenangan batin, anu dina tungtungna bisa ngaleungitkeun simptom psikologis.
Dina psikologi, simptom téh gejala anu dialaman ku hiji jalma tina gangguan psikosomatik, di antarana:
Somatisasi, nyaéta kaayaan dimana jalma ngarasa boga gejala kasakit fisik, tapi teu kapanggih panyakit anu jelas.
Siklotimik, nyaéta gangguan méntal anu ditandaan ku parobahan suasana hati sacara drastis.
Puasa henteu ngan ukur latihan spiritual, tapi ogé jadi cara alami pikeun ngajaga kaséhatan méntal jeung fisik. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments