Ku: Ridhazia
Mohammad Hatta atawa Bung Hatta mundur tina jabatanna minangka Wakil Présidén RI pas tanggal 1 Désémber 1956.
Soekarno-Hatta anu kungsi disebut Dwitunggal ukur bisa bertahan salila 11 taun. Dua pulitikawan legendaris ti jaman pra kamerdékaan Indonésia ahirna pegat kongsi taun 1956.
Ti harita Bung Karno ngaléngkah sorangan minangka Présidén nepi ka masa peralihan kakawasaan ti Orde Lama ka Orde Baru.
Surat pangunduran diri Bung Hatta nu kahiji dikintunkeun ngaliwatan DPR taun 1955 henteu aya jawaban. Surat kadua pangunduran diri taun 1956 kakara dikabulkeun.
Beda Pandangan
Dina autobiografi “Bung Karno Penyambung Lidah Rakyat” dijéntrékeun yén orientasi pulitik Soekarno-Hatta sok béda. Sarua kénéh ti mimiti taun 1920-an.
Puncak béda pamadegan mucunghul sanggeus kamerdékaan. Bung Hatta salaku waprés henteu deui sajalan jeung Bung Karno. Mangsa harita ngeunaan sistem Kabinet Parlementer, mangsa peran waprés geus teu diperlukeun deui.
Pasualan antara Bung Hatta jeung Bung Karno téh pisan prinsipiil sabab dasar-dasar pamikiran duanana silih bentrok. Salian ti sipat, karakter, jeung gaya kapamingpinan anu béda ogé.
Usul Oto Iskandardinata
Sajarah nyatet sapoé sanggeusna maca Proklamasi Kamerdékaan ku Soekarno jeung Mohammad Hatta, Panitia Persiapan Kamerdékaan Indonésia (PPKI) ngayakeun sidang di gedong Volksraad (ayeuna Gedong Pancasila) di Jalan Pejambon Jakarta.
Dina sidang PPKI éta sacara aklamasi ngangkat Soekarno jeung Mohammad Hatta jadi Présidén-Wakil Présidén Républik Indonésia.
Usulan ngangkat Soekarno-Hatta téh dikedalkeun ku Otto Iskandardinata, Si Jalak Harupat ti Tatar Sunda, sarta disatujuan sacara aklamasi ku sakumna peserta rapat.
Pegat ti Mangsa RIS
Soekarno tanpa Hatta dina jabatan présidén kungsi kajadian nalika Indonésia jadi RIS (Républik Indonésia SériKat) dina periode 27 Désémber 1949 nepi ka 17 Agustus 1950.
Mangsa éta Soekarno ngajabat présidén RIS, sedengkeun Mohammad Hatta ngajabat perdana menteri.
Sanggeus RIS dibubarkeun, Indonésia balik deui jadi Nagara Kesatuan Républik Indonésia (NKRI). Soekarno deui ngajabat présidén, tapi mangsa harita babarengan deui jeung Hatta minangka wakil présidén.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments