Kolom Sosial Politik

Distorsi Kognitif

0

 

Ku: Ridhazia

KABIASAAN  mikir nu bias jeung teu akurat bisa micu kaayaan depresi. Ieu mangrupa risiko nu sok karandapan ku jalma nu kapeg ku distorsi kognitif.

Pikeun maranéhna, sagalana sok dibagi dua dina logika kutub ekstrim: bener-salah, hade-goréng, hasil-gagal. Hésé pikeun narima yén masalah miboga rupa-rupa nuansa jeung kompleksitas, sanajan keur milih narasi wungkul.

Distorsi Kognitif

Dina ulikan psikologi, pola mikir nu saperti  kitu disebut keur ngalaman distorsi kognitif.

Cara mikir nu terus-terusan dipake ieu asalna tina gagalna jalma dina nyusun atawa ngawangun pamikiran sorangan. Nepika ningali ka diri sorangan gé lepat jeung teu akurat.

Gangguan Psikopati

Sanajan kecap “psikopat” henteu kacantum dina buku diagnosis kasakit jiwa sacara resmi, loba ahli nu maké istilah éta pikeun ngajelaskeun jalma nu boga kacenderungan distorsi kognitif salaku bagian tina gejala gangguan psikopati.

Para panalungtik ogé manggihan hubungan antara distorsi kognitif jeung kurnia kapinteran otak nu antukna nyieun paripolah arogansi. Kapercayaan diri nu kaleuleuwihi jeung egois.

Pandangan nu kaleuleuwihi kana diri sorangan sok dibarengan ku kabiasaan ngahina atawa nganggap enteng batur. Hésé pisan ningali kana fakta nu obyektif.

Gejala distorsi kognitif téh kabentuk tina kabiasaan. Di antarana henteu nunjukkeun rasa salah jeung henteu robah sanajan geus meunang hukuman.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.