Ku: Kin Sanubary
Judul Film: Romi Jeung Juli
Sutradara
Has Manan
Produser
Sabirin Kasdani
Para Pamaen
Rano Karno
Yessy Gusman
Soekarno M. Noor
Dicky Zulkarnaen
Sophan Sophiaan
Widyawati
Ami Prijono
Mila Karmila
Pangatur musik
Idris Sardi
Sinématografi
Sjamsuddin Jusuf
Redaktur
Cassim Abbas
Taun Rilis
1974
- Romi (Rano Karno) nyaéta babaturan SMP Juli (Yessy Gusman). Bujang jeung mojang nu kasep jeung nu geulis ieu teh horeng murag asih saling mikacinta. Tapi kaasih tali cinta Romi jeung Yuli ieu, nyatana mah dihalangan ku kolotna masing-masing, nyaéta Sabar (Sukarno M. Noor) jeung Komar (Dicky Zulkarnaen).
- Romi jeung Juli satuju kabur ti imah. Minggat. Salila kolotna teu nyatujuan kana polahna, Romi jeung Juli tungtungna mah ngahaja nyumput dina hiji guha nu suni. Dicaritakeun saterusna Romi katarajang panyakit, atuh brek weh gering. Atuh Juli daek teu daek kudu ubar-iber ka ditu ka dieu neangan ubar.
* Kulantaran geus lila Romi jeung Juli teu pernah ngulampreng deui ka imahna masing-masing, kolot Romi jeung kolot Juli, antukna mah leah. Eleh deet. Nya tungtungna mah kapaksa kudu kukurusukan aprak-aprakan neangan Romi jeung Juli.
*Kin Sanubary, kolektor, pupuhu sarta pangalola Imah Media Lawas, aktivis pagelaran seni panggung muusik teater jeung film, dumuk di Tanjungwangi Kabupaten Subang, Jawa Barat.
Comments