Ku: Kin Sanubary
SundaNews (15-11-2024). KURING ngarasa kacida bungahna tur reueus ku medalna SundaNews.id. Mugia wae sing apanjang apunjung, malah beh dituna bisa nanjeur ka jomantara, Dipiwanoh jeung dipikadeudeuh ku sakumna pamaca di sakuliah dunya.
Media daring (online) ieu lain ngan ukur ngaramekeun bacaan dina wanda digital, tapi ogé mangrupa wahana kangge ngamumule basa Sunda jeung ngalestarikeun pers Sunda di Indonésia.
Salaku salah sahiji média Sunda anu bakalan makalangan, SundaNews.id pikeun kahareupna bisa maénkeun peran penting dina pers Sunda. Atuh sugan we bisa ngubaran masarakat nu ngagunakeun basa indung basa Sunda. Beh dituna ngarasa sono jeung mikaresep kana bacaan Sunda. Bacaan Sunda sing viral deui, ulah kadeseh ku bacaan deungeun.
Tokoh atawa inohong basa Sunda Abdullah Mustappa, dina salah sahiji artikelna nyebutkeun yen sajumlah média citak Sunda geus ngaramekeun dunya pers saméméhna, ti mimiti jaman prakamerdekaan Indonesia saperti Sunda Almanak (1894), Panemu Guru (1906). Sanajan kitu, dina mangsa kolonial Jepang, média citak basa Sunda ngalaman kamunduran, malah teu aya anu diterbitkeun dina mangsa pamaréntahan Jepang mah.
Teu aya média citak Sunda anu diterbitkeun nalika Jepang ngawasa. Pamaréntah militér Jepang ngalarang ngagunakeun basa Walanda ogé ngagunakeun basa Sunda. Sanggeus Indonésia merdéka dina taun 1945, média citak Sunda diterbitkeun deui sarta ngalaman periode kamulyaan dina taun 1950-1970-an.
Aya puluhan média citak Sunda anu terbit jeung medar, di antarana: Pajajaran (1949), Panghegar (1952), Warga (1954), Candra (1954), Kiwari (1957), Mangle (1957) Sari (1963) Sangkuriang (1964).) Campaka (1965), Kutawaringin (1966), Baranangsiang (1966), Pelet (1966).
Sanggeus Indonésia merdéka, média citak Sunda mekar deui sarta ngalaman jaman kaemasan dina taun 1950-1970-an. Rupa-rupa majalah jeung koran basa Sunda muncul.
Ayeuna, média citak anu masih terbit nyaéta Mangle sareng Galura. Saméméhna aya Cupumanik, Seni Budaya, Ujung Galuh, Sunda Midang, Bina Da’wah, Iber, Balebat, Hanjuang Bodas, Logay, Panggugah, Sampurasun, Sipatahunan, Kudjang, Giwangkara oge Majalah Cakakak.
Ngaliwatan moméntum medalna SundaNews.id dipiharep bisa ngahirupkeun deui sumanget penerbitan basa Sunda anu ampir punah.
Mugia média massa digital kasundaan ieu nu diparajian ku para tokoh Sunda nu miboga kanyaah ka budaya Sunda, para jurnalis senior nu janten ais pangapih saperti Karno Kartadibrata, AS Haris Sumadiria, Darajat Wibawa jeung Askurifai Baksin mugia dipaparin kasehatan tur kawaluyaan dina ngasuh media daring SundaNews.id ieu.
Mugia SundaNews.id bisa jadi salah sahiji wadah pikeun ngajaga jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda tur bisa ngalestarikeun bahasa Sunda.
SundaNews.id mangrupa bukti anu eces yén ayana pers basa daérah masih boga tempat anu penting dina ngajaga jeung mekarkeun kabeungharan budaya bangsa. Sundanews.id tiasa ngamumule budaya sareng bahasa Sunda. Prung ah!
Kin Sanubary, kolektor, pupuhu Rumah Media Lawas, aktivis seni panggung musik film katut teater, panarima Penghargaan PWI Jawa Barat 2023 kategori pelestari media massa nasional, nganjrek di Kabupaten Subang, Jawa Barat.
Comments