Kolom Media Lawas

Romantisna Nongton Film Gita Cinta Dari SMA

0

Oleh Kin Sanubary

Gita Cinta dari SMA nyaéta pilem Indonésia anu diproduksi taun 1979 besutan sutradara Arizal kalayan palaku utama di antarana Rano Karno, Yessi Gusman, Ade Irawan, jeung Adisoerya Abdi.

Pilem ieu disutradaraan ku Arizal sareng Tommy Indra nu jadi produserna.
Skenario carita ditulis ku Eddy D Iskandar meunang ngadaptasi ti salah sahiji buku novel karangan anjeunna.

Nu jadi  bentang pilem utamana nyaeta pasangan kameumeut paramitra, Rano Karno jeung Yessi Gusman. Dirojong ku para para pamaen pilem sejenna saperti : Ade Irawan, Adisoerya Abdi, Arie Kusmiran, Doddy Sukma, Junaedy Salad, Lisa Dona,
Pong Hardjatmo, Rizal Nurdin, Yati Surachman jeung Sherly Malinton.

Music arranger ku
Kemal Redha sareng
Muhammad Guruh Irianto Soekarnoputra ti Swara Mahardhikka.
Sinématografi ku Harry Susanto sareng editor pilem ku Benny MS, B.
Pilem ieu diedarkeun ku
Tilu Mutiara Sinar Film.
Gita Cinta ti SMA ieu dirilis taun 1979 lajeng diréproduksi ku Monty Tiwa, dina taun 2023.

Pilem ieu nyaritakeun kisah cinta dua murid SMA, nyaéta Galih (Rano Karno) jeung Ratna (Yessi Gusman). Duanana jadi béntang kelas, boh dina studi, olahraga jeung tatakrama. Bisa oge disebatkeun duanana  teh katelah jadi murid tauladan. Hanjakal, kisah asmara pasangan ieu teu jadi kanyataan sabab bapana Ratna, etnis Jawa, teu satuju kana hubungan putrana jeung Galih, nu asalna ti etnis Sunda.

Kolotna geus  ngajodokeun Ratna ka mahasiswa anu keur nyuprih kuliah di Universitas Gadjah Mada. Kalayan sagala jinis paksaan, cintana rusak. Tapi, alatan bantuan adina Ratna jeung babaturan sakelasna, maranéhna sok cicing-cicing papanggih.

Dina peuting pipisahan, sakola ngumumkeun yén Galih sareng Ratna jadi murid pinunjul  panghadena. Kanyaahna kudu papisah lantaran Ratna nuluykeun kuliah di Yogyakarta. Ringkesan carita kenging ti Wikipedia.

Numutkeun poster pilem, pilem ieu diputer di bioskop Basuki Jombang jeung  bioskop Ria Jombang kaping 3 nepi ka 9 Januari 1980,  harga tiketna Rp  250.

Poster pilem ieu koléksi Mas Agus Wahyudi nu dumuk di Soreang, Kabupaten Bandung. *

  * Kin Sanubary, kolektor, pupuhu jeung pengalola Rumah Media Lawas, aktivis pertunjukan seni musik film jeung teater, nganjrek di Kabupaten Subang, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *