Ku: Ridhazia
DANA aspirasi anu dibayar kana kantong anggota DPR mencuat deui ka ruang publik sanggeus heboh para wakil rakyat “terhormat” meunang jatah duit kontrak imah Rp 50 juta sabulan.
Kitu deui basa rame diadurenyomkeun publik ngeunaan panghasilan pribadi para wakil rakyat nu dikisaran Rp 65 juta sabulan tanpa potongan pajeg.
Ala Krisdayanti
Krisdayanti anggota Komisi IX DPR waktu harita taun 2021 ngaku nampa dana aspirasi Rp 450 juta pertahun. Teu kaasup dana reses Rp 140 juta anu dibayar 8 kali.
“Dana reses Rp 140 juta. Éta 8 kali sataun,” ceuk Diva Krisdayanti, anggota fraksi PDIP basa ngobrol di YouTube Akbar Faizal dina Salasa (14/9/2021).
Duit nagara sakitu lobana ditransfer ku pamaréntah ka rekening wakil rakyat. Coba wungkul itung sorangan. Angkana kacida fantastisna. Nepi ka 5 miliar rupiah.
“Éta memang wajib keur urang. Ngaran ogé duit nagara. Dana aspirasi téh Rp 450 juta, lima kali sataun,” ceuk artis populér ti Fraksi PDIP ka wartawan.
Gerah jeung Mabantah
Layakna pulitik, lamun can berkilah tacan sampurna. Henteu iwal Wakil Ketua DPR RI (2014-2019) Fahri Hamzah harita ogé ngedalkeun sora ngeunaan dana aspirasi.
Dina prinsipna, téori dana aspirasi téh memang aya di loba nagara. Tapi dana aspirasi lain duit anu dicekel ku anggota DPR.
“Dana téh kudu dicekel ku eksekutif. Anggota DPR ngan ukur boga hak rekomendasi pikeun daerah pamilihanana anu rék dibantu,” ceuk Fahri Hamzah ka wartawan, Rebo (15/9/2021).
Pasal 80 hurup J UU MD3 nétélakeun, “Anggota DPR boga hak pikeun ngusulkeun jeung memperjuangkeun pembangunan daerah pamilihan.” Ieu pasal nu dijadikeun dasar tina dana aspirasi. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis dan kolumnis, pemerhati psikolog dan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments