Ku: Ridhazia
“Ngan ka Bandung kuring mulang ka cinta kuring nu saéstuna.” Hanya cinta Bandung yang sesungguhnya.
Éta téh kecap haté Soekarno ngeunaan Bandung. Pikeun Sang Proklamator, Bandung lain saukur kota, tapi mangsa kaliwat anu pinuh ku tapak lacak kahirupan.
Hiji sentimentalitas ngeunaan balikna waktu nu geus kaliwat.
ITB jeung Panjara
Bandung jadi saksi lalampahan intelektual jeung perjuanganana. Anjeunna kungsi nyuprih élmu di Technische Hoogeschool—ayeuna katelah Institut Teknologi Bandung—nepi ka jadi insinyur pribumi kahiji taun 1926.
Sanajan kitu, Bandung ogé nyimpen carita getir. Anjeunna kungsi diadili di Landraad—ayeuna jadi Gedung Indonesia Menggugat—alatan kagiatanana minangka aktivis politik. Soekarno ogé kungsi ngarasakeun sumpegna rohangan panjara di Penjara Banceuy jeung Penjara Sukamiskin.
Bandung lain ngan ukur kota élmu, tapi ogé kota perjuangan.
Cinta Inggit
Bandung pikeun Soekarno ogé mangrupa carita asmara. Di dieu anjeunna murag asih ka randa, Inggit Garnasih. Harita, Soekarno keur jadi mahasiswa ngora, ngekos di imah Inggit di Jalan Ciateul No. 8, Bandung.
Ti imah éta, Soekarno jeung rerencanganana remen ngayakeun pasamoan jeung diskusi politik. Ti dinya lahir hiji gerakan anu tuluy mekar jadi Partai Nasional Indonesia tanggal 4 Juli 1927.
Bandung, ku kituna, lain saukur tempat balik. Tapi tempat cinta, élmu, jeung perjuangan ngahiji dina hiji carita sajarah.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments