Kolom Sosial Politik

Buruh dina Jaman Kiwari

0

Buruh dina Jaman Kiwari
Ku: Khoiruddin Muchtar

BAHEULA, kecap “buruh” sok dipatalikeun jeung pagawé pabrik, tukang, atawa buruh kasar nu sapopoe gawe di lini produksi. Tapi, bareng jeung kamajuan téknologi jeung robahna struktur dunya pagawean nu kacida gancangna, harti “buruh” kiwari jadi samar. Naha buruh ayeuna téh ngan saukur jalma nu ngagunakeun tanaga fisik wungkul, atawa kaasup ogé nu nyambut gawe maké pikiran, data, jeung algoritma? Robahna jaman ieu ngajurung urang pikeun mikir deui harti buruh dina jaman kiwari, sabab dunya kerja ayeuna leuwih rumit, dinamis, jeung ngaleuwihan wates-wates konvensional nu baheula dipikawanoh.

Baheula, pagawé sok dikaitkeun jeung produksi massal di pabrik badag, pagawaenana  katempo jeung eces. Tapi dina jaman industri 4.0 ayeuna, aya parobahan nu gedé. Digitalisasi, otomasi, jeung kecerdasan jieunan geus mimiti ngaganti peran buruh tradisional (Kora & Beluli, 2022). Ayeuna, pagawé kudu bisa adaptasi jeung dunya kerja nu leuwih abstrak, nyambung kana jaringan, jeung dumasar kana data.

Pagawé dina séktor logistik, perbankan, nepi ka pendidikan ogé ayeuna bisa disebut buruh, sanaos maranéhna nyambut gawe maké alat digital jeung teu langsung nyieun barang fisik. Nu nyieun program komputer, ngarancang algoritma, atawa ngolah data ogé kaasup buruh modéren, sabab peran jeung kontribusina sarua pentingna jeung buruh dina lini produksi.

Kompleksitas buruh kiwari nambahan ku ayana ékonomi gig, dimana loba pagawé jadi freelancer atawa pagawé sementara. Maranéhna henteu boga status tetep atawa jaminan sosial nu jelas. Maranéhna gawe di platform digital kawas ojol, kurir dahareun, nepi ka ranah kréatif kawas desain jeung nulis kontén (Cauffman, 2022).

Fenomena ieu tangtangan pikeun pamahaman buruh cara heubeul. Sabenerna, maranéhna bisa meunangkeun kabébasan waktu jeung panghasilan, tapi di sisi séjén, maranéhna kaleungitan stabilitas jeung jaminan kawas pagawé tetep. Dina ékonomi gig, buruh henteu ngan ukur gawe di “jalur produksi” anu katempo, tapi ogé di jagat maya nu lega.

Perlu pisan pikeun naksir deui harti buruh dina jaman kiwari. Téknologi maju, pasar kerja robah, jeung kawijakan ketenagakerjaan nu geus kolot, nyababkeun loba buruh kabeungkeut dina kaayaan nu teu pasti. Maranéhna disebut buruh, tapi teu boga perlindungan anu cukup: upah teu payus (layak), teu boga jaminan sosial, atawa hak pikeun cuti jeung reureuh.

Nurutkeun data BPS, sabudeureun 60% tanaga kerja di Indonesia téh aya dina sektor informal, nu biasana henteu meunang perlindungan hukum atawa sosial nu cukup (Rusdjijati & Praja, 2023). Samentara éta, kamajuan téknologi ogé nyiptakeun jurang antara nu bisa nuturkeun kamajuan jeung nu katinggaleun. Lamun henteu dibekelan ku latihan jeung ketrampilan anyar, loba buruh nu ahirna jadi kasisihan.

Ku kituna, penting pisan ayana serikat buruh nu bisa ngabela hak-hak pagawé modéren. Contona, buruh digital ogé kudu meunangkeun jaminan nu sarua jeung nu nyambut gawe di lapangan. Pamaréntah jeung pausahaan ogé kudu leuwih gancang nyaluyukeun kabijakan jeung struktur tanaga kerja nu anyar ieu, boh di sektor formal boh informal.

Nafsir ulang harti buruh téh hartina sadar yén pagawean téh lain saukur soal néangan dahareun, tapi ogé ngeunaan harkat jeung kaadilan. Urang kudu mikirkeun modél kerja nu leuwih inklusif: nu nyadiakeun upah layak, perlindungan sosial, jeung kasempetan pikeun maju, boh pikeun buruh pabrik boh buruh digital.

Transformasi digital saéstuna kudu jadi kasempetan pikeun ningkatkeun kahirupan buruh, lain sabalikna. Kabutuhan pikeun nyieun lingkungan kerja nu leuwih manusiawi, nu méré kasempetan pikeun sejahtera jeung tumuwuh, kudu jadi prioritas. Di dieu peran pamaréntah jeung swasta penting pikeun nyiptakeun ekosistem kerja nu adil jeung sustainable.

Nafsir ulang harti buruh dina jaman modéren téh lain saukur ngarobah definisi, tapi ogé ngeunaan kumaha urang méré perlakuan jeung perlindungan ka jalma-jalma nu sabenerna jadi tuladan pikeun roda ékonomi nagara. Dina jaman nu robah kacida gancangna, buruh kudu jadi perhatian utama, lain saukur objek kabijakan tapi ogé subjek nu boga hak pikeun sejahtera. Dunya kerja geus robah, jeung definisi buruh ogé kudu robah. Kiwari, tugas urang téh mastikeun yén harti anyar buruh téh bisa mawa mangpaat keur kahirupan maranéhna nu leuwih hade ka hareup.*

* Khoiruddin Muchtar,  dosen senior Fakultas Dakwah jeung Komunikasi  (Fidkom) UIN Sunan Gunung Djati, Sekretaris Lembaga Ta’lifWan Nasyr (LTN) PWNU Jawa Barat, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *