Kolom Sosial Politik

Blunder Perkara Zakat

0

 

Ku: Ridhazia

DIWARTAKEUN  yén Menteri Agama (Menag) Prof. Nasaruddin Umar ngedalkeun pamenta dihampura sarta klarifikasi patali jeung pernyataanana ngeunaan zakat anu ngabalukarkeun polemik.

Anjeunna ngalakukeun verifikasi, konfirmasi, jeung validasi deui yén pernyataan anu bener téh zakat mangrupa fardhu ‘ain sarta rukun Islam anu wajib ditunaikeun ku unggal muslim.

Sang menteri anu sakaligus ngajabat Rais Syuriyah Pengurus Besar Nahdlatul Ulama (PBNU) ogé negeskeun ajakan supaya ngaoptimalkeun instrumen filantropi séjén saperti wakaf jeung sedekah, lain pikeun ngurangan kawajiban zakat.

Blunder

Publik nafsirkeun kasalahan anu dibarengan ku pementa dihampura (permohonan maaf) éta, jeung naon baé katerangan dina komunikasi publik, minangka hiji “blunder”.

Istilah blunder asalna tina basa Inggris anu hartina kasalahan serius, kalalaworaan, atawa sikep gagabah  henteu ati-ati.

Sababaraha sinonim tina kecap blunder di antarana error, lapse, mistake, jeung slip, anu ngandung harti “nyimpang tina naon anu lempeng bener, merenah, atawa pantes.”

Dina kontéks pernyataan Menteri Agama, hal éta dianggap blunder lantaran kurangna tinimbangan saméméh nyarita atawa nyokot léngkah.

Malah, pernyataan anu saéstuna bisa dihindari téh nyababkeun réaksi négatif anu signifikan ti publik, sabab sanggup mangaruhan persepsi masarakat (continued influence effect).

Sanajan aya konsép right to be forgotten (hak pikeun dipohokeun), dina prakna kacida héséna pikeun bener-bener mupus tapak digital tina internét.

Jejak Digital, Jejak Permanén

Pernyataan anu kaliru ti pajabat publik dina jaman digital jadi tapak permanén anu kacida héséna, komo mustahil, pikeun dipupus sagemblengna. Sanajan sanggeus aya koréksi atawa bantahan resmi diterbitkeun.

Kasalahan anu geus sumebar jadi bagian tina “digital footprint” anu geus kasimpen dina server. Kalayan kecap séjén, geus diarsipkeun atawa dicokot tangkapan layarna (screenshot) ku pihak séjén.

Sanajan aya konsép right to be forgotten — hak pikeun dilupakan sakumaha kapanggih dina tiori komunikasi — dina kanyataanana unggal kalepatan kacida héséna dipiceun lantaran geus jadi jejak digital.*

*Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.