Kolom Sosial Politik

Bilatung: Kudu Jadi Eunteung

0

Ku: Budi Setiawan

BASA ngarespon unggahan murid anu manggihan bilatung dina ménu Makan Bergizi Gratis (MBG), Déwan Pakar Badan Gizi Nasional (BGN), Ikeu Tanziha, nanya ngeunaan mangpaat unggahan éta. Ceuk manehna, teu aya kauntungan nanaon pikeun murid lamun ngadu masalah ka média sosial.

Ceuk Ikeu deui, barudak anu ngabagikeun panemuan goréng dina ménu MBG malah némbongkeun karakter anu kurang hadé. “Kami sieun, éta téh malah ngabentuk jiwa barudak jadi teu daék bersyukur,” pokna.   Ikeu yarankeun sangkan keluhan ditepikeun ngaliwatan jalur resmi sakola atawa lembaga anu aya patalina jeung masalah eta (Tempo.co, 23/12/25).

Pernyataan ieu jadi matak pikahariwangeun  lantaran fokusna lain kana kualitas dahareun, tapi kana lampah murid anu nyebarkeun pamanggih  éta ka balarea. Pernyataan Ikeu jadi problematik lain saukur alatan pilihan kecapna, tapi leuwih jero deui ku sabab cara mikir anu dikandungna. Ku nanya “naon untungna” unggahan murid, kritik kana mutu layanan publik diréduksi jadi ukur soal motif pribadi.

Katanggar pisan, nagara henteu nembongan minangka pangelola kawijakan anu siap dikoreksi, tapi minangka lembaga anu kaganggu ku kabuka informasi. Sikep ieu némbongkeun sikep  ngajaga citra program tibatan ngutamakeun pananganan masalah dasarna, nyaéta kaamanan jeung kualitas dahareun anu dikonsumsi ku barudak sakola.

Sawangan (cara pandang)  kitu némbongkeun kagagapan dina maca réalitas sosial kiwari. Média sosial masih ditempo minangka rohangan sensasi jeung niat goréng, lain minangka médium partisipasi warga. Padahal, pikeun  masarakat—utamana murid anu aya dina hubungan kakawasaan anu teu saimbang—média sosial mindeng jadi saluran anu paling rasional pikeun nepikeun pangalaman langsung, nalika kanal resmi karasa lambat atawa teu dipercaya.

Dina prakték kawijakan publik modéren, média sosial boga fungsi minangka early warning system. Média sosial méré sinyal awal kana kagagalan layanan anu henteu salawasna kabaca ku mékanisme internal birokrasi. Média sosial ogé boga peran minangka mékanisme akuntabilitas horizontal, anu maksa lembaga pikeun ngaréaksikeun pangalaman warga sacara terbuka. Unggahan publik sakaligus jadi arsip sosial anu hésé dipupus, nyimpen tapak masalah kawijakan pikeun bahan évaluasi babarengan.

Réspon BGN dina ieu kasus ngagambarkeun institutional self-protection bias—naluri lembaga pikeun ngajaga reputasi ku cara ngalihkeun perhatian tina substansi kana narasi. Patarosan utama sakuduna basajan: dina bagian mana sistem pangadaan, pangolahan, jeung distribusi MBG gagal nepi ka belatung bisa aya dina dahareun barudak?

Solusi anu diperlukeun lain ngawatesan rohangan publik, tapi ngatur jeung ngelola éta rohangan kalayan dewasa. Kahiji, BGN kudu ngakuan média sosial minangka bagian tina ékosistem pangawasan kawijakan. Kadua, kanal aduan resmi kudu transparan jeung bisa diukur, sangkan publik apal yén aduan téh bener-bener ditindaklanjuti. Katilu, orientasi MBG kudu ngalih tina sakadar jumlah porsi kana mutu, kabersihan, jeung kaamanan konsumsi.

Kasus bilatung ieu saenyana kudu jadi eunteung. Dina jaman média sosial, legitimasi kawijakan diwangun ku kabuka jeung kasadiaan pikeun ngaku kakurangan, lain ku cara ngatur kumaha publik kudu nyarita. *

* Budi Setiawan nyaéta panitén sosial-politik, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.