Napak Tilas

Beungkeutan Urang Sunda di Bali

0
Kang Agus Samijaya, SH, MH, salah saurang pangacara teureuh Sunda nu kiwari ngabjrek di wewengkon Denpasar, Provinsi Bali. (Foto: SundaNews/Dok Wijati Rikma Dewi)

 

Ku: Wijati Rikma Dewi

LAMUN niténan harti kecap “kurung batok” dina basa Sunda, anu mertélakeun hirup jalma lakuna ukur ngotok ngowo tara daék incah ti lembur,  jigana éta babasan téh henteu nerap lamun kudu dikumkeun keur sakabéh jalma urang Sunda. Da geuning kabuktianana mah, jaman kiwari urang Sunda loba nu ngacacang néang kahirupan di wewengkon séjén, di luar tanah Pasundan.

Malah anu di luar nagri gé teu éléh balatak, boh anu kairik ku nasib jadi TKI, pangusaha, atawa teu kurang nu ngadon nyangking kalungguhan jadi pajabat di nagri deungeun.

Ditilik tina sajarah kahirupan di Bali, horéng geuning urang Sunda anu nganjrek di Tanah Dewata téh geus aya ti jaman karajaan baheula kénéh. Hal ieu bisa dikanyahokeun ku ayana Pelinggih* Ratu Bagus Sundawan di wewengkon Desa Kubu Tambahan, Buleleng, Bali. Profesor I Gusti Ngurah Sudiana, salah saurang Guru besar Universitas Udayana, mertélakeun yén Ratu Bagus Sundawan kaasup salah sahiji turunan Karajaan Galuh.

Anu leuwih matak katajina, éta palinggih Ratu Bagus Sundawan téh dijieun ku umat Kristen, anu tujuanana pikeun ngébréhkeun rasa sukur jeung panuhun ka Ratu Bagus Sundawan, anu geus nulungan maranéhna, waktu kapalna karem di laut sabudeureun Buleleng. Ku sabab éta palinggih dijieun ku umat Kristen, tangtu bae wangunanana ogé teu béda ti wangunan tempat ibadah kaom Nasrani, malah latar tukangna oge dipapaés gambar Bunda Maria.

Sedeng anu ngadon jarah ka éta pelinggih, tug nepi ka kiwari, henteu ngan saukur umat Kristen jeung seuweu-siwi urang Sunda wungkul, tapi teu kurang umat Hindu Bali ogé loba anu ngahaja ngadon daratang seja sembahyangan di éta pelinggih. Sakumaha ilaharna umat Hindu nu sembahyangan di pura, maranéhna ogé teu tinggaleun marawa canang atawa sasajén sapuratina.

Hal ieu mertélakeun, yén karukunan umat beragama, geus kapiara ku karuhun urang Sunda ti sakitu ratus taun katukang.

Kang Agus Samijaya, SH,MH, salah saurang pangacara teureuh Sunda anu kiwari nganjrek di wewengkon Denpasar, Bali nguningakeun yén lobana urang Sunda anu kiwari bubuara di Bali, nurutkeun catetan Bamus, aya kana 20 rébu urangna, éta téh acan kaasup urang Sunda lianna anu heunteu kacatet atawa teu asup kana organinsasi atawa Paguyuban Bamus.

Bamus téh singgetan tina Badan Musawarah Urang Sunda. Hiji paguyuban anu ngadeg ku alpukahna Kang Agus.

Kang Agus Samijaya urang Sunda kalahiran Cirebon, anu ti mangsa rumaja resep aktip kana rupaning organisasi, ngarasa manghanjakalkeun ningali kaayaan urang Sunda anu bubuara di Bali, bet katémbongna siga anu aing-aingan, sok padahal kajeun urang kabupatén mana waé ogé, apan sarua papada baraya sapropinsi. Kitu deui mun niténan kaayaan di lapangan, sanajan tara kabéjakeun aya pacéngkadan, tapi katémbongna siga anu pakia-kia. Upamana baé, urang Garut ngadegkeun paguyuban anu dingaranan Asgar, singgetan tina Asli Urang Garut. Urang Cirebon ngadegkeun anu disebut Pokoci singgetan tina Pakumpulan Kulawarga Orang Cirebon, jeung sajabana.

Ningali kaayaan kitu, dina taun 1989 mangsa Kang Agus kuliah di Fakultas Hukum Universitas Udayana, boga gagasan hayang ngahijikeun sakabéh urang Sunda anu aya di Bali, dina  beungkeutan paguyuban anu mibanda patékadan nu sarua.

Di mimitian ku ngadegkeun paguyuban anu dingaranan Pamanahan, singgetan tina Pakumpulan Mahasiswa Tanah Pasundan. Harita Kang Agus mitembeyan ngajak batur-batur kuliahna, pikeun ngaraketkeun duduluran jeung sakabéh mahasiswa urang Sunda ti unggal wewengkon Jawa Barat nu aya di Bali. Satuluyna patékadan éta diteruskeun nepika kiwari, nya ngajanggélék jadi paguyuban anu dingaranan Bamus téa.

Hal anu teu bisa disangkal yén datangna urang Sunda anu ngadon bubuara ka Bali, mingkin taun mingkin nambahan. Tina jumlah sakabéh penduduk sapropinsi Bali, kadaptar 13 persénna urang Sunda, atawa anu kurang leuwih jumlahna 20 rébu urang téa. Sedeng anu 20 rébu urang téh geuning henteu ngagunduk di hiji wewengkon, tapi bacacar di unggal kabupatén. 30 persén di antarana nganjrek di Kabupatén Badung jeung Kabupatén/Kota Denpasar. Ku ayana hal éta, nepi ka kiwari, urang Sunda anu bacacar téh masih kénéh ngabarogaan paguyuban séwang-sewangan, luyu jeung kampung asal maranéhna waktu di Jawa barat.

Lobana paguyuban Urang Sunda sapropinsi Bali anu kiwari kacatet, aya 22 ngaran paguyuban. Ngan hanjakal paguyuban urang Sunda anu pangkolotna, ngadeg taun 1977, anu dingaranan Manglé, ayeuna teu témbong ringkangna, duka ku naon sababna, ngan anu pasti, éta paguyuban geus euweuh tuturusna.

Kang Agus Samijaya anu kiwari nyuprih élmu di Universitas Udayana, pikeun ngahontal gelar S3, boga karep dina ngahijikeun sakabéh  paguyuban urang Sunda téh ku didadasaran rasa sapapait samananis, silih tulung-tinulungan, malah mandar jadi beungkeutan urang Sunda anu weweg rasa duduluranana.

Paguyuban Bamus, anu kantor sekertariatna aya di Kota Denpasar, legalitasna kacatet ku pihak pamarentah daérah ogé pamarétah propinsi. Ari anggotana mah nyaéta sakabéh paguyuban anu jumlahna 22 rébu téa. Ngadegna Bamus lain ngan saukur aya juntrung ngaranna wungkul, tapi ogé jeung prak-prakanana matéahkeun rupaning kagiatan anu aya mangpaatna pikeun urang Sunda mangsa hirup di pangumbaraan.

Hal anu kudu di nomer hijikeun téh tangtuna baé perkara tempat ibadah Muslim, lantaran mayoritas urang Sunda ngagem agama Islam, sedeng tempat ibadah di Bali karéréanana ajangkeuneun umat Hindu. Ku gedéna patékadan, kiwari geus ngadeg mushola Al Makmur,  ngeuyeuban masjid-masjid anu geus ngadeg ti heula. Mushola anu unggal waktu tara simpé ku nu ibadah solat jeung dipaké tempat ngawuruk ngaji barudak téh, lian ti éta, dipaké tempat kagiatan ibadah muslim séjénna deuih.

“Perkara urusan mamanis mah, moal matak jadi pikir, paling urang kari ngahadiran pangulem, bari sukan-sukan. Anu kudu diutamakeun mah urusan papait!” sanggem Kang Agus Samijaya.

Maksudna, anu leuwih penting dina kagiatan payuguban, nyaéta mangsa aya wargi Sunda anu kabeneran meunang papait.

Mun pareng manggih kajadian kitu, geus tangtu  masarakat Sunda anu kabeungkeut dina paguyuban Bamus, bakal pangheulana tanggung jawab, ti mimiti mulasara layon, nyayagikeun ambulan, tug nepi ka nganteurkeunana ka lembur  almarhum di Jawa Barat, lamun paménta kulawarga nu maot, hayang dimakamkeun di lembur, kalawan biaya ditanggung réréongan ku Bamus. Kitu deui lamun putusan kulawarg ménta dikurebkeun di Bali, nya leuwih sayagi.

Ngeunaan pajaratan muslim di Bali anu mingkin dieu mingkin gegek, Alhamdulillah ayeuna Bamus geus nyayagikeun lahan hasil wakaf di wewengkon Jimbrana anu legana kurang leuwih, 2,5 héktar.

Hal anu leuwih matak pikabungaheun, léngkah Bamus anu mangrupa induk sakabéh paguyuban Sunda di Bali, henteu ngan saukur nyoko kana agama, tapi perkara seni budaya Sunda ogé teu tinggaleun. Sanggar Pusaka Pajajaran, salah sahiji wadah keur seniman Sunda, mampu mintonkeun rupaning seni tradisi Jawa Barat, saperti jaipong, degung, rampak kendang, penca silat, debus, ogé tari klasik saperti tari  merak jeung tari badaya.

Aya rasa bagja nu tan wangenan, waktu Bamus mampuh nganteurkeun seniman Sunda milu manggung makalangan dina acara Internasional G 20 anu digelar di Bali 14 November 2022, pintonan penca silat jeung tari badaya, geus mawa seungit nagri Indonesia ku kaparigelan seniman Sunda.

Aya harepan anu leuwih luhung, lamun beungkeutan urang Sunda di Bali leuwih kuat nanjeurkeun tali duduluran, lain ngan ukur jeung papada batur salembur, tapi ogé jeung masarakat pribumi. Utamana perkara ageman ulah dijadikeun panghalang pikeun hirup ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. Komo ning jeung papada muslim, ulah nepi ka pakétrok ku lantaran mempertahankeun bendéra agama masing-masing. Upamana antara Persis, NU, Ahli sunah wal jamaah, jeung sajabana, asana lain hal picontoeun nu hadé, lamun nepi ka kudu jadi bahan pacogrégran. Apan alusna mah mending anggur silih rojong, salila sarua papada ngamadhab solat ka Baétulloh.

Conto lianna, lamun urang daék niténan filosofi ajaran Hindu anu mibanda Tri Hita Karana, jeung ajaran agama Sunda wiwitan anu mibanda ajaran Tritangtu, asana euweuh hal anu matak jadi pacéngkadan, kabéhanana sarua pada muja pikeun miara hubungan jeung Nu Maha Kawasa,  jeung alam, ogé hubungan jeung papada manusa.

Ida Pandita Nata Siliwangi Manwaba, salah saurang teureuh Sunda anu ngagem Sunda wiwitan, kiwari jadi pendéta Hindu, hirup ayem tengtrem jeung étnis katut agama mana waé di Bali.

Lamun panghalang ngeunaan béda étnis reujeung agama geus mampuh diungkulan ku urang Sunda nu aya di Bali, lain hal anu moal mungkin, kajadian taun 1980 bakal kasorang deui. Sajarah di mana Pa Ahim Abdurochim, salah saurang teureuh Sunda, anu geus mampuh makalangan, nanjeurkeun bandéra Sunda jadi Wakil Guberbur Bali dina périodeu harita.*

*Pelinggih : tempat pamujaan ka Idha Sang Hyang Widhi Wasa.

* Wijati Rikma Dewi, urang Sunda nu geus kaitung lawas matuh di Bali. Barétona kungsi ancrub kana dunya kasenian Sunda.  

 

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas