Ku: Ridhazia
LAMUN keur wisata ka Bandung tapi henteu nyaho ngeunaan bandros, karasa aya nu kurang.
Di Bandung aya dua rupa bandros nu ngaranna sarupa jeung sarua populér. Nu hiji téh bandros kue tradisional has Tatar Sunda. Nu hiji deui, bandros téh beus wisata di Kota Bandung.
Kue Bandros
Kue tradisional ieu dijieun tina campuran tipung béas, kalapa parut, daun suji jeung scipati. Biasana disajikeun kalawan ditawir ku gula pasir, kejuna atawa coklat.
Saeutik mirip jeung kue pukis lamun nempo sakilat. Tapi sabenerna béda. Sanaos dicitak dina cetakan nu sarupa, nyaéta cetakan wangun satengah buleud.
Bandros boga rupa-rupa rasa jeung warna. Biasana nu bodas mah keur rasa asin. Ari nu warna-warna mah biasana rasa amis atawa campuran rasa.
Ti Jaman Walanda
Loba nu can nyaho yén kecap bandros asalna tina kecap panjang “bahan rose brand”, nyaéta mérek tipung gandum nu diproduksi sarta dipasarkeun di Pulo Jawa ti awal taun 1900-an.
Ti Jaman Walikota RK
Sedengkeun Bandros nu ti jaman Walikota Bandung Ridwan Kamil (RK) mah mangrupa beus wisata. Bandros téh singgetan tina Bandung Tour on the Bus.
Gagasan RK ieu mimiti dioperasikeun dina peuting taun anyar 2014. Ngaran Bandros disahkeun tina hasil sayembara husus di média sosial, nu meunangna nyaéta Erry Pamungkas.
Tah kitu sajarahna. Dua ngaran nu sarupa tapi eusina béda.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments