Ku: Ridhazia
SUPERFLU diberitakeun geus ngajangkit sabagian warga Bandung. Ceuk béjana, varian influenza ieu leuwih agrésif.
Panyebarna leuwih gancang jeung gejalana leuwih beurat batan flu biasa. Nu kaserang salian ti ngalaman muriang luhur, ogé karasa nyeri otot. Malah nepi ka kacapean pisan (ekstrem).
Saran Dokter
Salian ti nginum ubar sakumaha anu disarankeun ku dokter, kudu loba istirahat. Jaga kabersihan diri. Milih dahareun jeung inuman anu séhat.
Kabéh éta jadi rumus anu bisa mantuan sangkan flu ieu leuwih gancang cageur.
Tangtu waé ulah poho maké masker, sabab panularan superflu bisa kajadian ngaliwatan droplet tina batuk, bersin, komo ogé tina kontak anu teuing deukeut.
Ti taun 2025
Superflu geus kapanggih di Indonésia ti bulan Agustus 2025.
Propinsi anu jumlah kasusna panglobana nyaéta Jawa Timur, Kalimantan Kidul, jeung Jawa Barat.
Sanajan kitu, dumasar kana panilaian WHO jeung data epidemiologi, varian ieu teu kabuktian boga tingkat kaayaan anu leuwih parna dibandingkeun jeung flu sarupa saméméhna.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments