Ku: H. Tatang Sumarsono
URANG lelempeng heula pimaksudeunana yén istilah kaulinan dina basa Sunda téh sakurang-kurangna ngandung dua harti. Kahiji, kaulinan anu maksudna kaheureuyan, ukur saoléseun, atawa sakadar dipaké reresepan bari teu didadasaran ku rasa tanggung jawab; anu kieu mah muatan ajénna dianggap négatif. Kadua, kaulinan anu dihartikeun rupaning kagiatan, anu kasang tukangna patali jeung ulin atawa nganteur karesep (kalangenan).
Ari anu disebut kaulinan barudak, tangtuna gé dipilampahna ku barudak. Sakanyaho, istilah anu geus dianggap baku tur remen digunakeun téh kaulinan barudak, lain kaulinan budak. Padahal lamun dipateungteungkeun, apan aya istilah kaulinan kolot, lain kaulinan karolot. Pangna sesebutan kaulinan dituturkeun atawa digéndéng ku kecap barudak gé, jigana waé anu milampahna geus ilahar kudu jenuk atawa lobaan. Cindekna, budak anu aub kana kaulinan téh leuwih ti saurang. Ana kitu, dina kaulinan téh aya unsur interaksi antara hiji individu jeung individu lianna, anu engkéna bras kana prosés diajar ngawangun atawa numuwuhkeun pribadi dina kontéks kahirupan sosial (bersosialisasi).
Tah, geus bisa dirarampa yén ajén filosofis anu nyampak dina kaulinan barudak gé ari galeuh-galeuhna mah kitu, nyaéta ngipuk kaguyub jeung papada batur. Ieu téh lamun sawangan urang dipatalikeun jeung dunya barudak, katut kabutuh kamekaran jiwana. Nya bisa waé sawangan kana ajén filosofis dina kaulinan barudak téh diukurna ku pangabutuh kolot. Tapi ieu tulisan moal dibraskeun ka dinya. Rék ka anu dararéét waé, tur katara dina ngalalarna.
Ari ajén filosofis, apan éta téh anutan kana hiji kayakinan (anu dina hal ieu patali jeung pamolah atawa kréativitas dina kaulinan) anu dipiharep jadi prinsip, konsép dasar, atawa cecekelan sajeroning hirup kumbuh enggoning ngawujudkeun kondisi masarakat anu dipiangen atawa dicita-cita. Ajén filosofis téh ayana dina wilayah tafsir, atawa hasil tina nyurahan kana hiji hal. Tangtu waé éta téh kawatesanan ku tempat jeung waktu. Jadi teu kudu anéh mun éta tafsiran téh teu salawasna angger, ti baheula tug ka ayeuna.
Tacan manggihan katerangan ngeunaan ti mimiti iraha-irahana barudak Sunda sok milampah kaulinan. Ngan lamun dipapantes (dirékonstruksi), jigana ari kaulinan barudak téh tumuwuhna sacara alamiah. Éta mah mokprok jeung tumuwuhna kabudayaan anu diwujudkeun dina peradaban umat manusa. Ngeunaan kaulinan, anu geus kapanggih dokuméntasi tinulisna téh aya dina naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian (eusina leuwih deukeut kana énsiklopédia, disusun taun 1518 Maséhi). Dina éta naskah aya katerangan, ukur sauted, kieu:
Hayang nyaho di pamaceuh ma: ceta maceuh, ceta nirus, tatapukan, babarongan, babakutrakan, ubang-ubangan, neureuy panca, munikeun le(m)bur, ngadu lesung, asup kana lantar, ngadu nini; sing sawatek (ka)ulinan ma, hempul tanya. (Lamun hayang nyaho ngeunaan rupa-rupa kaulinan, kayaning ceta maceuh, ceta nirus, tatapukan, babarongan, babakutrakan, ubang-ubangan, neureuy panca, munikeun lembur, ngadu lisung. asup kana lantar, ngadu nini; sagala rupa kaulinan, pék tanya empul)
Mémang teu jéntré, kaulinan pikeun saha waé anu bieu ditataan téh; naha pikeun barudak, kaom rumaja, atawa anu geus déwasa. Mana komo lamun prak-prakanana mah lebeng teu kagambar pisan. Paling-paling ku urang anu hirup jaman ayeuna ukur bisa diwangwang dina ciciptan. Kitu deui nu disebut hempul atawa empul, ukur semet bisa dikira-kira. Ngan nu jelas, ti awal abad ka-16, kaulinan téh geus aya.
Tumuwuh jeung mekarna kaulinan barudak dina kahirupan masarakat Sunda téh saluyu jeung kaayaan jamanna. Kitu deui dina méré ngaran (istilah), katut prak-prakanana. Nya ku lantaran jadi bagian tina budaya, tangtu waé anu disebut kaulinan barudak téh robah-robah. Dina waktu umumna urang Sunda masih kénéh jadi masarakat agraris, kaulinan barudak anu hirup gé bakal saluyu jeung jaman agraris. Kaulinan anu gelarna ka béh dieunakeun mah aya di antarana (malah loba) anu geus kadokuméntasikeun, tepi ka bisa terus kawariskeun ti hiji entragan ka entragan sapandeurieunana. Perkara kondisi géografis gé milu mangaruhan kana lahirna hiji kaulinan. Maksudna, kaulinan barudak Sunda anu hirupna di alam pagunungan, tangtu bakal aya bédana jeung anu maratuh di padataran atawa basisir, misalna. Atuh kiwari, sanggeus kahirupan urang Sunda robah tur kasosok ku pangaruh anu jolna ti luareun Sunda, kaulinan barudak ogé bakal diluyukeun ka dinya.
Saenyana mah basajan, naon pangna barudak dina kahirupan sapopoéna sok milampah kaulinan. Nya ari tujuan utamana mah pikeun hiburan atawa kalangenan. Atuh dina prak-prakanana ogé sok basajan deui waé, tur ukur ngandelkeun hal-hal anu nyampak sabudeureunana, teu bari diaya-aya, sarta dipilaksanakeunana sacara spontan. Béda deui lamun kaulinan barudak geus diangkat jadi pintonan. Éta mah kudu nohonan pasaratan téatrikal.
Cikénéh gé geus dibabadak ngeunaan pedaran ajén filosofis dina kaulinan barudak téh, anu enas-enasna ngamuara kana tarékah ngipuk sikep dina gunggungan kahirupan sosial. Hal éta bisa diwincik laju dipasing-pasing deui, anu kabéh ogé teu leupas tina prosés diajar atawa latihan. Prosés anu patali jeung tumuwuhna sikep pribadi (individu) anu dikasang-tukangan ku kaulinan téh, anu geus katimu mah kieu:
Ngawangun Komunikasi. Hal ieu teu bisa leupas tina prosés interaksi antara hiji individu jeung individu lianna. Dina ngawangun komunikasi, saban individu kudu bisa nempatkeun diri sacara proporsional, teu bisa aing-aingan atawa ngarasa bener sorangan.
Nerapkeun Aturan. Rék kaulinan naon waé, éta téh aya aturanana. Sakurang-kurangna aturan anu jadi kasapukan dina rék prakna kaulinan dilaksanakeun. Sakur anu milu kana éta kaulinan, kudu taat kana aturanana. Budak anu mawa karep sorangan, biasana sok terus dikaluarkeun atawa henteu diilukeun, sabab dianggap ngaganggu atawa ngacowkeun.
Ngukur Kamampuh Diri. Budak anu rék miluan kana hiji kaulinan, ilaharna bakal ngukur heula kamampuh dirina, naha pibisaeun atawa moal. Hal ieu téh biasana patali jeung kondisi fisikna. Lamun maksakeun miluan, bari teu ngukur kana kamampuh diri, ka dituna téh ukur jadi pamoyokan batur bari terus dikékéak.
Ngalatih Karancingeus. Patali jeung kamampuh diri, hal éta téh di antarana bisa ngaronjat ku ayana tarékah ngalatih karancingeus; nyaéta kumaha carana bisa kesit, henteu cileureun, maca situasi anu nyampak, jeung kumaha carana néangan solusi pikeun ngungkulan pasualan anu keur disanghareupan. Bisana rancingeus téh lamun dirojong ku kondisi fisik anu prima, sarta mampuh ngamangpaatkeun panca dria kalawan optimal.
Ngajénan Kapunjul Batur. Hal ieu raket patalina jeung tarékah ngawangun komunikasi. Saban anu miluan kana hiji kaulinan, manéhna kudu bisa ngajénan kana kapunjul anu lian (patali jeung éta kaulinan). Mun batur leuwih punjul, ku urang kudu diaku yén mémang manéhna leuwih rancingeus atawa leuwih kréatif. Cindekna mah kudu jujur, tur anu jadi dadasarna obyéktivitas.
Narima Koréksi. Dina milampah kaulinan, anu mariluanana kudu naék narima koréksi, lamun dianggap milampah kasalahan. Ulah merekedeweng, sarta nganggap diri sorangan pangbenerna. Tangtu waé éta koréksi téh dumasar kana aturan anu geus jadi kasapukan saréréa.
Numuwuhkeun Sikep Silih Élédan jeung Balabah. Anu teu kurang penting, dina kaulinan téh aya latihan pikeun numuwuhkeun sikep silih élédan jeung balabah atawa henteu kumed. Ari sikep silih élédan téh ayana di wilayah anu dianggap abu-abu, lain anu geus jinek ditangtukeun dumasar kana aturan. Kitu deui sikep balabah, éta téh sarua pentingna sangkan kaulinan bisa lumangsung.
Ayeuna perkara ajén filosofis anu patali jeung lingkungan. Dina kaulinan téh aya sawatara hal anu positif, di antarana waé:
Nyaho kana waktu jeung tempat. Kaulinan téh di antarana (atawa lolobana, kitu?) aya waktuna. Jadi teu bisa sagawayah. Kaasup deuih dina nangtukeun tempatna. Iraha kaulinan bisa dimimitian, jeung iraha kudu enggeusan. Najan keur reresepna, ari waktuna kudu enggeusan mah, nya enggeusan waé. Ana kitu, dina kaulinan téh aya anu disebut disiplin waktu.
Ngamangpaatkeun tempat. Unsur ngamangpaatkeun tempat, éta jadi bagian tina kaulinan. Lamun aya buruan anu kaitung lega, kudu kaulinan naon bisa dilaksanakeun di dinya. Kitu deui di tempat anu réa tatangkalan, atawa mun kabeneran ukur aya tempat heureut. Rék tempat anu kumaha waé, satungtung dianggap teu matak cilaka mah, bisa dimangpaatkeun.
Mikawanoh alam sabudeurna. Tadi gé geus disebutkeun yén tumuwuhna kaulinan téh sacara alamiah, tur dina prak-prakanana patali jeung alam sabudeurna. Ku kituna otomatis dina kaulinan téh aya prosés latihan mikawanoh alam, boh kondisi topografisna boh kabeungharan hayatina.
Jigana urang sapuk yén ajén filosofis anu nyampak dina kaulinan barudak téh, sakumaha anu bieu dipedar sabéngbatan, bakal mangaruhan tur gedé mangpaatna pikeun tumuwuhna kamekaran jiwa jeung fisik barudak anggoning ngawujudkeun diri pribadina sacara positif.
Bisa jadi urang bakal tumanya, kumaha lamun nempo kana kondisi barudak kiwari anu kaulinanana geus loba robahna, mun dibandingkeung jeung mangsa 20 atawa 30 ka tukang? Ari sual robah mah, nya keun waé, da mémang geus jamanna. Ngan tangtuna ogé urang, anu geus kaasup kana golongan kolot, wabil husus anu bari boga pancén jadi pendidik, kudu aya tarékah sangkan kaulinan anu dipilampah barudak kiwari téh tetep aya dina tatapakan ajén filosofisna. Apan éta téh penting pisan pikeun kamekaran jiwa maranéhna, sangkan engkéna baroga jati diri.*
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments