Napak Tilas

Agama Urang Sunda Dina Jaman Pajajaran (3)

0
NGAHUMA.Dina kahirupan urang Sunda baheula, ngolah lahan jeung miara tatanén téh jadi bagian tina kawajiban ngalaksanakeun agama. Hal ieu masih kénéh nyésa dina kahirupan urang Kanékés; yén anu disebut ngahuma téh bagian tina agama. (Foto: SundaNews/Kompas.com)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

HASIL  henteuna tapa anu dipilampah ku urang, éta téh gumantung kana tarékah urang dina nyanghareupan jeung ngaréngsékeun pagawéan. Tapana bakal kasebut alus, lamun tarékah gawéna enya-enya tur suhud. Sabalikna, tapana kasebut gagal, lamun léléda jeung asal-asalan.

Kalawan wijaksana, Darmasiksa nyebutkeun yén dina milampah tapa téh urang ulah dibarengan ku rasa sieun dipoyok jeung dijejeléh batur. Cindekna kudu panceg kana kayakinan sorangan. Kitu deui sarua teu meunangna lamun urang tapa bari miharep meunang pamuji.

Sajeroning digawé bari teu sieun dipoyok batur, éta téh nuduhkeun yén urang aya dina posisi hirup merdéka. Hal ieu ngandung harti yén urang digawé téh kudu kumaha cék kereteg batin sorangan, satungtung pimaslahateun. Kitu deui digawé téh lain karana hayang dipuji, komo bari pupujieun mah.

Tapa anu dianggap sampurna téh nyaéta anu dipigawéna kalawan iklas ku jalma anu tapis, parigel, rajin, tekun, tawekal, sumanget, jeung taliti. Sabalikna, tapa anu dianggap goréng nyaéta anu dipigawéna kalawan kapaksa ku jelema anu ngedul, belegug, ngarasa bener sorangan, loba ngalamun, éraan, babari kasigeung, léléda, teu sumanget, resep gégéléhéan, balangah, teu tartib, pohoan, teu boga kawani, gampang kuciwa, bibisaanan, ngarasa mampuh padahal polona kosong, mindeng ngangluh, resep ngabantah, gedé bohong, kukulutus, bosenan, tara ngéléhan, ambisieus, babari kapangaruhan batur, henteu panceg nyekel amanat, jeung boga aéb.

Sajaba ti tapa anu dihartikeun digawé dina pakumbuhan, saenyana dina kahirulan urang Sunda buhun gé aya anu disebut tapa dina harti mujasmédi. Cindekna, maranéhna anu terus menekung anu diménsina leuwih beurat kana vertikal batan horisontal (mun dina kahirupan panganut agama Islam mah meureun anu disebut kaom sufi). Éta téh dipigawéna di kabuyutan atawa mandala.

Anu disebut tapa dina kahirupan urang Sunda téh aya dua rupa, nyaéta tapa di mandala jeung tapa di nagara. Tapa di mandala hartina ngalaksanakeun kagiatan anu patali jeung kaagamaan, upamana waé ngalaksanakeun ritual agama, neuleuman agama, ngadidik calon tokoh agama, jeung ngadungakeun para pamingpin nagara, tempatna di mandala atawa kabuyutan.

Anu milampahna nyaéta pandita, resi (pajabat kaagamaan), wiku (guru agama), jeung pratanda (ahli élmu agama jeung parigama). Sajaba ti éta, aya deuih pihak séjén anu maratuh di lingkungan mandala, nyaéta tétéga (biarawan), ameng (juru ladén biara), wasi (catrik, anu keur dialajar agama), ébon (biarawati), tiagi (juru mujasmédi atawa ahli tapa), jeung walka (ahli tapa anu maké busana tina kulit kai).

Ari tapa di nagara dipigawéna di sakur wewengkon nagara, luareun kabuyutan, nyaeta ngalaksanakeun kagiatan kamasarakatan, upamana anu patali jeung pamaréntahan, sosial, ékonomi, jeung pertahanan atawa kaamanan nagara. Tapa di nagara mah dipigawéna ku sakumna masarakat katut para pamingpin dina rupa-rupa widang.

Mandala atawa kabuyutan téh tempat suci anu miboga aturan husus. Upamana waé para wiku dipahing peupeuncitan, teu meunang ngadahar daging sawatara jenis sasatoan, meunang boga pamajikan tapi cukup hiji waé, jeung teu meunang balantik. Hal ieu masih kapanggih sésa-sésana dina kahirupan urang Kanékés  anu matuhna di telu tangtu (kampung tangtu anu tilu, nyaéta Cibéo, Cikertawana, jeung Cikeusik anu sok disebut Baduy Jero).

Dina jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, sakumaha ceuk hasil panalungtikan Atja jeung Saleh Danasasmita, di urang téh aya sawatara wangunan suci pikeun pamujaan jeung ngalaksanakeun upacara kaagamaan séjénna. Aya nu disebut paheuman (imah sasajén), pabutelan (tempat neundeun barang karamat), pamujaan, lemah maneuh (imah adat), candi, prasada (kuil), lingga linggih (palinggan, tempatna batu lingga), batu gangsa (batu parunggu), lemah biningba (tempat arca), jeung ginawé wongwongan (tempat nyieun patung).

Tina anu bieu dibéréndélkeun, tepi ka ayeuna gé masih kénéh aya sésa-sésana, malah ku sabagian masarakat masih kénéh diparaké, najan fungsina geus rada ngagésér. Kabuyutan Batukarut, di Bandung Kidul, upamana tepi ka ayeuna gé masih kénéh dipaké upacara agama. Ngan ku sabab masarakatna geus ngagem Islam, kagiatan di dinya téh geus dieusian ku unsur anu jolna tina agama Islam. Kitu deui kagiatan di Bumi Alit Situ Léngkong, Panjalu anu fungsina pikeun neundeun barang karamat, ayeuna mah geus diwarnaan ku ajaran Islam.

Dina ajaran Sunda buhun ditétélakeun yén kasalametan manusa di dunya jeung di ahérat téh gumantung kana ngalaksanakeun fungsi (fungsionalisasi) jiwa jeung raga. Kitu hasil mutalaah Prof. Edi S. Ekadjati, dumasar kana sawatara naskah Sunda buhun.

Lamun jiwa jeung raga difungsikeun pikeun kahadéan, pasti hasilna ogé hadé. Sabalikna, mun difungsikeun pikeun kagoréngan, hasilna nya tangtu goréng deui. Anu disebut étika tumerapna ka dua sasaran, nyaéta manusa sacara individual, jeung manusa sacara sosial.

Salian ti nyokot sumber tina agama Hindu jeung Buda, ajaran anu hirup di Sunda jaman buhun téh gegedéna mah nyoko kana tradisi karuhun. Dina naskah Amanat Galunggung disebutna “patikrama”, jeung ari dina naskah Carita Parahiyangan mah disebutna “purbastiti purbajati”. Aya deui istilah talatah sang sadu, saur sang darma pitutur, jeung sabda sang rumuhun anu kaunggel dina naskah Siksakandang Karesian.

Saterusna dina naskah Siksakandang Karesian ditétélakeun yén dina raga manusa téh aya sapuluh bagian awak anu penting (dasa indria) anu bisa mangaruhan kahirupan manusa, nyaéta (1) ceuli, (2) kulit, (3) mata, (4) létah, (5) irung, (6) sungut, (7) leungeun, (😎 suku, (9) dubur, (10) rarangan.

Éta nu sapuluh téh bisa digunakeun pikeun kahadéan, bisa deuih pikeun sabalikna. Mun dipaké kana kahadéan bakal ngadatangkeun dasa kreta (10 karaharjaan). Tapi mun dipaké pikeun kagoréngan bakal ngadatangkeun dasa kalesa (10 noda). Pikeun ngagunakeun dasa indria dina jalan bener diatur ku dasa marga (10 jalan).

Dina Siksakandang Karesian ditétélakeun yén masarakat diatur ngaliwatan sistem pangbaktian dina kelompok sosial, disebutna dasa prebakti, nyaéta anak bakti ka bapa, pamajikan bakti ka salaki, hamba (rayat) bakti ka dunungan (raja), murid bakti ka guru, patani bakti ka wado, wado bakti ka mantri, mantri bakti ka nu nangganan, nu nangganan bakti ka mangkubumi, mangkubumi bakti ka raja, raja bakti ka déwa, jeung déwa bakti ka hiyang. Tacan pati kapaluruh, naon ari anu dimaksud wado jeung nu nangganan.

Ajaran Jatisunda nganut paham papasangan dina kahirupan manusa (hadé-goréng, raharja-sangsara), sarta boga pandangan yén anu mangaruhan kahirupan manusa téh aya tilu faktor, nyaéta fisik, sikep, jeung tingkah laku. Ku sabab kitu, pribadi manusa téh gabungan tina hal-hal anu bieu didadarkeun. Nya hal éta deuih nu ngalantarankeun pendidikan masarakat Sunda dina mangsa harita teu dumasar kana individu, tapi kana éta tilu unsur.

Dina hubungan jeung anu lian, dina ngalaksanakeun ajaran agama, jeung dina ngalaksanakeun pancén nagara, urang téh kudu bisa nahan diri, tur bisa narima kritikan ti nu lian. Hal éta diatur dina panca parisuda, anu nétrélakeun yén ayana kritik téh kudu ditarima ku lagawa, tur kudu dipandang naséhat, pituduh, panglelemu, jeung ubar. Geura urang cutat ungkarana:

“Upamana urang kudil, éta kangken cai pamandyan. Upamana urang kurit, kangken datang nu ngaminyakan, upamana urang ponyo, kangken datang nu méré kéjo. Upamana urang hanaang, kangken datang (nu mawa) aroteun. Upamana urang handeudeul, kangken datang (nu mawa) seupaheun.”

Tarjamahanana: Kawas urang keur dekil, kritik téh lir cai pamandian. Kawas urang keur busik, datang anu ngaminyakan. Kawas urang keur lapar, datang anu mawa sangu. Kawas urang keur halabhab, datang anu mawa cai. Kawas urang keur ngabarungsinang, datang anu mawa seupaheun.

Dina jaman pra Islam, di wewengkon Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda (Pajajaran téa ceuk umum mah), ajaran agama jeung patikrama téh dilaksanakeunana awor dina kahirupan sapopoé. Dina kondisi kawas kitu, anu disebut kagiatan ritual agama téh teu loba. Béda jeung Hindu di Bali, upamana, anu euyeub ku kagiatan ritual agama.

Dina kahirupan urang Sunda baheula, ngolah lahan jeung miara tatanén téh jadi bagian tina kawajiban ngalaksanakeun agama. Hal ieu masih kénéh nyésa dina kahirupan urang Kanékés; yén anu disebut ngahuma téh bagian tina agama. Ana kitu, kagiatan agama dina kahirupan masarakat Sunda buhun mah gegedéna anu sipatna horisontal, lain vertikal ka luhur. Jadi pantes mun urang Sunda baheula teu pati butuheun ku candi, upamana, da anu disebut “ibadah” téh gegedéna mah cukup ku ngalaksanakeun kawajiban sapopoé, istilahna ngertakeun bumi lamba (ngama’murkeun dunya).

Ajaran agama jeung patikrama jadi ukuran atawa kritéria alus-goréngna tékad, ucap, sikep, jeung tingkah laku manusa, sarta nangtukeun kahontal henteuna karaharjaan hirup manusa, boh sacara individual boh sacara kelompok, boh di dunya boh di ahérat. Ajaran agama jeung patikrama jadi dadasar jeung ngajiwaan aturan kanagaraan jeung kamasarakatan.

Manusa anu teu tumut kana ajaran agama jeung patikrama, dina geus maotna téh erohna bakal sangsara. Sabalikna ti éta, manusa anu ngalaksanakeun agama jeung patikrama, dina geus maotna téh bakal panggih jeung kasenangan, tur ngahiji di kahiyangan.

Dina naskah Carita Parahiyangan (ditulis dina ahir abad ka-16) disebutkeun nagara aya dina kamunduran jeung kakacowan, nyaéta dina jaman nu jadi rajana Ratu Déwata, Sang Ratu Saksi, Sang Nilakéndra, jeung Nusiya Mulya. Ari sababna mah harita aya serangan musuh, para pamuka agama dikakaya, ngarempak pantrangan ka wanita larangan, maténi jalma teu tuah teu dosa, ngarampas hak batur, teu bakti ka kolot, rucah, ngutamakeun teuing kaméwahan dunya (pangan, sandang, papan), jeung ngagugulukeun hawa napsu. Nya ti harita pareumna Karajaan Pajajaran téh.

Saterusna mah asup ka jaman Islam. Asupna Islam ka Sunda téh dina suasana harmoni teu nimbulkeun barébédan. Pangna kitu téh di antarana waé lantaran dina ajaran Sunda buhun geus nyampak aturan anu loba sasaruanana jeung anu aya dina ajaran Islam. Urang Sunda kiwari umumna ngagem agama Islam.

Tapi najan geus Islam ogé aya sawatara bagian tina kapercayaan Sunda buhun anu rembes tur masih jadi kabiasaan masarakat. Minangka contona mah, urang Sunda anu geus Islam, dina mangsa puluhan taun ka tukang mah, salian ti sok solat téh, maranéhna angger waé sok ngukus. Kétang, boa ayeuna gé masih kénéh aya sinkrétismeu dina kahirupan urang Sunda téh. Enya, apan baheula gé, ku karuhun Sunda mah ajaran Hindu téh didalitkeun jeung kapercayaan tuturunan.* (tamat)

*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas