Napak Tilas

Agama Urang Sunda Dina Jaman Pajajaran (1)

0
Paninggalan Karajaan Pajajaran, karajaan Hindu nu aya di Jawa Barat (Foto:SundaNews/CNN Indonesia)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

 AYA pertanyaan, naon ari agama urang Sunda baheula? Atawa lamun diheureutan mah, agama dina jaman Pajajaran wé atuh, saméméh agama Islam jadi anutan sabagian gedé urang Sunda, tug ka kiwari.

Pikeun ngajawabna téh, sok dicokot gampangna baé. Agama urang Sunda ti abad ka-16 ka ditu nyaéta Hindu jeung Buda. Cindekna, aya anu ngagem agama Hindu, jeung aya anu ngagem agama Buda.

Tapi, naha éta dua agama téh resmi jadi agama nagara? Ari Prabu Sribaduga atawa ku urang Sunda mah sok disebut Prabu Siliwangi (nyekel pamaréntahan taun 1482-1521), naon agama anu diagemna?

Bisa jadi lamun nyaritakeun agama resmi anu dianut ku nagara mah rada hésé ngajawabna. Anu dimaksud hésé di dieu téh lamun diukurna ku sarana tempat ibadah anu jadi tempat upacara nagara. Dina persépsi urang, anu disebut sarana ibadah tingkat nagara mah tangtuna gé kudu agréng.

Mun urang Jawa baheula ngagem agama Hindu atawa Buda, tur éta téh jadi agama nagara, apan aya titinggalna, nyaéta candi anu alagréng—Borobudur jeung Prambanan, upamana. Kasawangna, dina keur diayakeun upacara kaagamaan téh, raja katut rahayatna tumplek di éta candi. Jigana mun dina jaman ayeuna mah teu jauh ari keur Idul Fitri, apan presidén katut para gegedén lianna téh ngalaksanakeun ibadahna di Masjid Istiqlal. Merenah pisan mun nagara boga sarana ibadah anu agréng.

Ari Prabu Siliwangi, di mana ngalaksanakeun ibadahna mun cunduk poé agung ceuk ajaran agamana? Tepi ka ayeuna, di puseur dayeuh anu baheula disebut Pakuan, tacan kapanggih titinggal anu diduga baheulana jadi tempat ngalaksanakeun upacara agama.

Mémang enya, ari nu disebut candi mah aya, tapi apan lokasina jauh ti Pakuan anu dina mangsa harita jadi puseur nagara Pajajaran. Urang sebut waé candi Batujaya anu ayeuna asup ka wewengkon Kabupatén Karawang. Atawa candi Bojongménjé anu lokasina di Rancaékék, Kabupatén Bandung. Tangtu waé candi anu aya di wewengkon Sunda mah, sacara fisik, jauh tangéh mun dibandingkeun jeung sajumlahing candi anu aya di Jawa. Maksud téh, candi anu aya di Sunda mah teu agréng, jaba kondisina geus butrak-batrék.

Ngahaja anu dipaké ukuran téh jaman Pajajaran, sabab ceuk dina hasil panungtikan sajarah, nya dina jaman Pajajaran nanjungna urang Sunda dina babak ahir saméméh dijajah ku Jawa téh. Jaman Pajajaran anu ceuk sumber sajarah mah jaman dihijikeunana Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh, urang Sunda aya dina posisi boga kadaolatan politik.

Cindekna, Pajajaran téh nagara anu merdéka, teu ngadunungan ka nagara séjén. Sanggeus Pajajaran runtag, taun 1579, kakuatan Sunda direcah jadi karajaan laleutik anu dina jaman saterusna ngadunungan ka Mataram. Nya ti harita urang Sunda mimiti teu boga kadaolatan téh. Atuh saterusna disambung deui ku jaman dijajah Walanda, dipungkas ku pendudukan Jepang.

Balik deui kana sual agama dina jaman Pajajaran, pikeun nyindekkeunana teu cukup mun ukur ngandelkeun dongéng, tapi kudu dumasar kana bukti sajarah. Dina hal ieu, urang kudu ngamutalaah katerangan anu nyampak dina naskah sajarah. Najan dianggap masih minim, tapi urang Sunda boga prasasti titinggal jaman buhun. Lian ti éta, ayawa sawatara naskah deuih, upamana waé Amanat Galunggung, Siksakandang Karesian, jeung Carita Parahiyangan.

Ngeunaan hal ieu, ku suargina Prof. Edi S. Ekadjati geus diungkab dina bukuna, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, wedalan Pustaka Jaya, taun 2005. Dina éta buku diébréhkeun ngeunaan agama anu dianut ku urang Sunda baheula.

Mundur jauh ka jaman buhun, kurang leuwih abad kalima, dina jaman Karajaan Tarumanagara, ceuk pamanggih Prof. Edi, agama Hindu téh resmi jadi agama nagara. Para brahmana boga otoritas dina ngalaksanakeun agama, boh di lingkungan karaton boh dina kahirupan balaréa. Hal ieu disabit sabit dina prasasti Tugu, waktu Raja Purnawarman ngahadiahkeun sarébu sapi ka para brahmana.

Aya titinggal patung Déwa Wisnu anu kapanggihna di Cibuaya (Karawang), anu hal éta nuduhkeun yén agama anu jadi anutan Tarumanagara téh Hindu sékteu Wisnu. Aya éta gé anu ngagem agama Buda, tapi jumlahna saeutik. Hal ieu bisa kapanggih dina tilu warta Cina anu ditulis ku Fa-Hsien, pendéta Buda, anu nyimpang ka Tarumanagara, taun 414, sanggeusna mulang ti India. Saméméh ka Tarumanagara, Fa-Hsien nyimpang heula ka Sriwijaya.

Saenyana, ti saméméh jaman Tarumanagara ogé di wewengkon anu ayeuna disebut Tatar Sunda téh geus aya pangeusina, ngan jigana tacan aya sistem pamaréntahan. Dina jaman harita teu ninggalkeun bukti tinulis, anu matak disebutna ogé jaman prasajarah. Titinggal jaman prasajarah anu nyésa téh di antarana tempat pamujaan, upamana waé sakumaha anu nyampak di Gunung Padang, Cianjur.

Cindekna, saméméh asup agama Hindu jeung Buda gé, karuhun urang baheula geus nganut hiji kapercayaan anu ku urang ayeuna sok disebut animismeu jeung dinamiseu. Tempat upacarana disebut situs pamujaan, di antarana anu aya Gunung Padang téa. Najan geus aya agama anyar, éta kapercayaan tetep hirup, malah dina kabuktianana terus awor jeung agama Hindu katut Buda anu jolna India.

Tarumanagara ahirna burak, dina abad katujuh. Minangka gagantina, nya ngadeg Karajaan Galuh anu diadegkeun ku Writikandayun (puseur dayeuhna di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali, ayeuna asupna ka Kabupatén Ciamis), jeung Karajaan Sunda anu diadegkeun ku Tarusbawa (puseur dayeuhna di Pakuan, ayeuna asup ka Bogor).

Dina jaman Galuh jeung Sunda, agama anu hirup téh aya tilu, nyaéta Hindu, Buda, jeung kapercayaan titinggal karuhun. Ceuk pamanggih Prof. Edi, wangunan suci candi Cangkuang, batu lingga di kompleks situs Prasasti Batutulis, jeung candi Bojongménjé mangrupa titinggal anu corakna Hindu. Kompléks candi Batujaya jeung patung Buda ti Talaga mangrupa prasarana jeung sarana ibadah anu nganut agama Buda. Ari situs pundén berundak Lebak Cibedug, arca tipeu Polinésia di Gunung Kapur jeung Pulo Panaitan, sarta masarakat Kanékés di Banten Kidul ngébréhkeun média jeung titinggal kapercayaan asli penduduk Tatar Sunda, Kitu deui ajaran agama jeung étika hirup masarakat Sunda anu anu nyampak dina naskah mangrupa bukti aworna agama jeung kapercayaan jaman baheula.

Aya deuih anu ku urang kudu dicatet ngeunaan kahirupan jeung ageman dina jaman Sunda jeung Galuh, nyaéta (1) ayana kabébasan pikeun saban penduduk dina ngagem agama katut sékteuna dumasar kana kayakinan séwang-séwangan, (2) aya prosés sinkrétismeu dina ajaran agama, nyaéta aworna sawatara paham atawa aliran agama pikeun nyungsi bebeneran, kasaimbangan, katingtriman, jeung sajabana, jeung (3) éta anu dua hal téh lumangsung kalawan répéh-rapih, tanpa ngalantarankeun ayana konflik di masarakat.

Dina agama anu dianut ku urang Sunda jaman harita aya prosés ngaworkeun agama anu jolna ti luar jeung kapercayaan anu geus nyampak. Upamana waé Trimurti atawa tilu déwa dina agama Hindu (Brahma, Wisnu, jeung Siwa) posisina jadi aya di sahandapeun Sang Hiyang Tunggal. Kitu deui éta para déwa téh dicarukkeun jeung para mahluk gaib anu geus hirup dina kapercayaan karuhun urang. Upamana waé jadi aya Pwa Sanghiyang Sri (déwi paré), Pwa Naga Nagini (déwi bumi), jeung Pwa Soma Adi (déwi bulan). Tangtu waé dina agama Hindu anu torojogan ti India mah euweuh éta téh. Diasupkeunana sajumlahing ngaran kana réngréngén déwa saenyana mah nuduhkeun “karancagéan” karuhun urang baheula.

Ana kitu, agama Hindu anu hirup di masarakat Sunda baheula teu sarua jeung Hindu di masarakat Jawa, upamana. Dina naskah Siksakandang Karesian, diébréhkeun kumaha pacarukna ajén-inajén anu sumberna tina agama Hindu, Buda, jeung kapercayaan buhun.

Ku sabab geus dipacrukkeun téa, tangtu waé dina ngalaksanakeun ritual agama ogé boga carana sorangan. Najan ngagem agama Hindu atawa Buda gé, ari dina urusan tempat ibadah anu dimumulé ku urang Sunda mah angger waé kabuyutan, lain candi. Ajén kabuyutan leuwih luhur batan karaton. Buktina waé lamun nagara dijorag musuh, anu kudu enya-enya dipertahankeun téh kabuyutan, lain karaton. Ceuk dina naskah, jalma anu teu bisa mertahankeun kabuyutan tina pangjorag musuh dianggap leuwih hina batan kulit lasun di jarian.

Jigana hal éta di antarana anu jadi marga lantaran di Sunda mah taya candi alagréng. Ari anu disebut kabuyutan, apan kondisi fisikna téh henteu agréng, tur ngahiji jeung lingkungan alamna.

Kabuyutan téh aya tilu rupa. Kahiji, anu mangrupa lembaga pendidikan jeung tempat neuleuman élmu agama, upamana Kabuyutan Sanghiyang Binayapanti jeung Kabuyutan Gunung Kumbang. Kadua, kabuyutan tempat upacara agama, upamana Kabuyutan Jaya Giri, Sunda Sembawa, Gunung Samaya, jeung Kanékés (ayeuna ku urang sok disebut Baduy). Katilu, anu mangrupa simbul kanagaraan, upamana Kabuyutan Gunung Gedé pikeun Karajaan Sunda, Kabuyutan Galunggung pikeun Karajaan Galuh, Kabuyutan Gunung Pulosari pikeun karajaan bawahan Banten.

Lian ti éta, aya anu disebut Kabuyutan Lemah Déwasasana (tempat pamujaan ka para déwa dumasar konsép agama Hindu), jeung Kabuyutan Lemah Parahiyangan (tempat pamujaan ka para Hiyang, nyaéta anu dianggap Pangéran dina konsép agama Jati Sunda atawa Sunda Wiwitan ).

Kitu anu diébrehkeun dina naskah kuno Sunda. Di lokasi kabuyutan téh aya sarana ibadah. Hal ieu upamana katangén dina upacara agama anu dilaksanakeun ku masarakat Kanékés anu sok ngajarugjug ka Sasana Pusaka Buana jeung Sasaka Domas anu perenahna di jero leuweung larangan, di hulu Walungan Ciujung

Hasil ngamutalaah sawatara sumber informasi ngeunaan kaagamaan dina jaman Sunda buhun ngébréhkeun yén masarakat di Karajaan Sunda jeung Galuh geus miboga konsép anu patali jeung (1) kapangéranan dumasar kana persépsi sorangan, (2) kahirupan di alam séjén (ahérat) sanggeusna maot, jeung (3) cara-cara pikeun ngahontal kasalametan dunya-ahérat ku cara migawé amal katut tapa saluyu jeung kadudukan masing-masing. Ngan waé kumaha ari prak-prakan ibadah atawa muja kakuatan séjén anu leuwih luhur anu mangrupa ritual agama mah teu diterangkeun. Kaweruh ngeunaan hal éta ukur bisa kagambar dina tata cara urang Kanékés kiwari dina ngalaksanakeun ritual agamana.

Karuhun urang baheula geus percaya kana hal-hal gaib anu patali jeung jiwa—yén sanggeusna maot téh, anu disebut jiwa henteu indit jauh, tapi tetep aya di sabudeureun pamatuhan asalna, ngan waé sesebutanana geus jadi eroh. Tah, eroh para karuhun téh nyumiratkeun kakuatan gaib anu bisa ngalantarankeun hadé atawa goréng pikeun kahirupan manusa anu masih kumelendang di alam nyata (dunya). Sangkan kakuatan alam gaib téh mawa kahadéan, jalma anu masih harirup ngayakeun pamujaan ka eroh para karuhunna.

Waktu asup ajaran Hindu jeung Buda, karuhun urang baheula jadi terus wawuh kana konsép alam gaib séjén, nyaéta para déwa. Ari anu disebut déwa, apan asalna lain tina eroh manusa anu geus maot. Déwa anu jumlahna réa téh baroga tugas masing-masing dina ngatur kahirupan manusa. Saban anu ngagem agama Hindu atawa Buda tangtu miharep yén sanggeusna maot téh erohna bisa asup ka sawarga, babarengan jeung para déwa. * (hanca)

      *  H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu nu kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas