Ku: Yaya Mulyana A Aziz
MASARAKAT dijadikeun bingung sakaligus sedih ku pesona para elit di panggung kakawasan kalayan korupsi anu numpuk-numpuk jeung gila-gilaan, sedengkeun loba rakyat hésé pisan neangan panghirupan , ditambah deuih PHK massal kajadian di mana-mana kaasup Sritex.
Kunaon para koruptor bisa samanea nguras keuangan nagara, saperti anu kajadian di Pertamina, BI, Jiawasraya, PSN PIK 2? Bisa jadi ieu ngan ukur pucuk gunung es sabab loba kasus korupsi anu can kabongkar. Asa tojaiah pisan, ari nagarana beunghar medah-meduh, tapi tapi rakyatna tetep miskin sabab kabeungharan anu ngalimpah ruah teh ngan ukur muter jeung dikuasai ku para bandit jeung oligarki.
Dina jero Al-Qur’an, Allah Swt parantos nyebatkeun fenomena éta dina surat An-Anam ayat 123 anu hartina: Jeung kitu Kami nyiptakeun di unggal nagara penjahat-penjahat anu pangbadagna supaya maranéhna ngalakukeun tipu daya di nagara éta. Sarta maranehna teu ngapusbatani dirina sorangan, sedengkeun maranehna teu nyadar.
Satuluyna, kuring hayang nyaho leuwih anteb ku muka TafsirKementrian Agama RI anu nyebatkeun: Allah teras nenangkeun hate Nabi Muhammad ku ngajelaskeun yén para pembesar anu jahat henteu ngan ukur aya di Mekah, tapi ogé di unggal nagara. Sareng kitu ogé di unggal nagara Kami ngajadikeun pembesar-pembesar anu jahat pikeun ngalakukeun tipu daya di nagara éta sabab maranehna langkung sanggup nipu bawahanana, sareng dina kabiasaan, masarakat bakal nuturkeun atasanana naha dina hal kahadéan atanapi kaburukan. Tapi maranehna ngan ukur nipu diri sorangan tanpa nyadar, akibat tina lampah maranehna bakal keuna ka maranehna sorangan. Ampir di unggal nagara jeung kota gedé aya sababaraha pembesar anu korup jeung jahat anu ngalakukeun tipu daya.
Geus jadi sunatullah di masarakat yén unggal waktu Allah Swt ngutus hiji rasul dina hiji tempat pikeun masihan bimbingan ka maranehna sok aya pamingpin-pamingpin anu musuh ka rasul éta sarta pengikut-pengikutna. Padahal rasul éta boga maksud pikeun ngalaksanakeun perbaikan jeung pembenahan. Sering muncul di sababaraha nagara jeung kota gedé, sabaraha tokoh anu hayang merebut kakuwasan jeung ngumpulkeun kabeungharan ku rupa-rupa cara.
Samentara éta, ningali karut marut tata kelola nagara ieu, kuring nyobian nalungtik konsép kakuwasan dina Islam anu dumasar kana ajaran-ajaran Al-Qur’an jeung Hadis, sarta prinsip-prinsip anu nekenkeun kaadilan, tanggung jawab, jeung amanah. Dina pandangan Islam, kakuwasan sanés milik pribadi atawa kelompok tertentu, tapi mangrupakeun amanah ti Allah anu kudu dikelola kalayan hadé pikeun kahadéan umat manusa. Sababaraha aspek utama dina konsép kakuwasan dina Islam nyaéta kieu:
Kahiji, kakawasan salaku amanah ti Allah dina Islam, kakawasan dipandang salaku amanah ti Allah anu kudu dipaké pikeun ngahontal kamaslahatan umat. Hiji pamimpin (khalifah) dina Islam diarepkeun ngalaksanakeun tugasna kalayan adil, bijaksana, jeung pinuh tanggung jawab.
Kadua, prinsip keadilan. Keadilan nyaéta salah sahiji nilai utama dina Islam. Pamingpin anu berkuasa kudu mastikeun yén kabijakan jeung kaputusan anu dijeiun ku arinyana mere kaadilan pikeun sakabéh pihak tanpa ngabédakeun. Rasulullah SAW nyarios, “Sakumaha anu dipikanyaho, para pamimpin téh pelayan pikeun rahayatna, sarta maranéhna bakal dipenta tanggung jawab pikeun sagala tindakan maranéhna di payuneun Allah.” (HR. Bukhari jeung Muslim)
Ketilu, musyawarah (syura). Prinsip musyawarah atawa konsultasi ditekenkan pisan dina Islam salaku bagian tina pengambilan keputusan dina kakuwasan. Al-Qur’an dina Surah Asy-Syura (42:38) nyebatkeun pentingna musyawarah dina urusan umat.
Kaopat, tanggung jawab ka umat. Saurang pamingpin dina Islam henteu ngan ukur gaduh kakawasaan, tapi ogé tanggung jawab moral jeung sosial. Pamingpin kedah tanggung jawab kana karaharjaan umatna jeung usaha ngajaga katentreman jeung kamakmuran.
Kalima, kakawasaan terbatas.Dina Islam, kakawasaan sifatna terbatas jeung henteu absolut. Teu aya hiji individu ogé anu gaduh kakawasaan tanpa wates. Unggal pamingpin kudu ngalakukeun tindakan nurutkeun hukum Allah jeung syariat Islam.
Kagenep, kakawasaan pikeun nyejahterakeun umat. Tujuan utama kakawasaan dina Islam nyaéta pikeun ngahontal karaharjaan umat, lain pikeun nyugemakeun kahayang pribadi atawa golongan. Pamaréntahan anu hadé dina Islam nyaéta anu ngutamakeun kapentingan rahayat, mere kabébasan ibadah, sarta nyiptakeun lingkungan anu harmonis jeung sejahtera.
Sacara umum, konsép kakawasan dina Islam pisan nekenkeun kana kaadilan, musyawarah, amanah, jeung tanggung jawab, kalayan tujuan pikeun nyiptakeun masarakat anu adil jeung sejahtera. Satuluyna sakumaha anu diucapkeun ku hujajtul Islam, Imam Al-Ghazali, agama jeung kakuwasan téh dua hal anu kembar. Agama téh pondasi jeung kakuwasan téh penjagana. Sagala hal anu teu berpondasi pasti bakal rubuh jeung sagala hal anu teu berpenjaga pasti bakal leungit jeung sirna.*
* Yaya Mulyana A. Azis, Guru Besar jeung Wakil Direktur I Pascasarjana Universitas Pasundan (Unpas), Ketua Litbang Paguyuban Pasundan, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments