Ku: Aliya Luthfiah Zulfa
WARISAN budaya lain ngan saukur pikeun diinget, tapi kudu terus dihirupkeun dina kahirupan sapopoé.
Di tengah derasna arus modernisasi, budaya Sunda nyanghareupan tangtangan anu teu basajan.. Kamajuan teknologi, parobahan gaya hirup, jeung asupna rupa-rupa budaya ti luar ngajadikeun generasi ngora miboga loba pilihan dina nangtukeun cara nyarita, papakéan, nepi ka ngalakonan kahirupan. Di tengah parobahan éta, aya hiji patalékan anu pantes dipikiran: naha budaya Sunda masih miboga tempat dina haté generasi ngorana sorangan?
Budaya Sunda lain saukur basa anu dipaké dina paguneman sapopoé. Di jerona aya ajén kasopanan, silih ajénan, sumanget gotong royong, sarta kearifan lokal anu diwariskeun ti hiji generasi ka generasi saterusna. Ajén-ajén éta jadi bagian tina jati diri masarakat Sunda anu sakuduna tetep hirup, sanajan jaman terus robah.
Hanjakalna, dina kahirupan sapopoé, pamakéan basa Sunda mimiti nyanghareupan tangtangan, utamana di kalangan generasi ngora. Teu saeutik nonoman anu leuwih biasa ngagunakeun basa Indonésia atawa basa asing dina rupa-rupa kaayaan. Ari kasenian tradisional, kaulinan barudak, jeung kabiasaan lokal séjénna, sakapeung ngan ukur dipikawanoh sabates pangaweruh, tanpa bener-bener jadi bagian tina kahirupan maranéhna.
Sanajan kitu, nyalahkeun generasi ngora lain jalan kaluarna. Parobahan jaman mangrupa kanyataan anu teu bisa dihindari. Generasi ngora tumuwuh dina lingkungan anu bėda jeung generasi saméméhna, kalayan aksés informasi anu leuwih lega. Ku kituna, ngamumulé budaya teu sakuduna dilakukeun ku cara maksa maranéhna balik deui ka jaman baheula, tapi ku cara. ngawanohkeun budaya dina wangun anu deukeut jeung kahirupan maranéhna kiwari.
Média sosial, contona, bisa dijadikeun tempat pikeun ngawanohkeun deui budaya Sunda. Basa Sunda bisa dipaké dina kontén kréatif, carita pondok, vidéo komédi, nepi ka ulasan ngeunaan tradisi lokal. Kitu deui kasenian tradisional anu bisa diwanohkeun ngaliwatan dokumentasi digital anu matak pikaresepeun, tanpa ngaleungitkeun ajén jeung harti aslina. Ku kituna, téknologi teu salawasna jadi ancaman pikeun kabudayaan. Lamun dimangpaatkeun kalawan wijaksana, téknologi malah bisa jadi sasak panghubung antara warisan baheula jeung kahirupan kiwari.
Salian ti éta, kulawarga jeung lingkungan atikan miboga peran penting dina ngajaga kalumangsungan budaya Sunda. Basa daérah perlu diwanohkeun lain ngan saukur minangka mata pelajaran, tapi ogé minangka bagian tina komunikasi sapopoé. Barudak jeung rumaja perlu dibéré kasempetan pikeun mikawanoh budayana sorangan, ngarti kana hartina, sarta ngarasa reueus nalika ngagunakeunana. Sabab, hiji hal anu teu kungsi diwanohkeun bakal hésé pikeun dipikacinta, sedengkeun hiji hal anu geus teu dipaké deui laun-laun bisa leungit tempatna.
Ngamumulé budaya ogé lain hartina nolak kamajuan. Hiji jalma bisa nuturkeun kamekaran jaman, ngawasa téknologi, jeung mikawanoh budaya dunya tanpa kudu kaleungitan jati diri asalna. Jadi jalma modéren lain hartina kudu ninggalkeun tradisi, sakumaha mikacinta tradisi ogé lain hartina nutup diri tina parobahan. Duanana bisa hirup babarengan salila aya kasadaran pikeun ngajaga. ajén-ajén anu dianggap penting.
Pamustunganana, mangsa hareup budaya Sunda lain ngan ditangtukeun ku para seniman, tokoh adat, atawa pamaréntah, tapi ogé ku pilihan-pilihan basajan anu dilakukeun ku generasi ngorana. Ngagunakeun basa Sunda dina paguneman, diajar kasenian daérah, mikawanoh sajarah tempat cicing, atawa ngabagikeun pangaweruh ngeunaan tradisi ngaliwatan média sosial mangrupa léngkah leutik anu miboga harti gedé.
Budaya moal bisa terus hirup ngan saukur lantaran ngaranna kacatet dina buku atawa diinget dina hiji perayaan. Budaya bakal tetep hirup lamun dipaké, dipikaharti, sarta diwariskeun dina kahirupan nyata. Generasi ngora teu kudu ngan saukur jadi panangtu jaman baheula anu cicingeun, tapi bisa jadi panerus anu méré kahirupan anyar pikeun warisan karuhunna. Sabab, budaya Sunda lain saukur carita ngeunaan ti mana urang asalna, tapi ogé ngeunaan ajén naon anu hayang urang bawa pikeun nyanghareupan mangsa hareup.
*Aliya Luthfiah Zulfa, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati. Kiwari keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments