SURAT TI PAMACA

Trotoar Di Bandung Kudu Ditartibkeun

0

Trotoar mangrupa fasilitas umum anu sakuduna nyadiakeun tempat anu aman jeung merenah pikeun nu leumpang. Tapi, di sababaraha wewengkon Kota Bandung, trotoar masih kénéh mindeng dipaké pikeun parkir kendaraan. Kaayaan ieu jadi pasualan katertiban, utamana di wewengkon Jalan Dago jeung Jalan Riau anu kungsi jadi perhatian Pamaréntah Kota Bandung.

Pasualan parkir liar lain ngan saukur ngaganggu kanyamanan nu leumpang, tapi ogé bisa ngahususkeun jalan sarta nambahan kapadetan lalu lintas. Dumasar kana warta detikJabar 5 Nopémber 2026, Dinas Perhubungan Kota Bandung geus nindak 1.729 kendaraan anu parkir sambarangan salila bulan Pébruari nepi ka Oktober 2026. Ieu nuduhkeun yén palanggaran parkir masih jadi pasualan anu kudu diperhatikeun sacara serius.

Trotoar anu sakuduna jadi hak nu leumpang kalah ka leungit fungsina lantaran dipinuhan ku kendaraan. Masarakat anu leumpang ahirna kudu néangan jalan séjén pikeun ngaliwat. Salian ti ngurangan kanyamanan, kaayaan ieu ogé bisa ngabahayakeun kasalametan nu leumpang sarta ngaganggu katartiban lalu lintas.

Ku kituna, Pamaréntah Kota Bandung ngaliwatan Dinas Perhubungan jeung Satpol PP perlu ningkatkeun pangawasan sarta tindakan ka nu ngalanggar aturan parkir sacara konsisten.

Pamaréntah ogé perlu nyadiakeun tempat parkir anu nyukupan, masang panghalang trotoar anu tetep bisa dipaké ku kelompok disabilitas, sarta nertibkeun kendaraan anu ngagunakeun fasilitas pikeun nu leumpang. Ku kituna, trotoar bisa deui dipaké luyu jeung fungsina sarta katartiban lalu lintas di Kota Bandung bisa leuwih hadé.

I’tishama Maulaan Ar-Rayyani
Sukamulya, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat

You may also like

Comments

Comments are closed.