Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (20-8-2026). Lobana naskah anu midangkeun lalakon Dipati Ukur nuduhkeun yén éta tokoh téh mémang kawentar dina jamanna. Dina tulisan bagian kahiji ieu tulisan geus ditétélakeun, kabéhna aya 23 naskah, anu bisa dibagi deui jadi dalapan versi. Ditulisna dina rupa-rupa basa reujeung aksarana.
Dina disertasina, Edi S. Ekadjati nyebutkeun éta naskah anu 23 téh ditulisna dina mangsa anu béda-béda, waktu Tatar Sunda masih kénéh dijajah, boh dijajah ku Jawa boh ku Walanda. Anu disusun dina abad ka-17 aya sanaskah, abad ka-18 aya lima naskah, abad ka-19 aya 12 naskah, jeung abad ka-20 aya opat naskah, ditambah ku sanaskah anu disusunna jaman Indonésia merdéka (taun 1957).
Diterangkeun ku Edi Ekadjati yén anu 23 naskah téh kabéh gé hasil salinan. Malah aya anu salinan anu kasakitu kalina. Cindekna aya naskah babonna (sumber aslina), ngan tacan kapanggih. Lian ti éta, anu dijieun sumber pikeun nyusun naskah téh nyaéta carita lisan anu hirup turun-tumurun.
Lalakon inti anu karandapan ku Dipati Ukur téh mémang bagian tina sajarah anu lumangsung di Pasundan, dina taun 1620 tepi ka 1636 Masehi. Pangna ébréhan carita Dipati Ukur jadi béda-béda téh lantaran teu sarua dina waktu ditulisna, teu sarua kasang tukangna, jeung teu sarua kapentinganana.
Dina sakabéh naskah, lalakon inti anu sarua téh nyaéta (1) Dipati Ukur ngarurug VOC di Batavia pikeun ngalaksanakeun pancén ti Sultan Mataram; jeung (2) sanggeus gagal ngarurug VOC, Dipati Ukur malik baha (berontak) ka Sultan Mataram.
Pasualanana, naha bet terus baha ka dunungan? Pangna disebut dunungan téh sabab jaman harita Ukur jadi bawahan Mataram. Dina kalolobaan naskah disebutkeun yén Dipati Ukur téh ngalawan ka atasan ku cara nolak dipanggil pikeun mangadep ka Sultan Mataram (mun dina hukum militer lantaran disérsi). Pangna kitu téh lantaran dirina sieun ditibanan hukuman, balukarna tina gagalna nyerang bénténg VOC. Cindekna, jeung tibatan dihukum pati ku dunungan, nya mending ngalawan.
Anu jadi kasang tukang pangna Dipati Ukur baha ka Mataram téh, dina Babad Tanah Pasundan mah aya deui tambahna, henteu ngan saukur sieun dihukum ku Sultan Agung lantaran perangna éléh. Dipati Ukur hayang ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram anu harita ngajajah Tatar Sunda. Cohagna mah, lantaran aya kasadaran hayang boga wewengkon anu merdéka, henteu ngadunungan ka Jawa. Geura urang cutat:
“Dipati Ukur tuluy mubus ka pagunungan sarta baladna kira-kira dalapan atawa sapuluh rébu jelema dienclok-enclok, dipaturaykeun sagundukan-sagundukan, nu matak upama dikumpulkeun di satempat, moal mahi baris pitedaeunana. Jeung deui Dipati Ukur ngajakan anjeunna ménak atawa kapala-kapala Sunda nu séjén, supaya nurutan ngalawan ka susuhunan, meungpeung susuhunan ayeuna keur kakurangan balad jeung harta kakara mentas perang jeung Batawi téa. Tapi karéréanana ménak-ménak Sunda henteu waranieun sanajan susuhunan keur meujeuhna lacur ogé.
Coba lamun harita sakabéh ménak jeung kapala-kapala Sunda rempug sauyunan jeung Dipati Ukur pada ngalawan ka susuhunan, taksiran harita ogé tanah Pasundan panglega-legana geus leupas dina dieréhna ku Jawa. Tina sabab pakia-kiana ménak-ménak jeung kapala-kapala Sunda, matak jadi kacilakaan ka nagara jeung ka jelema-jelemana sarta éta sababna nu matak tanah Pasundan tepi ka 50 taun ti waktu harita masih kawengku kénéh ku susuhunan baé.”
Tina éta naskah kagambar yén para pamingpin Sunda dina alam harita teu kompak, Malah lain ngan teu kompak wungkul, tapi deuih aya di antarana anu ngabocorkeun ketak Dipati Ukur ka Sultan Mataram. Éta pangna Sultan Agung langsung ngaluarkeun paréntah pikeun ngarurug Ukur, sabab lamun diantep mah teu mustahil bakal jadi cucuk rungkang, tur bakal ngaganggu kana kadaolatan Mataram anu gedé karep hayang ngawasa wewengkon séjén, hususna karajaan/kasultanan nu aya di Pulo Jawa. Apan karepna mah Banten gé rék dirurug, ngan kahalangan ku VOC anu ngawasa Batavia.
Dina umumna naskah disebutkeun yén pikeun ngalaksanakeun niatna enggoning lésot tina kakawasaan Sultan Mataram, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung Lumbung. Dina sawatara naskah disebutkeun yén Gunung Lumbung téh lokasina di wewengkon Cililin (ayeuna kaasup wewengkon Kabupatén Bandung Barat). Tapi ari dina naskah versi Batavia mah béda deui, cenah Gunung Lumbung téh ayana di bawahan Sukapura (ayeuna jadi Tasikmalaya).
Leupas tina di mana ari sabenerna Gunung Lumbung, anu sidik éta bénténg pertahanan téh kaitung strategis ceuk élmu perang dina alam harita. Lokasina aya di luhur, tur lamun rék ngajugjug ka dinya téh kudu ngaliwatan heula jungkrang anu nawing. Pasukan Mataram anu dipingpin ku Tumenggung Narapaksa teu bisa nembus ka Gunung Lumbung, sabab ti luhur ditinggangang ku batu, tepi ka ahirna bubar katawuran. (nyambung) *
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments