BAHASAN

Dipati Ukur: Tulisan Kadua Tina Opat Bagian

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (19/8/2026). Ceuk dina salah sahiji versi, Sultan Agung nempatkeun Pangéran Cahyana pikeun ngemban pancén di Tatar Ukur anu karék ragrag kana kakawasaan Mataram (taun 1620). Bet diparengkeun ngajodo ka Nyai Gedéng Ukur, anakna Dipati Agung anu harita keur jadi bupati. Ieu bupati téh turunan raja Sunda (anu ilaharna sok disebut Pajajaran) dina mangsa pamungkas.

Dipati Agung tilar dunya. Anu diangkat jadi gagantina ku Sultan Agung nya minantuna, alias Pangéran Cahyana téa. Nya ti harita jadi boga sesebutan Dipati Ukur téh, anu sababiyahna mah diwaris jabatan ku mitoha.

Tina bupati, dina taun 1625, Dipati Ukur terus naék pangkat jadi kapala sakabéh bupati anu aya di Priangan (istilahna bupati wadana). Mun ayeuna mah tugasna téh jigana jadi koordinator wilayah. Tadina anu mingpin sakabéh bupati di Priangan téh Rangga Gempol, ti Sumedang. Saha-sahana anu ditunjuk jadi bupati wadana mah éta téh kumaha ceuk putusan Sultan Mataram.

Pikeun ékspansi kakawasaan Mataram, Sultan Agung ngincer Banten, tapi kahalangan ku Walanda (VOC atawa sok disebut kumpeni) anu nyieun bénténg di Batavia (ayeuna Jakarta). Sultan Agung nibankeun pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug kumpeni. Dina babadamian awal, pasukan Dipati Ukur bakal digabungkeun jeung pasukan Mataram anu dipingpin ku Tumenggung Bahurékso, panggihna di Karawang.

Lebah nyaritakeun jumlah pasukan anu dibawa ku Dipati Ukur gé teu sarua. Aya naskah anu nyebutkeun mawa sapuluh rébu, tapi ceuk dina naskah séjén mah ukur opat rébu. Éta pasukan inditna ti Tatar Ukur ngaliwatan Cikao (ayeuna aya di wewengkon Kabupatén Purwakarta). Terus ngalér, tepi ka anjog ka wewengkon Karawang.

Pasukan Dipati Ukur ngadagoan datangna pasukan anu dipingpin Bahurékso di tempat anu geus dipasinikeun. Teu jol waé, bari teu puguh naon anu jadi alesanana. Antukna Dipati Ukur nyieun inisiatif nyerang bénténg kumpeni, bari teu dibarengan ku pasukan Mataram.

Pasukan Dipati Ukur teu mampuh ngancurkeun tentara kumpeni, tepi ka ahirna bubar katawuran, laju buru-buru ninggalkeun médan perang. Dina waktu pasukan Dipati Ukur geus mundur, pasukan Bahurékso kakara datang. Der deui nyerang ka bénténg VOC. Éléh deui waé pasukan Bahurékso gé, tepi ka ahirna sarua ditarik mundur. Cindekna, ngarurug bénténg kumpeni di Batavia téh gagal.

Ngeunaan serangan ka bénténg VOC, dina catetan anu dijieun ku urang Walanda mah disebutkeun yén saenyana pasukan Dipati Ukur jeung pasukan Bahurékso téh babarengan. Mana nu bener? Wallohu alam.

Ngeunaan miangna pasukan Dipati Ukur ka Batavia, aya deui naskah anu eusina béda, nyaéta anu ditulis dina basa Walanda. Di dinya disebutkeun yén dina waktuna rék ngarurug Batavia, Sultan Agung ngiangkeun utusan ka Tatar Ukur, maksudna mah pikeun nepikeun paréntah ka Dipati Ukur. Dina waktuna pasukan ti Ukur indit ka Batavia, para utusan Mataram henteu marilu, tapi kalah caricing di Ukur.

Tétéla éta utusan Mataram téh milampah gawé teu uni. Nya aya anu ngabéjakeun ka Dipati Ukur anu harita keur aya di satengahing perjalanan. Lantaran ambék duméh asa ditincak hulu, Dipati Ukur teu jadi miang ka Batavia, tapi terus baralik deui. Ari éta utusan Mataram anu ngacowkeun ahirna kabéhanana dipaténi.

Béja ngeunaan dipaéhanana utusan Mataram di Tatar Ukur, jeung teu tulusna Dipati Ukur mawa pasukan ka batavia, ngalantarankeun Sultan Agung ambek liwat saking. Nya terus waé ngirimkeun rébuan pasukan pikeun ngarurug Dipati Ukur.

Sok sanajan carita dina saban versi aya waé béda-bédana, tapi saenyana aya alur poko anu sarua. Kahiji, dina alam harita (taun 1620-an), Tatar Ukur aya dina kakawasaan Sultan Mataram. Kadua, Sultan Mataram méré pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug bénténg VOC di Batavia. Katilu, serangan ka bénténg Batavia téh gagal; dina harti Mataram jadi pihak anu éléh. Kaopat, Dipati Ukur boga karep ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram. Kalima, pikeun ngalaksanakeun maksudna, Dipati Ukur nyieun bénténg pertahanan di Gunung Lumbung. Kagenep, pasukan Mataram diiangkeun ka Gunung Lumbung pikeun ngarurug Dipati Ukur anu dianggap geus baha ka Sultan Agung.

Alur anu bieu ditétélaleun mah dina sakabéh naskah ogé kaunggel. Béda-bédana téh dina lebah lumangsungna peperangan. Ceuk dina hiji naskah, pasukan Mataram bisa nembus pertahanan bénténg Gunung Lumbung, tepi ka ahirna Dipati Ukur bisa kacerek. Ari ceuk umumna naskah séjén, pasukan Mataram boboléh lantaran teu mampuh ngelehkeun pasukan Dipati Ukur.

Dina kaayaan pasukan Dipati Ukur teu bisa diéléhkeun, Sultan Agung ngayakeun saémbara yén sing saha waé anu bisa nyerek Dipati Ukur, rék hirup rék paéh, bakal dibéré ganjaran ku mangrupa kalungguhan. Tétéla aya sawatara gegedén di Pasundan anu sadia mantuan Sultan Agung. Nya ahirna mah Dipati Ukur bisa kacerek ku urang Sunda kénéh. (nyambung) *

       *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in BAHASAN