BAHASAN

Dipati Ukur: Tulisan Kahiji Tina Opat Bagian

0

 

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (18/8/2026). Sajaba ti Siliwangi, anu mindeng disebut-sebut ku urang Sunda nyaéta Dipati Ukur. Ditarulis jadi carita dina rupa-rupa wangun jeung vérsi. Upamana waé aya anu jadi novel sakumaha nu dipigawé ku Sufyan Iskandar. Ari ku Wahyu Wibisana mah dianggit jadi naskah gending karesmén. Geus karuhan ari anu ditulisna dina wangun anu leuwih pondok mah, kayaning carpon, sajak, atawa dangding.

Dina naskah heubeul, lalakon Dipati Ukur geus mimiti ditulis ti abad ka-17 kénéh, ilaharna winangun babad. Saterusna aya deui anu ditulis winangun wawacan. Lalakon Dipati Ukur dina naskah heubeul jadi bahan ulikan Edi S. Ekadjati waktu nulis disertasi pikeun ngahontal gelar doktor di UI, taun 1979. Edi nyebutkeun, kabéhna aya 23 naskah, ditulisna dina mangsa jeung di tempat anu béda-béda.

Tina jumlah sakitu téh bisa dipasing-pasing jadi dalapan versi, nyaéta versi Galuh, Sukapura, Sumedang, Bandung, Talaga, Banten, Mataram, jeung Batavia. Ditulisna dina basa Sunda, Jawa, jeung Walanda. Aya anu ngagunakeun aksara Jawa, Jawa-Sunda, Pégon (Arab gundul), jeung Latén. Ka dieunakeun, di antarana aya anu terbit jadi buku, ngagunakeun téknologi percitakan.

Dipati Ukur mémang tokoh sajarah anu aya dikieuna, anu ceuk dina catetan sajarah, ahir jumenengna téh kurang leuwih taun 1630 Maséhi. Jadi lain tokoh mitos atawa légenda kawas Sangkuriang, upamana. Ajip Rosidi, dina bukuna Manusia Sunda (citakan katilu, 2009) nempatkeun Dipati Ukur dina kelompok tokoh sajarah pikeun ngalengkepan tangtungan urang Sunda, di sagigireun Ki Tapa, Pangéran Kornél, Haji Hasan Mustapa, jeung Déwi Sartika.

Ku réana éta vérsi, antukna saha-sahana ari Dipati Ukur dina saban naskah téh teu persis sarua. Upamana waé dina lebah nyaritakeun saha ari karuhunna. Aya naskah anu nyebutkeun asli turunan Sunda, tapi ceuk dina naskah séjén mah urang Banyumas, malah katétésan getih Arab. Kitu deui makamna aya di sawatara tempat.

Umumna dina naskah anu ditulis téh disebutkeun yén  Dipati Ukur dihukum pati ku Sultan Mataram. Tapi ceuk versi séjén mah lain kitu. Malah ceuk dina naskah séjénna deui mah, Dipati Ukur kungsi munggah haji ka Tanah Suci, terus samulangna deui ka lemah cai gedé jasana dina nyebarkeun agama Islam.

Lahirna rupa-rupa vérsi téh di antarana waé patali jeung kapentingan saha anu nulisna. Carita Dipati Ukur versi Bandung béda eusina jeung versi Mataram, upamana, mana komo jeung versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda mah.

Lamun ditilik tina lokasi katut peristiwana, anu paling deukeut pakaitna téh nya versi Bandung, sabab apan Dipati Ukur téh tokoh sajarah anu posisina jadi pamingpin Tatar Ukur, anu ayeuna katelahna Bandung. Terus deuih dina naskah versi Mataram, sabab dina mangsa harita, Tatar Ukur aya dina kakawasaan Mataram, sanggeusna Sultan Agung ngayakeun ékspansi pikeun ngajajah wewengkon Sunda. Kitu deui versi Batavia anu ditulisna ku urang Walanda ogé dianggap deukeut patalina, sabab Dipati Ukur kungsi nyerang bénténg VOC di Batavia, pikeun ngemban timbalan Sultan Mataram.

Dina Ensiklopedi Sunda (Pustaka Jaya, 2000), dumasar kana sumber tradisi, ditétélakeun yén Dipati Ukur téh nyekel kalungguhan jadi bupati di Tatar Ukur, dina mangsa Priangan dijajah ku Mataram (awal abad ka-17). Ngaran aslina cenah Pangéran Cahyana, turunan Sunan Jambu Karang anu nyekel kakawasaan di wewengkon Banyumas, anu geus leuwih ti heula aya dina kakawasaan Mataram. Lian ti éta, dina naskah versi Bandung disebutkeun yén ngaran aslina téh Pangéran Sacanata Cahyana Wétan. Tapi ceuk dina versi séjén ngaran aslina téh Wangsanata.

Rék saha waé ngaran aslina, jeung turunan ti mana, anu sidik dina sakabéh naskah aya sasaruaan yén sesebutan Dipati Ukur téh tujulna ka hiji tokoh, nyaéta anu ngawasa Tatar Ukur téa. (nyambung).*

       *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in BAHASAN