Kolom Sosial Politik

Rasa Curiga Nu Kaleuleuwihi

0

 

Ku: Ridhazia

ISTILAH  civil phobia beuki mindeng disabit sanggeus acara Konsolidasi Nasional Konférénsi Républik nu ngusung téma “Jalan Menata Kembali Republik” di Kampus UI Salemba, Jakarta Pusat, Ahad 28 Juni 2026, dadakan dibatalkeun kira-kira tabuh 01.00 WIB.

Civil Phobia

Ti saprak dibatalkeunana éta acara di Kampus UI, ngaronjat wacana yén kaayaan pulitik di Indonésia keur asup kana fase nu disebut civil phobia.

Dina kamus pulitik, civil phobia sacara harfiah ngagambarkeun rasa curiga atawa kasieun nu kaleuleuwihi ti nu nyekel kakawasaan kana kritik jeung aspirasi masarakat.

Dina diskursus démokrasi modéren, civil phobia raket patalina jeung siklus silih curiga nu teu aya tungtungna antara pangawasa jeung rahayat.

Bahaya Sosorangan

Kakawasaan nu sieun ka rahayat ngan ukur bakal ngalahirkeun pangawasa nu hirup dina “sosoranganan”, kapamingpinan nu beuki nyorangan sarta ngan dikurilingan ku jalma-jalma nu muji jeung satuju wungkul.

Sacara paradoks, kaayaan kitu malah bisa nimbulkeun karentanan nu berkepanjangan lantaran mékanisme panggeuing dini ti rahayat pikeun ngabenerkeun kasalahan pangawasa ditutup pageuh.

Lamun euweuh koreksi, kawijakan nu cacad bakal terus dijalankeun nepi ka ahirna nyababkeun kagagalan atawa krisis nu datangna teu disangka-sangka.*

      * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.