Ku: Ridhazia
Dina biantara tanpa naskah, Présidén Prabowo kaliru dina ngitung 10+6 jadi 17. Kajadian éta tuluy sumebar jeung jadi viral.
Présidén sadar kana kakaliruanna, tuluy langsung ngabenerkeun jeung menerkeun itungan anu salah téa.
Kacapé Méntal
Momen spontan salah ngitung anu ilahar, nu mindeng disebut selip létah (slip of the tongue), bisa karandapan ku saha waé, lain ngan ukur ku présidén. Komo deui ka jalma anu geus asup kana umur kolot.
Salah sahiji panyababna nyaéta kacapé méntal (cognitive fatigue), nyaéta kaayaan nalika uteuk ngalaman panurunan konséntrasi alatan kacapé fisik jeung méntal.
Sacara Neurologis Disebut Diskalkulia
Lamun kasusah dina ngitung angka-angka dasar téh terus-terusan kajadian, malah lumangsung sapanjang hirupna, henteu gumantung kana tingkat kacerdasanna, dina widang neurologi kaayaan éta disebut diskalkulia.
Hésé Mibédakeun Kénca jeung Katuhu
Balukar tina kasusah ngitung, panyandang diskalkulia bisa ngalaman kasusah dina nginget runtuyan angka, saperti nomer télépon, taun, atawa tanggal kalahiran.
Salian ti éta, maranéhna ogé mindeng hésé maca jam analog, ngira-ngira jarak jeung waktu tempuh, malah dina kaayaan anu leuwih parna bisa hésé ngabédakeun mana kénca jeung mana katuhu.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments