Napak Tilas

Kiyai Haji Ajengan Ahmad Sanusi: Ulama Reformis Nu Jadi Bapa Bangsa

0

 

 Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews  (29/5/2026) Islam anu asup ka tatar Sunda, pangpangna dina mangsa-mangsa awal, loba bagian anu dipulas ku warna lokal. Maksud bagian tina Islam di dieu téh urang heureutan waé dina hal peristilahan, lain dina eusi atawa ajaranana. Sesebutan “kiyai” atawa “ajengan” upamana, mun ditéangan dina kitab babon—éta mah naha dina Quran reujeung hadis, naha dina kitab kuning anu maké aksara Arab gundul wedalan Mekah atawa nagara di wewengkon Timur Tengah lianna, geus pasti moal kapanggih.

Istilah “kiyai” mah dipakéna rada nga-Nusantara. Buktina waé dina basa Jawa gé nyampak, najan di ditu mah teu ngan wungkul pikeun jalma, sabab bangsaning keris, gamelan, atawa munding ogé aya anu dibéré ngaran kiyai. Tapi ari istilah “ajengan” mah jigana has boga urang Sunda.

Boh kiyai boh ajengan asupna téh kana kolom ulama, sanajan rada béda dina maksudna. Sesebutan kiyai larapna ka jalma anu dianggap luhung élmu agamana, bari mingpin pasantrén deuih. Kitu biasana anu dipaké di masarakat. Ari ajengan mah henteu nyekel pasantrén, najan sarua ahli agama.

Sesebutan kiyai jeung ajengan éta téh jolna ti balaréa, dumasar kana pangajén dina widang kaagamaan. Henteu ngan sawates dina élmu anu dicangkingna wungkul, tapi deuih jeung amaliahna. Cindekna, salian ti luhung élmu agamana téh, kudu diajén soléh ku balaréa deuih.

Ana kitu asa teu kaci mun éta dua sesebutan jolna ti diri sorangan alias nikukur mah. Gelar kiyai jeung ajengan, sacara kuantitatif teu jelas ukuranana. Béda jeung magister atawa doktor anu puguh ukuran rubak ijasahna. Atawa profésor anu puguh aya SK-na.

Ka dieunakeun, tambah deui istilah dina basa Sunda anu aya patalina jeung ulama téh, nyaéta ustad. Malah béh dieu, béh dieu aya deui istilah asatid, anu larapna pikeun kaom wanoja, da cenah ari ustad mah hususon pikeun lalaki.

Heup waé lebah dinyana mah, ngan nu sidik di urang téh aya tokoh agama anu disebut kiyai, jeung aya deuih anu disebut ajengan. Dianggapna istiméwa mun éta dua istilah téh larap di hiji pribadi, nya kiyai nya ajengan, contona Kiyai Haji Ajengan (KHA) Ahmad Sanusi. Pangna dua sesebutan digéndéngkeun téh tangtu lantaran anu makéna dianggap istiméwa. Ulama anu boga sesebutan kawas kitu téh teu loba. Teu kabéh anu mingpin pasantrén sok disebut Kiyai Ajengan.

Teu rék disebut istiméwa kumaha tuda, apan KHA Ahmad Sanusi téh henteu ngan ukur mingpin pasantrén pikeun ngadidik para santri wungkul, tapi deuih hasil pikiranana loba anu mukakeun jeung nambahan wawasan katut élmu panemu masarakat. Kitu deui perjuanganana pikeun kahirup-huripan balaréa témbong natrat tur gedé jasana.

Ayeuna urang nyaritakeun karyana heula wé geura, anu ditulis dina basa Sunda jeung Malayu (anu ayeuna jadi basa Indonésia). Jumlahna leuwih ti saratus judul, sumebar di masarakat, tur aya di antarana buku anu dipindo citak. Buku-bukuna téh aya anu dicitak di Batavia, di Bogor, jeung di Sukabumi. Kaitung langka ulama anu medalkeun buku sakitu réana, mana komo dina awal abad ka-20, anu harita mah téknologi percitakanana ogé masih kénéh basajan. Béda jeung ayeuna sanggeus urang wawuh kana téknologi digital.

KHA Ahmad Sanusi téh kawentar ahli tafsir al-Quran. Kitab Tafsir Malja’ at-Talibin (TMT) jeung Tafsir Tamsiyat al-Muslimin (TTM), upamana, medalna téh sérial, mayeng saban bulan. TMT ditulisna dina basa Sunda maké aksara pégon (popilérna sok disebut aksara Arab gundul). Ari TTM mah ditulisna dina basa Malayu maké aksara Latén, sarta ayat-ayat Quranna didobel ku transkrip dina aksara Latén. Éta kitab tafsir téh sabagian ditulis waktu keur aya di tempat buangan.

Sajaba ti widang tafsir, karya-karya KHA Ahmad Sanusi lianna ngawengku rupa-rupa disiplin élmu, di antarana tauhid, fikih, jeung tasawuf. Ngeunaan karya-karyana kungsi dipaluruh jeung diulik ku Husen Hasan Basri, judulna “Islam di Sunda: Sebuah Survai Penyelidikan terhadap Karya-karya KHA Ahmad Sanusi”.

Dina brosur anu dikaluarkeun ku Pasantrén Gunung Puyuh disebutkeun yén KHA Ahmad Sanusi téh lahirna di Désa Cantayan, Kacamatan Cisaat, Sukabumi, tanggal 3 Muharram 1306 Hijriyah, atawa tanggal 13 Februari 1888 Maséhi. Dina sumber séjén mah, cenah, tanggal 16 Séptémber 1881, malah aya anu nyebutkeun taun 1889. Ti luhurna ogé kokocoran ulama. Ramana, K.H. Abdurrahim bin Haji Yasin, mingpin pasantrén Cantayan—anu matak katelahna gé Kiyai Cantayan. Lamun dijujut deui saha ari karuhunna, nyambungna téh ka Syéh Abdul Muhyi, waliyulloh anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Pamijahan, Tasikmalaya.

Nénéhna sok disebut Uci. Kitu ngaran jaman keur budakna. Dina mangsa-mangsa awal, Uci neuleuman élmu agama di Pasantrén Cantayan, tepi ka umurr 15 taunan. Ti dinya mah terus mimiti ngalalana ka sawatara pasantrén anu aya di Jawa Barat, di antarana ka Cianjur, Garut, jeung Tasikmalaya.

Saterusna Ahmad Sanusi ngalaksanakeun ibadah haji ka Tanah Suci. Ceuk sakaol taun 1904, tapi aya deuih anu nyebutkeun taun 1908. Henteu ngan saukur ngalaksanakeun rukun Islam kalima wungkul ka Mekahna téh, tapi terus mukim meunang sawatara taun, pikeun neuleuman ajaran agama di puseurna Islam. Guguru ka para jumhur anu di Masjidil Harom mah moal hésé néangan. Ahmad Sanusi mimiti mikawanoh kana hasil pikiran para ulama anu sok disebut mujaddid atawa pembaharu, upamana waé Muhammad Abduh jeung Rasyid Ridha.

Waktu keur mukim di Mekah, Ahmad Sanusi boga kawawuhan tokoh Syarekat Islam (SI), tepi ka antukna miluan jadi anggota. Teu lila, da basa geus mulang ka Sukabumi, kaanggotaanana di SI téh diécagkeun.

Taun 1915, Ahmad Sanusi mulang ka Sukabumi, langsung waé ancrub kana kagiatan pendidikan di pasantrén anu dibina ku ramana. Dibekelan ku kaweruh hasil tina mutalaah rupa-rupa bahan bacaan jeung padungdengan salila mukim di Mekah, Ahmad Sanusi boga kacindekan ayana kahéngker dina sistem pendidikan di pasantrén. Kahiji, pasantrén dina alam harita teu jelas kurikulumna, kaasup teu jelas taun ajaranana deuih. Kadua, pangaweruh umum anu dipiboga ku para santri dianggap heureut, sabab maranéhna kurang pagesrék jeung pasualan-pasualan kamasarakatan anu aya di sabudeureunana. Padahal ceuk pamanggih Ahmad Sanusi, pangna umat Islam di lemah caina dijajah ku bangsa deungeun téh ku sabab bodo.

Ti dinya mah der waé mémérés sistem pendidikan di pasantrén anu diasuh ku dirina, di antarana waé nerapkeun pendidikan sistem kelas, sarta nambahkeun kaweruh umum kana pangajaranana. Dina hal ieu, Ahmad Sanusi kaasup ulama réformis anu mémérés tatapakan pendidikan di pasantrén.

Taun 1919, Ahmad Sanusi ditangkep ku Walanda, lantaran dituding kabaud dina peristiwa SI Afdeling B. Ari tuduhan anu leuwih jinekna nyaéta nyumputkeun Kiyai Adro’i, anu dianggap salah saurang ulon-ulon peristiwa Cimarémé anu dipingpin ku Kiyai Hasan Arif.. Dina éta peristiwa, Kiyai Hasan Arif sabatur-batur nolak kana kahayang pamaréntah kolonial anu ngudukeun para patani pikeun setor paré ka pamaréntah. Dina Peristiwa Cimarémé, pihak pribumi loba nu gugur, kaasup Kiyai Hasan Arif. Anu salamet, loba anu terus nyarumput di tempat anu sakirana aman.

Tapi, tudingan ka Ahmad Sanusi teu bisa dibuktikeun. Antukna mah nya dibébaskeun deui, sanggeus kurang leuwih saminggu nyirekem di tempat tahanan.

Programna dina widang pendidikan beuki tandes bisa dilaksanakeun sanggeus Ahmad Sanusi ngadegkeun pasantrén sorangan, di Genténg wewengkon Cibadak, taun 1922. Lantaran geus mimiti boga ngaran, dina waktu anyar diadegkeun ogé, santri anu mukim di pasantrénna téh aya kana 170 urangna.

Para santrina dididik sangkan teu nutup diri, daék gaul jeung kalangan mana waé, tapi angger kudu boga sikep kritis. Maranéhna dianjurkeun daék gawé bareng jeung para amtenar (pagawé pamaréntah) katut murid sakola umum. Ari sababna, dina kahirupan sapopoé, antara kelompok santri jeung para amtenar katut murid sakola umum téh silih pikabutuh.

Sikep kritis Ahmad Sanusi katémbong dina fatwana anu nyebutkeun yén zakat jeung zakat fitrah téh urusan umat Islam, ari pamaréntah mah teu kudu pipilueun. Pangna tepi ka muncul éta fatwa lantaran pamaréntah nyieun katangtuan dina ngumpulkeun zakat. Ti masarakat kudu disetor ka amil, terus ka tingkat kacamatan, terus ka kabupatén. Prak-prakanana teu luyu jeung katangtuan agama. Kitu deui dina nangtukeun babagian pikeun anu hak narima zakat. Kanyataanana anu meunang bagian loba téh bangsaning amil atawa lebé, ari fakir miskin bet loba nu kaliwat.

Lian ti éta aya fatwa lianna anu dianggap ngaganggu kapentingan para pangréhpraja (kelompok birokrat, hususna anu boga jabatan dina pamaréntahan). Ceuk pamanggih Ahmad Sanusi, ngadungakeun para pajabat dina hutbah Jumaah kudu aya kakaitanana jeung ka-Islaman. Dina jaman Rosul, sahabat, jeung tabiin, mémang aya katerangan yén dina hutbah Jumaah téh aya bagian pikeun ngadungakeun pajabat. Tapi, apan pajabat alam harita mah kaasup pamingpin Islam, dipilihna ku urang Islam, jeung pikeun kapentingan Islam. Ari anu aya di lemah cai urang alam harita, pajabat téh diangkatna ku pamaréntah kolonial Walanda, jeung lain pikeun kapentingan umat Islam. Éta pangna umat Islam teu kudu ngadungakeun éta pajabat dina saban hutbah Jumaah.

Réaksi pamaréntah kana éta fatwa kaitung keras. Réa kiyai atawa ulama anu sapamadegan jeung Ahmad Sanusi anu diteror, malah aya anu dikaniaya sagala ku papada anggota masarakat deui anu pro ka pamaréntah, upamana waé kajadian di Malébér, Cianjur.

Hiji poé, dina bulan Juli 1927, di wewengkon Baros, Karangtengah, jeung Cibadak aya anu ngaruksak jaringan kabel telepon. Tah, ari Karangtengah téh teu jauh ti Pasantrén Genténg.

Gancangna carita Ahmad Sanusi ditangkep sabab dianggap ulon-ulon anu ngaruksak jaringan kabel telepon téa. Éta tuduhan dumasar kana pangakuan jalma anu anu nyebutkeun yén dirina téh santrina Ahmad Sanusi.

Tétala anu ngaruksak kabel telepon téh kelompok Sarekat Rakyat anu di satukangeunana aya kakuatan kuminis. Pamaréntah teu boga bukti deui waé pikeun ngajagragkeun Ahmad Sanusi ka méja héjo. Najan taya bukti, angger waé ditahan. Pamaréntah nyieun rékayasa, kumaha carana sangkan éta kiyai angger ditahan. Aya sawatara jalma anu ditéror terus dititah nyieun pangakuan tinulis anu eusina nyebutkeun yen Ahmad Sanusi kabaud dina kajadian barontakna Kiyai Haji Asnawi di Menés, Banten.

Nya ahirna diasingkeun ka Batavia (ayeuna Jakarta); hiji tarékah pamaréntah kolonial pikeun megatkeun éta kiyai jeung umatna. Tapi dina kabuktianana, sumanget Ahmad Sanusi dina nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan beuki ngabebela. Beuki produktif nulis buku, terus disebarkeun ka masarakat. Kitu deui para santrina gé angger ambreg-abregan nepungan, teu kalis pédah keur aya di pangasingan.

Sajaba ti réa nulis buku, salila di pangasingan téh Ahmad Sanusi bisa ngadegkeun organisasi kaagamaan anu bagerak dina widang sosial jeung pendidikan, nyaéta Al-Ithadiyatul Islamiyyah (AII), dina bulan Novémber 1931. Éta organisasi jadi média pikeun nepungkeun Ahmad Sanusi jeung umatna, tur beuki lila beuki ngagedéan.

Ceuk pamanggih Muhammad Iskandar, sakumaha anu ditulis dina makalahna, dina bulan Agustus 1934, Ahmad Sanusi dibébaskeun ti tempat pangasingan. Nya terus mulang deui ka Sukabumi. Henteu ka Pasantrén Genténg, tapi ka Vogelweg (ayeuna jadi Jalan Bhayangkara), anu kaasup ka wewengkon Kacamatan Gunung Puyuh. Di dinya Ahmad Sanusi ngadegkeun deui pasantrén, dingaranan Syamsul ‘Ulum, anu tug ka kiwari diteruskeun ku para ahli warisna.

Anu dikritik ku Ahmad Sanusi henteu ngan sawates sistem jeung kagiatan pamaréntahan wungkul, tapi deui sawatara kabiasaan umat Islam anu dianggap nyimpang tina katangtuan saréat. Lamun biasana sok disabit-sabit yén pembaharuan ajaran Islam, hususna dina widang fikih téh dipigawé ku kelompok Muhammadiyah jeung Persis, saenyana teu kitu, sabab Ahmad Sanusi gé aya di wewengkon éta, sanajan teu kaasup kelompok keras.

Geura urang cutat pamanggihna anu ditulis dina kitab Tafsir Tamsyiyyat al-Muslimin, jilid IV, kaca 115:

“Teroetama daripada goeroe-goeroe tarekat, jang bodo itoelah yang meroesakkan agama Islam, dan ‘alam Islam dan oemmat Islam. Maka berhati-hatilah kaoem Islam di dalam mengambil ‘ilmoe agama Islam, djanganlah mengambil ‘ilmoe itoe, daripada goeroe Islam yang tiada benar kelakoeannja. Atau saoempama boenglon tobi’atnja, lebih-lebih wadjib berhati-hati di dalam mengambil tarekat, maka lebih dahoeloe wadjib diketahoei bagaimana keadaan goeroe-goeroe itoe, ia tabahhoer dengan ‘ilmoe sjara’, saoempama Tafsier, Hadists, Faqieh dan perabot-perabotnja, dan bagaimana tobi’at goeroe itoe, gemar daripada mengasih oewang atau daripada sidkah-sidkahnja. Maka apabila terdapat goeroe itoe memang bodo atau seorang jang ingin oleh-oleh atau sidkah daripada anak muridnja, maka djanganlah mengambil torekat daripadanja, kerna itoelah soeatoe ratjoen di dalam agama Islam.”

Dina napsirkeun élmu, ceuk pamanggihna henteu ngan sawates élmu anu patali jeung urusan ibadah, tapi deuih élmu anu patali jeung hirup kumbuh. Samalah, ceuk pamanggihna, ayat-ayat anu patali jeung ngatur hukum ibadah langsung ka Alloh leuwih saeutik batan ayat-ayat anu ngatur hirup kumbuh, babandinganana 150:350.

Tatahar Kamerdékaan

Dina jaman pendudukan Jepang, AII dibubarkeun, sakumaha anu karandapan ku organisasi lianna. Hal éta ngalantarankeun putusna komunikasi jeung murid-muridna. Nya ngajukeun usul ka pamaréntah pendudukan sangkan diidinan ngadegkeun organisasi anyar, dingaranan Persatuan Ummat Islam Indonesia (PUII), anu saterusna digabungkeun jeung Perikatan Ummat Islam (PUI) anu diadegkeun ku Kiyai Haji Abdul Halim di Majalengka. Organisasi anu anyar ngawujud téh dingaranan Persatuan Ummat Islam, kalawan ari singgetanana mah angger PUI.

Pertengahan taun 1945, Kiyai Ahmad Sanusi kapilih jadi anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI). Salah sahiji usul anu diajukeunana nyaéta ngeunaan bentuk nagara anu disebut imamat. Waktu dipapaykeun naon éta téh maksudna, tétéla teu jauh ti sistem démokrasi ayeuna.

Dina rapat BPUPKI, Kiyai Ahmad Sanusi ngingetan ka majelis sangkan sakabéh putusan dijieun sajelas-jelasna, sangkan teu nimbulkeun perbédaan tapsir, anu ahirna bisa ngalantarankeun perpecahan.

Sanggeus Indonésia merdéka, pangaruh Kiyai Ahmad Sanusi loba pisan ngabantu dina tarékah nanjeurkeun kamerdékaan, hususnya di wewengkon Jawa Barat. Hal ieu diangken ku tokoh TNI, A.E. Kawilarang. Pokna ogé, pangaruh Kiyai Ahmad Sanusi mampuh ngabendung mekarna DI/TII. Ari sababna, para santri jeung umat anu aya di satukangeun éta kiyai nolak biluk pikeun miluan kana paham politik Kartosuwiryo anu ngadegkeun Nagara Islam Indonésia (NII).

Kiyai Haji Ajengan Ahmad Sanusi wafat dina taun 1950, teu lila ti tas peristiwa penyerahan kedaolatan.*

   H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas