Ku: Ridhazia
INDONESIAN El Clasico antara Persib Bandung jeung Persija Jakarta jadi laga pangémosionalna. Rivalitas dua skuad ieu geus kacatet dina sajarah persepakbolaan Indonésia ti mimiti taun 1930-an.
Dukungan anu luar biasa masif ti The Jakmania jeung Bobotoh nuduhkeun yén rivalitas sajarah di antara duanana geus ngakar tur diwariskeun ti generasi ka generasi. Malah, éta rivalitas sanggup nyiptakeun tekanan psikologis anu luhur pikeun para suporter.
Dina unggal patandingan, ieu lain saukur moro poin. Ieu mangrupa tarung harga diri. Henteu deui ngan ukur soal klasemen, tapi geus jadi perkara gengsi. Ngajaga martabat di hareupeun rival langgeng, sakaligus jadi momentum pikeun negeskeun dominasi.
Bener pisan, suasanana nyarupaan rivalitas Real Madrid vs Barcelona. Atmosfer pertandinganana jadi representasi tarung dua kakuatan ti dua kota gedé di Spanyol.
Barcelona asalna ti ibu kota wilayah otonom Catalonia, kota panggedéna kadua sanggeus ibu kota nagara, Madrid.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments