Ku: Ridhazia
KAHIJI kalina saurang tokoh buruh diangkat jadi pahlawan nasional. Nya éta Marsinah (1969–1993). Anjeunna dipaparin gelar Pahlawan Nasional ku Présidén Prabowo Subianto dina 10 Nopémber 2025.
Ngaranna jadi bahan béja nasional sanggeus buruh pabrik di PT Catur Putra Surya (CPS) di Porong, Sidoarjo, Jawa Wétan, kapanggih maot sanggeus disiksa ku oknum aparat nagara anu nyulik dirina. Marsinah dipanggihan teu nyawaan dina 8 Méi 1993 di leuweung Wilangan, Nganjuk.
Pupusna Marsinah anu tragis dina 8 Méi 1993 jadi sorotan internasional sarta jadi titik balik penting dina pangawasan palanggaran HAM ka para pagawé. Kajadian éta ngagedurkeun kasadaran publik yén perjuangan buruh can réngsé.
Masalah Laten
Kajadian anu karandapan ku Marsinah waktu nuntut hak-hak normatif buruh, nepi ka kiwari kénéh jadi pasualan laten. Perdebatan ngeunaan perlindungan pagawé, kabébasan nyarita, jeung kaadilan hukum can sagemblengna tuntas.
Kasenjangan antara kabutuhan hirup jeung kamampuh pausahaan mayar gaji masih kénéh nganga. Kanaékan upah remen teu saimbang jeung naékna waragad hirup poko. Balukarna, buruh terus nuntut aya panaluyuan anu adil tur manusiawi.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments