Ku: Ridhazia
TETELA, lain ngan BBM wungkul nu diimpor ti nagara séjén. Wasit ogé kudu didatangkan ti luar nagri pikeun ngajaga jalanna pertandingan maén bal anu adil (fair play).
Utamana pikeun mingpin sésa laga-laga krusial dina sababaraha minggu ka hareup, nalika perburuan gelar juara geus beuki hangkeut.
Tuntutan éta mucunghul sanggeus Persib Bandung sacara resmi ngirim surat protes ka PSSI patali jeung kinerja wasit.
Wasit nu dimaksud nyaéta Yoko Suprianto dina laga pekan ka-28 Super League 2025–2026 antara Persib Bandung ngalawan Dewa United nu réngsé imbang 2-2 di Banten International Stadium, Senén (20/4/2026).
Leuwih Fair Play
Usulan ngagunakeun wasit asing lain sakali ieu waé. Ieu gagasan geus sababaraha kali ditepikeun, utamana nalika wasit lokal dianggap teu mampuh deui ngajamin pertandingan nu adil lantaran hasil-hasilna ngundang kontroversi.
Sahenteuna, ku ngadatangan wasit “impor” ti nagara séjén nu boga lisénsi standar FIFA atawa AFC, dipiharep kaputusan wasit leuwih adil jeung obyéktif salila mingpin pertandingan.
Alesan séjénna, wasit asing teu boga ikatan émosional jeung klub atawa pamaén mana waé. Manehna bébas sacara sajarah tina hubungan jeung tim nu tanding. Malah, bisa leuwih jauh tina tekanan pihak mana waé, boh patali jeung janji-janji atawa praktik judi pertandingan.
Ku kituna, netralitas wasit asing dianggap masih luhur, leuwih taliti, tegas, sarta boga pangalaman lega, nepi ka dipandang leuwih unggul dina pamahaman kaulinan tibatan wasit lokal.
Leuwih Mahal
Honor wasit asing nu husus didatangkan ka Indonésia kawilang mahal. Perkiraan waragadna ngahontal Rp18,6 juta nepi ka Rp20 juta per pertandingan.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments