Ku: Ridhazia
SABABARAHA pihak ngécéskeun kritik kana léngkah Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK) patali jeung pangalihan status panahanan urut Menteri Agama, Yaqut Cholil Qoumas, jadi tahanan imah.
Kaistiméwaan dina Sajarah KPK
Kaputusan KPK éta teu bisa ditempo saukur minangka léngkah hukum biasa nurutkeun KUHAP.
Ngémutan kaistiméwaan éta, publik nganggap kaputusan KPK bisa nyideraan prinsip equality before the law — nya éta kasarna sarua di hareupeun hukum, nu ngajamin unggal individu diperlakukeun adil, sarua, sarta tanpa diskriminasi dumasar kana status sosial, kalungguhan, atawa kabeungharan.
Naon Éta Tahanan Imah?
Tahanan imah nurutkeun KUHAP nyaéta panahanan ka kasangka atawa terdakwa di imah tempat cicingna sorangan.
Lilana ditahan di imah bakal dikurangan tina total masa hukuman kalayan rasio sapertilu wungkul, henteu pinuh saperti tahanan di rutan.
Teu Bisa Bébéralan
Sanajan di imah sorangan, kasangka atawa terdakwa tetep aya dina pangawasan ketat aparat, sakumaha lumangsung di rumah tahanan nagara.
Manéhna teu bébas lalampahan tanpa idin. Wajib lapor. Malah pikeun kaperluan médis atawa kaayaan darurat ogé kudu meunang idin. Komo saukur rék ibadah ogé bisa diawasan.
Lamun ngalanggar aturan, contona kaluar ti imah tanpa idin, status tahanan imah bisa dialihkeun deui jadi tahanan rutan.
Jaminan Duit jeung Kulawarga
Tahanan imah téh saukur pangalihan jinis panahanan. Pikeun bisa pindah ti rutan ka imah, diperlukeun jaminan duit jeung/atawa jaminan ti kulawarga atawa panaséhat hukum.
Jaminan ieu boga fungsi minangka pangiket sangkan kasangka teu kabur, teu ngaleungitkeun barang bukti, sarta teu ngulang deui tindak pidana.
Duit jaminan bakal dirampas ku nagara lamun kasangka atawa terpidana ngalanggar aturan nu geus ditangtukeun. Jumlahna béda-béda gumantung kana kasusna, sarta teu aya tarif anu pasti.
Kumaha pamustunganana? Kulantaran KPK diperekpek ku kritik malah nepi ka dijejeleh utamana ku para warganet, antukna status tahanan imah Yaqut Cholil Qoumas, dibalikkeun deui jadi tahanan KPK. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments