Napak Tilas

Panineungan Mudik Lebaran Mangsa Baheula

0
Mudik jaman baheula tahun 70-an mah kawas kieu di stasiun kereta api teh. Pagegelek pasesedek. (Foto: SundaNews/Solo Zaman Dulu)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (19/3/2026). Mun nyaritakeun mudik, kuring mah sok jadi ras ka babaturan. Enya, éta mah ki sobat, saban rék nyanghareupan lebaran téh sok asa paciweuh pisan. Ti méméh tanggal lilikuran puasa gé, manéhna geus tatahar pikeun mulang ka lemburna. Beberengkes sagala dibawa, anu cenah keur oléh-oléh ka urang lembur. Salila ngumbara di kota anu geus aya welasna taun, manéhna tacan kungsi sakali wé teu mudik. Kajeun teuing keur teu pati séhat, atawa ukur boga bekel pas-pasan, pasti wé maksakeun mulang. Malah mudikna téh sok rada ti anggalna kénéh, bélaan bolos digawé. Kadang-kadang pisaminggueun deui ka lebaran gé geus mulang.

“Sataun sakali mah kudu maksakeun,” pokna.

Kungsi basa taun tukang mah manéhna nanya bari dibarung heureuy, “Naon sasaruaan jeung bédana, antara peristiwa mudik jeung penggusuran?”

Teu ieuh dijawab, da geus kajudi atuh, éta mah pertanyaan konyol. Mémang enya kontékstual, tapi geus teu kaasup heureuy atuh ngabandingkeun maranéhna anu mudik jeung anu digusur mah. Jelas, substansina gé béda pisan.

“Yeuh, déngékeun geura,” pokna, sanggeus kuring teu ngabijilan omongan. “Saruana téh lebah inditna. Heueuh, indit ti hiji tempat, ngajugjug ka tempat séjén. Sarua ngabringna gé deuih. Boh dina mudik boh dina penggusuran, sarua aya prosés indit,” pokna bari terus ngarandeg.

Lantaran omonganana teu dituluykeun, kuring jadi panasaran. Anu matak gancang dipokkeun, “Ari bédana lebah mana?”

“Bédana téh, ari anu mudik sok baralik deui. Enya, apan ari geus béak lebaran mah, tara terus cicing di lembur, da sok baralik deui ka kota, malah mindeng bari mawa dulur atawa baraya. Geus bisa dipastikeun, lamun tas usum mudik, dina geus baralikna deui téh, pangeusi kota jadi nambahan. Tah, ari maranéhna anu digusur mah, tara baralik deui ka tempat tadina matuh. Heueuh, rék bisa balik kumaha, apan lahanna ogé geus salin jinis jadi mall, pusat hiburan, atawa proyék pangwangunan séjénna anu didukung ku modal raksasa.”

Kuring unggut-unggutan. Geuning ka dinya brasna si kunyang téh! Bréh kagambar dina pikiran, kumaha lumangsungna suasana penggusuran. Mindeng pisan rayat anu mertahankeun lahan katut pamatuhanana kudu adu hareupan jeung patugas hukum, anu sakapeung sok timbul riributan.

“Najan mudik jeung penggusuran téh jauh bédana, tapi aya hiji aksioma anu sarua. Boh anu ramé-ramé mudik boh anu digusur, pasti sarua pada-pada rayat leutik.”

“Wah, cék saha? Anu sok mudik mah lain rayat leutik wungkul, da para gegedén jeung jalma baleunghar anu ngumbara di kota gé sarua waé,” omong kuring.

“Heueuh, maksud uing mah anu mudikna téh ngaliwatan heula prosés perjuangan. Kudu daék ngalelentuk di hareupeun lokét karéta api atawa beus antar kota, kudu daék pajejel dina kandaraan umum, kudu ngawayahnakeun manéh mun katipu ku calo atawa ditekuk harga ku kondéktur, kudu daék …, wah, pokona mah beurat perjuangan mun hayang mudik téh. Kitu apan anu kaalaman ku rayat leutik mah dina prosés mudik téh. Malah teu kurang-kurang, anu di perjalanan meunang musibat gé; naha tabrakan atawa mobilna ngagaléong ka jungkrang. Pék ku énté inget-inget, naha kungsi aya bupati, anggota parlemén, dirjén atawa menteri anu pasesedek milu ngantay karcis karéta api, atawa sapeupeuting ngalelentuk di terminal beus? Mana komo persidén atawa wakilna mah.”

“Nya moal atuh, kuya! Apan aranjeunna mah kagungan kendaraan pribadi. Atawa mun mudikna hayang téréh tepi, nya kari ngagunakeun pesawat udara wé, malah sok dicarter,” walon kuring. “Mun teu kitu, dikawal ku purider anu maké héong-héong.”

“Heueuh. Anu matak, hakékat tina dinamika mudik mah ayana ukur di lingkungan rayat leutik. Angkaribungna babawaan, kurdas-kardus wadah oléh-oléh, luut-léétna késang, jeung budak léwéh mah ngan aya dina mudikna rayat leutik pantar urang-urang.”

Kuring ngaheueuhan omonganana. Bréh kagambar suasana mudik di terminal, di setatsion, atawa di palabuan anu sok dipidangkeun mangrupa laporan pandangan mata dina média massa. Enya, kabéh ogé éta téh bagian tina potrét kahirupan rayat.

Mudik geus dianggap hiji peristiwa sakral. Najan sakumaha jauhna ngumbara, ari dina rék nincak lebaran mah kudu waé maksakeun mulang ka sarakan. Éta pangna anu mudik mah tara ngabalitungkeun héséna meunang kendaraan bari ongkosna ngadadak jadi mahal, atawa macétna lalu lintas salila di perjalanan. Anu penting: bisa nyelang heula balik ka lembur, kumpul jeung kolot katut dulur-baraya, jeung bisa nyekar ka kuburan karuhun.

Kaalaman ku kuring sorangan suasana kawas kitu téh, najan rumasa waé tara unggal taun bisa mudik. Dina keur teu bisana mulang, kuring sok gancang tawakup ka kolot jeung ka dulur-dulur.

“Mudik téh jadi hiji kabagjaan pikeun rayat leutik pantar urang mah,” pokna.

Omongan manéhna, ku kuring diheueuhan.

“Urang anu salawasna hirup di kota, néangan sumber kahirupan di kota, jeung tangtu waé mindeng ngabeungbeuratan kota, ari dina poé lebaran mah kudu maksakeun mulang heula ka lembur. Atuh sakurang-kurangna pikeun mulangkeun panineungan ka jaman urang keur budak. Sukur-sukur mun di lembur bisa kénéh nyeuseup hawa seger kahirupan. Mun dipapandékeun kana batré mah, itung-itung disetrum deui, sanggeus urang kabuntang-banting dina galura kota,” pokna.

Ti harita, pleng lila teu panggih-panggih. Ari kitu téa mah bubuhan sarua pada-pada riweuh ku urusan pagawéan. Anu matak, hésé néangan lolongkrangna mun rék silih anjangan téh.

Teu kahaja, ari gok téh tepung di jalan pasampangan; jigana mah manéhna keur ngajak anakna ngabuburit. Rada héran kuring téh, duméh puasa geus nincak tanggal genep likur, tapi manéhna tacan mudik. Kuring onamanan sok milih pidua-poéeun deui ka lebaran, da lembur pangbalikan téh teu pati jauh.

“Har, naha geuning tacan mudik?” kuring nanya, duméh manéhna masih kalana-kulunu kénéh di kota.

“Moal, euy,” témbalna pondok.

“Naha? Apan cék énté mudik téh bagian tina kabagjaan rayat leutik pantar urang-urang, apan mudik téh sakral, apan dina saban taun gé teu meunang diliwat, apan ….”

“Heueuh, ari lebah dinyana mah uing gé moal robah pamadegan,” pokna, megat kalimah.

“Naha atuh lain geura-geura mudik? Apan ayeuna geus tanggal genep likur.”

“Uing mah moal bisa mudik …,” ngarandeg heula, “masing tepi ka iraha waé ogé.”

“Naha? Ku naon?”

“Apan lembur uing mah geus euweuh, geus béak ku musibah alam. Kolot duanana maot, dulur gé nya kitu kénéh,” témbalna alon.

Kuring ngan ukur bisa lila ngahuleng.

“Énté iraha rék mudik?” manéhna nanya.

“Insya Alloh, pagéto,” témbal téh.

“Salamna wé nya ka anu araya di lembur. Uing mah rék lebaran di kota waé.”

Kuring ukur némbalan ku unggeuk.*

           *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas