Ku:H. Tatang Sumarsono
SundaNews (28/2/2026). Yakin da, istilah “ngabuburit” téh bogana urang Sunda. Hanas ayeuna asup kana basa Indonésia, nya alus waé, apan sarua jeung ngabeungharan basa nasional.
Anu disebut ngabuburit téh ngadagoan datangna burit, itung-itung ngabangbrangkeun dina waktuna keur ngalakonan puasa. Éta pangna ngabuburit mah dipilampahna ngan dina bulan Romadon wungkul.
Maksudna ngabangbrangkeun téh mopohokeun lapar jeung halabhab, duméh keur saum.
Tacan kapuluruh kalawan pasti, ti mimiti iraha aya kagiatan anu ayeuna ku urang disebut ngabuburit. Bisa jadi geus heubeul pisan, nyaéta ti saprak urang Sunda ngalakonan ibadah puasa dumasar kana saréat Islam.
Salah sahiji sumber tinulis anu nyaritakeun ngabuburit téh nyaéta anu nyampak dina buku Keur Kuring di Bandung, disusun ku Syarif Amin, anu séting waktuna kira-kira taun 1930-an tepi ka 1940-an. Jadi mun diitung tepi ka mangsa kiwari mah geus leuwih ti sapuluh windu. Anu dicaritakeun dina éta buku nyaéta kabiasaan ngabuburit di dayeuh Bandung. Cenah, dina alam harita gé geus ilahar ulin mapay-mapay toko, tur maksudna gé lain rék balanja. Mun teu kitu, sok lalajo bioskop, anu tangtu waé kudu maké modal, da apan kudu meuli karcis. Ari barudak mah ngabuburitna téh umumna sok mungpung di alun-alun atawa di tempat séjén anu geus biasa jadi pangulinan.
Kabiasaan ngabuburit téh gumantung kana tempatna. Cara ngabuburit barudak anu hirup di kota pastina gé moal sarua jeung cara ngabuburitna barudak di pasisian. Lian ti éta, bakal gumantung kana waktuna deuih. Tong jauh-jauh, ngabuburit dina taun 1960-an bakal béda jeung ngabuburit dina jaman ayeuna. Maksud téh béda dina naon anu dipilampahna, najan ari tujuanana mah sarua.
Lantaran anu karandapan ku kuring mah dina taun 1960-an, nya situasi harita anu nyaho téh, bari kuring kaasup salah saurang palakuna. Jaman harita, dunya barudak téh tacan pasti kasosok ku pangaruh ti luar, utamana ti sanggeus tambah majuna téknologi.
Jadi suasana dina taun 1960-an mah bisa disebutkeun asli-alami kénéh. Anu disebut kaulinan barudak téh umumna mah gumantung kana kaayaan alam sabudeureunana, nyaéta ku cara ngamangpaatkeun lahan atawa lokasi tempat matuh.
Dina kahirupan urang kota—kuring matuh di Tasikmalaya, ngabuburit taun 1960-an asa teu pati géséh jeung nu dicaritakeun ku Syarif Amin sakitu puluh taun ka tukang. Barudak anu ngabuburit téh ilaharna ngarumpulna di tempat ramé anu dianggap loba deuleueun, atawa bisa guk-gok jeung barudak ti tempat séjén.
Da jiga geus dikomando atuh, mun geus datang wanci asar téh ujug-ujug bereyek wé daratang. Biasana mah ukur ngadon diuk, atawa dadapangan dina jukut. Tara loba nu kataji ari ku bangsaning maén bal mah, da puguh apan awak keur lungsé. Kaulinan anu aktivitasna kaitung beurat mah paling-paling ukur ngojay, bari waktuna gé biasana méméh lohor. Ari ngojayna mah bisa di walungan, bisa di balong. Langganan kuring mah di Cumulu, kaléreun Tawangkulon.
Nya lumayan waé ari dibawa ngojay mah awak anu tadina geus lungsé téh sok asa jadi rada seger. Hanas bari teuteuleuman téh sok aya nu bari nginum, éta mah dongéngna sa deui. Jaman harita mah walungan téh tacan loba kakeunaan polusi kawas ayeuna, najan palidna ngaliwat ka tengah kota gé.
Di dayeuh Tasik, tempat pamungpungan barudak téh di antara di Taman Resik, nyaéta taman kota hareupeun Masjid Agung, atawa kaléreun lapang ténes, pahareup-hareup jeung panjara. Aya babalongan maké air mancur, najan mindeng saat gé. Disayagian bangku deuih paranti dariuk. Biasana anu getol maca mah ngabuburitna téh bari mawa buku. Tapi ceuk rarasaan, ukur hiji-dua budak nu kayungyun kitu mah. Da ari kalolobaanana mah, nya kitu téa, ukur ngadong tingcirihil atawa hareureuy.
Tah, saterusna mah nambahan deui dina tradisi ngabuburit téh, nyaéta jadi loba nu dagang lotré endog asin. Anu dagangna gé barudak deui. Anu miluan ngalotré kudu mayar heula, engkéna bakal dibéré kartu nu maké angka. Geus kitu bandar ngoclok nomer dina kaléng urut susu. Pluk waé aya keretas bijil, meunang ngagulungkeun. Lamun angka dina keretas sarua jeung angka dina kartu urang, tah éta anu meunang lotré téh. Hadiahna téh nya endog asin, hiji. Jaman harita mah, anu disebut endog asin téh asa kagolong kénéh kana kadaharan méwah da.
Aya deui tempat ngabuburit séjénna anu kajojo tur sok dijugjug ku barudak, nyaéta setatsion karéta api. Harita mah asup ka setatsion téh laluasa kénéh, da bisa mapay erél, atawa lawang anu resmi gé mindeng teu dijaga.
Ngabuburit di setatsion mah biasana sok numpak karéta api anu keur langsir. Heueuh, abong keur budak, najan ukur maju sababaraha puluh atawa ratus méter gé mani asa keur nyaba jauh. Bari jeung sakapeung mah gerbong anu dilangsirkeun téh lain paranti ngakut panumpang, tapi gerbong barang atawa gerbong sasatoan. Waas keur ngagonjrangna ari tumpak karéta api langsir téh.
Jaman harita mah anu disebut lokomotip téh disebutna Si Kuong jeung Si Kuik, anu ngandelkeun tanaga saab. Tacan pati usum lokomotip désel. Harita mah di setatsion téh aya kénéh keran jangkung, kuluwungna sarua jeung cangkéng kolot. Éta téh paranti “nginum” lokomotip. Enya, apan engkéna caina ditaheur, diarah saabna pikeun muihkeun gilinding karéta.
Salian ti milu langsir, aya kagiatan séjén anu teu éléh pikaresepeun, nyaéta ngagéléngkeun paku. Ngan waé ieu mah kudu maling-maling, da mun kanyahoan ku patugas mah sok dibuburak bari dicarékan. Dipahing pisan da ngagéléngkeun paku téh. Malah mun kanyahoan ku kolot sorangan gé sok dicarékan tepi ka dirangkétan.
Paku digolérkeun luhureun erél, diciduhan heula ngarah napel. Tah dina waktu karéta ngaliwat, éta paku téh bakal kagéléng, tepi ka jadi deplé. Engkéna paku anu geus deplé téh sok diasah, angkanan mah dijieun péso.
Ari ngabuburit anu dianggap rada “intelék” mah nginjeum buku ti taman bacaan. Da jeung enyana, dina keur bulan puasa mah taman bacaan téh ngadadak kaimpungan. Loba anu ngarinjeum buku, sawaréh deui mah bari maca di dinya, ngarah teu kudu mayar.
Umumna ari barudak mah nginjeum komik, hususna komik wayang. Éta téh apan tepi ka mangwelas-welas jilid anu nyaritakeun Mahabarata atawa Ramayana mah. Aya deuih komik silat anu sok sérial téh, kawas Si Buta dari Gua Hantu atawa Jaka Sembung. Ari komik anu aya “muatan da’wah” nyaéta Taman Firdaus anu dina bagian ahirna nyaritakeun sawarga jeung naraka.
Barudak nu geus rada gedé mah nginjeumna téh carita silat Cina karya Kho Ping Ho. Sarua ieu gé tepi ka puluhan jilid. Asa teu resep buku silat nu ieu mah, sabab euweuh gambaran.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments