Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (9/3/2026). Maret, 84 taun ka tukang, bangsa urang ganti dunungan. Anu tadina kumawula ka Walanda, dina taun éta mah ganti ka Jepang atawa Dai Nippon anu ngabasakeun dirina Sodara Tua. Ari urang mah, posisina nya angger waé, dijajah-dijajah kénéh. Najan kitu, tina sawatara dokumén anu kabaca mah, cundukna pasukan Jepang ka urang téh sasat diarap-arep rahayat. Ari nu jadi kasang tukangna mah lantaran aya harepan yén Jepang bakal ngabantu urang ngabébaskeun tina genggeman Walanda.
Hal ieu, upamana bisa dibaca dina tulisan Moh. Koerdi (wartawan Sipatahunan), Keur Kuring di Bandung. Tepi ka, cenah, waktu kapal Jepang haliber di langit Bandung, balaréa téh loba anu nyarita, “Tah geuning geus datang!” Pangna disebut Sodara Tua gé naha kunaon atuh lamun lain dianggap lanceukna bangsa urang.
Naha pasukan Jepang bet ngaheulakeun ngajorag Bandung, lain Batavia atawa Jakarta? Taya lian, sabab kakuatan militér pamaréntah Hindia Walanda ayana di Bandung. Apan harita mah puseur pamaréntahan ogé geus geus dipindahkeun ti Jakarta. Ti bulan Fébruari 1942 kénéh ogé Gupernur Jénderal Tjarda van Starkenborg katut para gegedén Walanda lianna geus ngungsi ka Bandung, maratuhna di Hotél Homann jeung Preanger. Geus puguhing ari kakuatan militér, da éta mah geus leuwih ti heula dipuseurkeun di Bandung.
Dina buku Sejarah Tatar Sunda Jilid 2 anu disusun ku Nina H. Lubis saparakanca dipidangkeun kalawan lengkep waktu pasukan Jepang mimiti ngayakeun serangan ka Pulo Jawa.
Wewengkon Hindia Walanda jadi daya tarik pikeun pasukan Jepang, lantaran di dieu téh beunghar ku sumber minyak bumi katut bahan tambang lianna. Anu matak, sasaran mimiti pasukan Jepang téh nyaéta wewengkon anu réa tambang minyak bumina, kayaning Tarakan, Sungai Gerong, jeung Plaju.
Dina tarékahna ngawasa Pulo Jawa, pasukan Jepang geus ngira-ngira yén bakal nyanghareupan rupa-rupa hahalang beurat, lantaran pihak Walanda geus tatan-tatan ngayonan.
Harita ku pihak Walanda geus bisa dilelebah, tentara Jepang téh bakal daratang ti kalér, sanggeus meuntasan Laut Jawa.
Pangna pasukan Jepang ngicer Pulo Jawa téh apan jadi puseurna kakawasaan Hindia Walanda, najan tangtu waé bakal nyanghareupan kakuatan militér anu leuwih rohaka batan di wewengkon lianna. Dina mangsana Perang Dunya II, pasukan anu aya di Pulo Jawa jeung di sawatara wewengkon strategis séjénna téh lain pasukan Walanda wungkul, tapi deuih digabungkeun jeung pasukan blok Sekutu.
Kakuatan militer Hindia Walanda anu ditempatkeun sabudeureun Bandung aya kana 40 rébuna, kaasup pasukan Inggris, Amerika, jeung Australia. Sakabéh éta pasukan téh aya dina komando Sekutu anu markas besarna di Lembang. Ari tentara Hindia Walanda dipingpinna ku Letjen Ter Poorten.
Pasukan Sekutu di Bandung geus nyieun kalkulasi, tentara Jepang bakal daratang ti kalér, sanggeus meuntasan Laut Jawa. Kabuktian apan, ngambregna téh ka asisir Érétan di wewengkon Indramayu, lain ka Tanjung Priuk atawa ka Palabuan Cirebon.
Mémang, dina rarancang pasukan Jepang, anu pangheulana kudu direbut téh Bandung. Anu matak kakuatan perangna sina haranjat di Érétan, da tangtuna ogé leuwih deukeut mun rék ngepung Bandung.
Pasukan Jepang anu ngajorag Jawa Barat téh nyaéta staf tentara ka-16 jeung Divisi II anu dipingpin ku Jénderal Maruyama Masao. Ari anu haranjat di Érétan tanggal 1 Maret 1942 téh nyaéta Detasemén Syoji anu jumlahna lima rébu pasukan. Nya maranéhna anu dibéré tugas ngarebut Bandung téh.
Lamun ditilik tina jumlah, pasukan Jepang téh ukur saperdalapanna tina pasukan Walanda anu geus ngagabung jeung pasukan Sekutu. Tapi dina kabuktianana, unggulna pasukan Jepang téh bangun babarieun.
Ngeunaan serangan pasukan Jepang dina bulan Maret 1942, ditulis ku Muchtar Affandi dina mémoarna, judulna Mulangkeun Panineungan. Dina jaman harita, Muchtar Affandi keur nyekel kalungguhan jadi mantri pulisi di Kacamatan Sagalahérang (ayeuna mah asupna ka Kabupatén Subang). Mungkaskeunana, Muchtar Affandi téh jadi Rektor Universitas Pasundan salila dua periodeu.
Sacundukna pasukan Jepang ka Érétan, ceuk Muchtar, dia poé éta kénéh ogé lapangan terbang di Kalijati, Subang anu dijaga ku pasukan Inggris serah bongkokan ka pasukan ti Batalyon Wakamatsu. Isukna, tepi ka tanggal 4 Maret, pasukan Walanda rék ngarebut deui Bandara Kalijati, tapi gagal, malahan mah tentara Walanda anu jadi korbanna ogé tepi ka ratus-ratus.
Derna Perang Dunya II anu ngémbét ka wewengkon urang deuih, tangtu waé ti saméméhna ogé geus diprédiksi ku pamaréntah kolonial Walanda. Henteu ngan ukur enya-enya tatahar kakuatan militér, di antarana ku nambahan jumlah personil, tapi deuih rahayat gé geus dibéré nyaho ngeunaan naon waé nu kudu dipilampah lamun perang geus der.
Ti saméméh asup ka bulan Maret 1942 ogé rahayat geus dibéré pancén kudu nyarieun lombang, teu jauh ti imah masing-masing, kitu ceuk Muchtar. Lamun aya hoang-hoang sirineu, saréréa kudu gancang nyumput kana éta lombang.
“Kuring ogé nyieun lombang téh di pakarangan. Ngahaja rada digenah-genah, malah dipinuhan ku dahareun. Angkanan téh mun engké kudu nyumput ka dinya, moal kudu ngulayaban heula néangan dahareun. Tapi dina émprona mah éta lombang téh teu kungsi kapaké, lantaran wewengkon Sagalahérang teu kungsi blung-bleng ditinggangan ku bom.”
Cindekna mah aya prédiksi Walanda anu nyalahan, sabab perang téh teu lumangsung rongkah. Enya, apan pasukan Sekutu langsung katétér karék dina sapoé gé. Buktina mah apan bandara Kalijati langsung bisa direbut tentara Jepang.
Ceuk Muchtar, “Enya ari serangan udara Jepang aya éta ogé, tapi anu jadi sasaranana téh pertahanan tentara Walanda di Gunung Tangkuban Parahu. Inget kénéh, kuring mah sok nempo ti kantor kawadanaan mun pasukan Jepang rék nyerang ka beulah kidul téh. Kabeneran tihang kantor kawadanaan téh galedé naker, ampir sagedé-gedé beuteung munding, bubuhan tadina urut kademangan. Tah, bari nyalingker kana éta tihang ari lalajo serangan téh.”
Ngeunaan lumangsungna perang, Muchtar Affandi nulis kieu:
Dina keur sesedengna usum paciweuh, harita téh aya kapal udara militér Inggris anu ragrag lantaran dibedil musuh. Cenah mah panumpangna maraot, ngan kari saurang deui anu hirup téh, nyaéta pilotna, kitu gé kaayaanana geus tatu parna.
“Éta tentara anu geus ampir sakarat téh digarotong ku urang désa, dibawa ka kawadanaan, maksudna ménta diubaran. Ngan ku sabab di kawadanaan taya keur ngubaranana, ku kuring terus dititah disiringkeun, dibawa ku ronda ka rumah sakit di Subang. Harita kénéh ogé regeyeng digarotong deui ku ronda.”
Ceuk béja saterusna, teu kungsi ka Subang mawana téh, lantaran di hiji kampung lebah Jalan Cagak ogé geus pasarandog jeung tentara Jepang. Atuh gubrag waé diragragragkeun si korban téh, ditunda di sisi jalan gedé. Anu ngagotongna langsung barirat. Kapanggih-panggih deui téh waktu éta pilot Inggris geus disalib di parapatan ku pasukan Jepang. Naha disalibna téh ti keur hirup kénéh, teuing sanggeusna taya nyawaan.
Dua atawa tilu poé saméméh pamaréntah Hindia Walanda nyerah ka Jepang, ka lebah Sagalahérang ngabrul bangsa kulit putih ka kidulkeun, awéwé-lalaki, kolot-budak. Cenah mah maranéhna téh pagawé ondernimeng (perkebunan) P&T di Kalijati. Jigana aya kana rébuna anu ngabrul téh, laleumpang totorobosan. Loba di antarana anu tadina jadi landwacht (mun ayeuna mah hansip, ngan ayana di perkebunan). Bedil maranéhna dipariceunan di kebon entéh jeung kebon karét lebah wewengkon Sagalahérang. Kawasna mah éta abrulan bangsa kulit putih rék ngajugjug ka kota Bandung.
Béak abrulan urang Éropa, sawatara poé ti harita ka Sagalahérang jol abrulan tentara Jepang. Cenah mah pasukan perintisna éta téh, sarta lolobana bangsa Koréa. Ukur ngaliwat wungkul, da saterusna ngajugjug ka beulah kidul, ka jurusan Bandung.
Tanggal 5 Maret, pasukan Jepang di Kalijati geus tatan-tatan rék ngagempur pertahanan Walanda di Ciater, saterusna rék ngagempur Bandung. Dina kabuktianana, pasukan Walanda téh dianggap hipu. Dua poé ti harita, lain waé Ciater anu bisa direbut téh, tapi deuih Lémbang. Geus kitu mah ngan kari turun waé mun rék nyerbu Bandung téh. Ngan harita Jénderal Ter Poorten teu mikeun mun Bandung kudu jadi palagan perang. Ari sababna mah loba penduduk sipil. Nya ari geus kitu mah kapaksa waé pamaréntah Hindia Walanda téh ngélébétkeun bandéra bodas.
Tangtuna ogé pamaréntah Hindia Walanda geus ngitung, mun Bandung jadi palagan serbuan kakuatan militér Jepang, geus pasti bakal ancur-ancuran. Geus karuhan korban jiwa mah—jeung pastina gé tumibana ka rahayat, malah kota nu diwangun dina mangsa leuwih ti saratus taun téh teu mustahil bakal burakrakan.
Lantaran teu dipaké kancah peperangan, dayeuh Bandung mah angger weuteuh. Nya ari geus ngélébétkeun bandéra bodas mah, pasukan Jepang abreg-abregan asup ka Bandung. Urang Walanda anu tadina nyekel kakawasaan, saterusna diinternir ku Jepang. Bangsa urang ganti kumawula jadi ka Sodara Tua.
Ceuk catetan sajarah, jaman pendudukan Jepang téh leuwih nyangsarakeun balaréa. Dijajah ku Jepang tétéla leuwih ripuh batan ku Walanda. Rahayat loba nu jadi korban, kaasup nu kalaparan. Tapi nya aya waé hikmahna mah, di antarana bangsa urang leuwih kahudang sumanget nasionalismeuna, anu antukna dina tanggal 17 Agustus 1945, Indonésia merdéka.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments