Kolom Sosial Politik

Teras Cihampelas: Naha Bet Dibongkar?

0

 

Ku: Ridhazia

DIBERITAKEUN, Teras Cihampelas—salah sahiji destinasi wisata skywalk nu pangikonikna sarta anu munggaran di Bandung, malah ogé di Indonésia— baris dibongkar!

Padahal kakara sababaraha taun dipaké. Réngsé diwangun tur mimiti dipaké taun 2019, hartina can nepi ka 10 taun. Biaya pangwangunanna gé kacida gedéna, teu saeutik.

Solusi Pinuh Akal

Skywalk Cihampelas téh mangrupakeun konsép jalur pejalan kaki layang (elevated walkway) nu kacida pinterna, gagasan ti Walikota Ridwan Kamil (2013–2018).

Waktu harita, Cihampelas jadi sentra denim nu ikon pisan di Bandung. Toko-toko jeung hotél dirobah sacara kréatif tur pikaresepeun, ku dihias patung-patung superhero saperti Hulk, Spiderman, jeung Batman. Sakaligus jadi tempat foto karesep wisatawan.

Kawéntarna Cihampelas ti mimiti taun 1990-an ngaluncat pisan minangka puseur tren fashion denim. Ti calana jeans klasik nepi ka jaket denim modéren. Malah robah jadi destinasi utama wisata balanja di Indonésia.

Ulah Dibongkar!

Di luar nagri mah, lain dibongkar, tapi malah dijaga jeung dipertahankeun minangka alternatif pinuh akal pikeun revitalisasi infrastruktur perkotaan di sakuliah dunya.

Skywalk bisa misahkeun jalur pejalan kaki tina kandaraan, bari sakaligus nyadiakeun rohangan héjo kota atawa rohangan komérsial, utamana keur PKL.

The High Line di New York (Amérika Sarikat) nepi ka ayeuna masih nangtung megah. Padahal éta skywalk sok disebut-sebut minangka inspirasi Teras Cihampelas.

Skywalk kawentar nu jadi destinasi wisata dunya ieu diwangun di luhur urut jalur karéta api layang di Manhattan, sarta hasil ngarobah jalur nu teu kapaké jadi rohangan publik nu ikonik.

Bangkok Skywalk ogé sarupa jeung Teras Cihampelas, dipertahankeun pikeun ngahubungkeun puseur-puseur balanja, ngurangan kamacetan, sarta méré jalur husus keur pejalan kaki di luhur jalan raya nu padet.

Promenade Plantée (Coulée verte René-Dumont) di Paris malah jadi conto skywalk nu diwangun di luhur jalur karéta api kolot, minangka tanda revitalisasi infrastruktur perkotaan modéren.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Dkati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung  pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.