Ku: Ridhazia
ROJALI jeung Rohana lain ngaran dina carita pilem komedi atawa drama cinta. Tapi enya-enya kajadian di Indonésia. Malah leuwih lucu, leuwih konyol, jeung ogé matak leuwih pikasediheun.
Fenomena rojali, nyaéta rombongan jarang meuli, jeung rohana, nyaéta rombongan ngan ukur nanya, beuki ngaronjat tur jadi bahan omongan di pusat-pusat balanja di Indonésia salila taun 2025.
Lamun di sababaraha mal katingal rame nepi ka silih dorong dina ahir taun, can tangtu éta jalma-jalma téh balanja. Bisa jadi ngan ukur jalan-jalan leuleumpangan. Bisa ogé saukur ngadon ngadem, ngan saukur niiskeun awak tina hawa panas.
Daya Beuli
Numutkeun sababaraha panitén ékonomi, naékna jumlah pangunjung ka pusat balanja téh lain lantaran ékonomi ngaronjat, tapi sabalikna, sabab ékonomi nagara ieu keur robah arah.
Daya beuli masarakat ngalaman palemahan, hartina rahayat Indonésia keur nyanghareupan kasusah. Ku kecap séjén, kalolobaan rahayat beuki hésé pikeun meuli kabutuhan sapopoé lantaran duitna teu cukup pikeun balanja.
Miskin
Dumasar kana data panganyarna Badan Pusat Statistik (BPS) per Maret 2025, jumlah penduduk miskin di Indonésia masih aya dina kisaran 23,85 juta jiwa atawa 8,47 persén tina total populasi.
Sedengkeun nurutkeun data Bank Dunya, angka kamiskinan di Indonésia jauh leuwih luhur. Ti pertengahan taun 2025, sahenteuna jumlah penduduk miskin di nagara ieu ngahontal kira-kira 194,7 juta jiwa atawa 68,3 persén tina total populasi. Hartina, jumlah penduduk miskin leuwih loba tibatan golongan kelas menengah ka luhur.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments