Kolom Sosial Politik

Rohana Jeung Rojali, Ngabangkrutkeun Mal?

0

 

Ku: Ridhazia

TEU  ngan saukur Rojali, ayeuna ditambah ku Rohana ogé nu ngaramekeun mal-mal di Indonésia. Tapi ngan ukur ngalanglang atawa ngadon ngadem.  Saukur wara-wiri, bring ka ditu bring ka dieu. Sakapeung mah ukur dahar jeung nginum.

Rojali téh singgetan tina “rombongan jarang beli”, sedengkeun Rohana téh asalna tina “rombongan hanya nanya”.

Fenomena ieu dianggap biasa ku pihak nu ngatur mal, tapi sabenerna boga pangaruh kana nurunna omzet pusat balanja, nu ahirna bisa ngaganggu jalanna operasi mal sarta nyababkeun bangkrut.

Tenant F&B

Dugaan samentara, naha fenomena Rojali jeung Rohana bisa kajadian téh sabab di mal ayeuna teuing loba jongko atawa tenant ritel jeung kadaharan-inuman (F&B).

Lamun ti heula pedagang kadaharan jeung inuman téh jadi panguat datangna nu balanja, ayeuna mah porsina jadi ngadominasi.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.