Ku: Ridhazia
NGARASA nyeri téh mémang henteu pikaresepeun, tapi manusa perelu kana éta pikeun bisa salamet hirupna.
Ngarasa nyeri nulungan manusa pikeun nyaho iraha kudu leuwih merhatikeun dirina sorangan.
Éta téh hasil panalungtikan anu jero ti Raymond Quock, saurang élmuwan di Washington State University anu kacida panasaranana kana rasa nyeri.
Sasat Tanda
Cenah, ulah sok ngeluh atawa ngeuleuwuh kana nyeri. Sabab rasa nyeri téh jadi sasat tanda supaya hirup téh aman tina kamungkinan kasakit nu leuwih bahaya dina fase satuluyna.
Jeung, rasa nyeri dina dasarna mah gangguan saraf. Jeung ku sabab gangguan saraf éta kénéh, manusa dipapatahankeun supaya taliti dina ngajalankeun hirup.
Sabab, ceuk élmuwan éta, penting pikeun diinget ku manusa yén nyeri téh mangrupa hiji “pesen” tina awak supaya manusa geuwat nyokot kaputusan ngeunaan naon anu kudu dipigawé jeung naon anu henteu kénging dipigawé.
Supaya aman!
Sanajan sabagian rasa nyeri saolah-olah teu boga tujuan, sabenerna mah rasa nyeri pasti ngabantuan manusa pikeun salamet dina loba kaayaan nu bisa jadi ngancem kahirupanana. *
* Ridhaziam dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments