Ku: Ronaz
TEU karasa waktu nyérélék, bulan Dzulhijjah panutup taun 1446 Hijriyah geus ngadadahan pareum diganti ku tanggal 1 Muharam 1447 Hijriyah. Biasana umat Islam di Indonesia mah sok pawai obor dina raraga ngareuah reuah nyambut taun baru (anyar). Teu budak teu kolot, ngabring ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngemat-ngemat nyatang pinang marawa obor bari sholawatan jeung tatabeuhan ningalikeun kabagjaan umur na nyampé ka taun baru.
Mun pirajeunan dilenyepan, tétéla hirup di alam dunya téh saéstuna teu lila ngan sa ancul lélé kitu ogé bari teu puguh kualitasna. Ti waktu ka waktu asa téréh nyaho geus gedé boga budak boga incu teu lila yakin kadituna maot. Pikeun nu haré mah tara mikiran sigana téh, nu penting mah hirup paribasana nu penting beuteung seubeuh, duit weuteuh, pamajikan reuneuh, cindekna bagja dunya. Hirup dieusi ngan saukur ku babanda bari jeung loba nu teu kaduga antukna teu boga-boga, ngudag-ngudag dunya tapi tètèp sangsara. Aya ogé nu ditakdirkeun kaduga tepi kana cita-cita jadi jalma kaya beunghar kacida, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, lubak libuk loba lèbak teu ka lèbok. Ngan hanjakal lolobana jumawa teu inget kana purwadaksina, unggah adat nu antukna adigung adiguna asa aing uyah kidul bororaah daék méré mawéh ka sasama nu aya mah malah wani ngahina batur.
Gunta ganti taun pastina kudu jadi pelajaran pikeun nanjeurkeun kualitas hirup manusa jadi saéstuna manusa. Rosulullah Saw tos masihan conto ka umat manusa ku lampah ngalaksanakeun paréntah ti Gusti Alloh pikeun hijrah ti Mekkah ka Madinah. Rosul Saw angkat ti bumina di Mekkah nyuhunkeun disarengan ku sahabatna Abu Bakar Shiddiq ra mapay jalan satapak ngalangkung gunung-gunung batu sabab diudag-udag ku kafir Qurésy nu boga niat ngarogahala Kangjeng Rosul Saw dugi kedah nyumput heula di guha Tsur. Aya pertanyaan: Kunaon Kangjeng Rosul teu diréncangan ku Umar bin Khatthab nu gagah, wani ngalawan kafir Quresy? Kunaon ogé Kangjeng Rosul teu ngado’a waé ka Gusti Alloh Swt sangkan hijrah téh naék buroq tutungganganna waktos Isro Mi’roj, malah mapah mapay-mapay gunung jeung gawir nu gurawés? Jawabana sederhana, nyaéta Rosul nuju nyontoan kasajatian manusa téh kudu pasrah sumerah kana paréntah Alloh ku ningalikeun ikhtiyar sakuduna manusa.
Kukituna manusa nu sajati nyaéta manusa nu daék ngigelan takdir ti Gusti Alloh Swt nyaéta ngalaksanakeun sagala paréntah Na, nebihan sadaya nu dilarang ku manten Na. Mun ogé hirup salila ieu jauh tina ugeran jeung papagon geus waktuna ngaji diri maca awak pikeun hijrah lampah paripolah tina goréng kana hadé, tina salah kana bener. Dina Al-Qur an Surat Ar-Ra’d ayat 11 Gusti Alloh geus méré kalaluasaan ka manusa pikeun ngarobah réngkak lampah paripolah hirup di alam dunya ku ngarobah ti mimiti ti diri (nafs) sorangan.
Zaman kiwari beuki beurat tangtangan hirup, ti mimiti masalah ekonomi, pendidikan, budaya sok komo teknologi mah. Ningali perang Israél jeung Iran geus nepi ka teknologi perang sakitu canggihna, sakuduna jadi motivasi pikeun hijrah ngarobah lampah paripolah sangkan kamajuan bisa di ala pikeun kahadéan. Masalah kamiskinan, kabodoan, korupsi jeung sajabana nu négatif sanyatana masalah polah lampah moral nu ruksak kudu gercep dioméan. Di nagara-nagara maju mah, Industri 4.0 tos basi, kudu geus cunduk kana waktu pikeun bangsa Indonesia ngajemput takdir jadi nagara nu optimis ngawujudkeun Indonesa Emas tahun 2045.*
* Ronaz, alumni S3 Kajian Media jeung Agama Pascasarjana S3 UIN Sunan Gunung Djati Bandung, aktivis pemberdayaan masyarakat, pembimbing haji jeung umrah, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Matla’ul Anwar (PWMA) Jawa Barat, sarta Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN Bandung, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.





































Comments