Kolom Sosial Politik

Bangsa Pejuang Persia

0

 

Ku: Budi Setiawan

KONFLIK bersenjata antara Iran jeung Israil dina saminggu ka tukang ieu ngingetkeun dunya yén bangsa Persia—anu ayeuna ngaranna Iran—tacan leungit naluri tarungna anu teu bisa dipopohokeun. Nalika ratusan drone jeung rudal balistik Iran ngalanglang langit Irak jeung Suriah menuju Israil, sababaraha panalungtik nanya: ti mana asal kakuatan nagara anu puluhan taun kaembargo ieu?

Jawabanna aya dina sajarah. Iran lain saukur nagara Islam Syiah. Ieu téh panerus sah ti hiji peradaban agung anu ti rébuan taun ka tukang geus ngajelmakeun dirina salaku bangsa pejuang. Ti jaman Cyrus Agung nepi ka Ayatollah Khamenei, warisan tangguhna bangsa Persia can kungsi leungit sagemblengna. Ieu ngan ukur robah wujud: ti kakaisaran nu lalumpatan jadi républik nu ngawangun kakuatan militér sorangan ngaliwatan kamandirian, strategi asimetris, jeung kapercayaan idéologis.

Dina pamaréntahan Cyrus the Great, Kakaisaran Achaemenid ngembang jadi kakaisaran panggedéna di dunya dina abad ka-6 SM. Penaklukan ka Media, Babilonia, Lydia, nepi ka India nunjukkeun yén kajuaraan Persia lain ngan ukur dina pakarang, tapi ogé dina strategi, logistik, jeung administrasi pamaréntahan. Sanajan kungsi éléh dina perang ngalawan Yunani, Persia henteu musna. Maranéhna sanggup hudang deui ngaliwatan Kakaisaran Parthia, sarta ngahontal puncak kakuatan dina jaman Sassanid.

Sajarah nyatet ngan saeutik bangsa anu sanggup merangan Romawi jeung tahan ratusan taun. Persia kaasup salah sahijina. Malah Kaisar Romawi Valerian kungsi ditawan ku Raja Shapur I, hiji hal anu henteu kungsi karandapan ku pamingpin Romawi séjén. Saperti dicatet ku sejarawan Albert Hourani, bangsa Persia henteu ngan ukur mibanda tradisi kakawasaan, tapi ogé daya tahan anu luar biasa ngalawan invasi ti kulon boh ti wétan.

Nalika ditaklukkeun ku pasukan Arab dina abad ka-7, Persia henteu leungit jatidiri. Sabalikna, maranéhna malah nyumbangkeun warna penting pikeun peradaban Islam: ti widang filsafat, pamaréntahan, nepi ka kabudayaan istana. Maranéhna éléh dina peperangan, tapi henteu kungsi éléh salaku bangsa.

Éta roh pejuang anu kiwari diwariskeun ku Iran modéren. Sanggeus Revolusi Islam 1979 ngajungkiringkeun Syah Pahlavi nu pro-Kulon, Iran milih jalan idéologis anu tegas: nolak dominasi asing jeung ngawangun sistem pertahanan sorangan. Dina Perang Iran-Irak (1980–1988), nagara éta ampir ruksak. Saddam Hussein, nu disokong ku Amérika Sarikat, Arab Saudi, jeung Uni Soviét, ngalakukeun invasi lengkep. Tapi nu kajadian sabalikna: Iran bisa bertahan salila dalapan taun, jeung lahir generasi militér anyar nu fanatik, terorganisir, jeung tahan banting.

Sanggeus éta, Iran henteu milih nyaluyukeun diri jeung model militér konvensional siga NATO atawa Israil. Sabalikna, maranéhna ngamekarkeun jalur nu henteu mainstream: rudal balistik, drone, milisi luar negeri, jeung kamampuhan siber.

Kiwari, Iran mibanda leuwih ti 3.000 unit drone serang jeung pengintai, saperti Shahed-136, Mohajer-6, jeung Ababil-5, nu dipaké dina rupa-rupa konflik régional jeung malah disalurkeun ka sekutu saperti Rusia. Dina widang rudal, Iran ngamekarkeun Fateh-110, Zulfiqar, jeung Kheibar Shekan kalayan jangkauan antara 300 nepi ka 2.000 km. Maranéhna ogé nguji rudal hipersonik Fattah, nu kabuktian bisa nembus sistem pertahanan rudal modéren Israil. Salian ti éta, Bavar-373, sistem pertahanan udara buatan sorangan, kabuktian bisa nembak tilu jet tempur jeung drone siluman F-35 Israil nu dijieun ku AS.

Leuwih jauhna, téknologi drone Iran ayeuna dipaké ku Rusia dina Perang Ukraina, sedengkeun rudal buatan maranéhna sorangan sanggup ngahontal sakabéh wewengkon Wétan Tengah. Iran geus ngajelmakeun dirina jadi “nagara mandiri militér” nu dipikahormat sakaligus ditakuti. Laporan lembaga risét pertahanan IISS (2024) malah nyebut Iran minangka “nagara jeung portopolio rudal taktis jeung strategis nu panglengkepna di dunya berkembang.”

Numutkeun Kenneth M. Pollack dina The Persian Puzzle, Iran nempo pertahanan lain saukur urusan militér, tapi bagian tina kelangsungan sajarah. “Pikeun élit Iran, tahan hirup téh mangrupa bagian tina takdir géopolitik anu geus diwariskeun ti jaman baheula,” ceuk anjeunna.

Dina titik ieu lah dunya perlu nempo Iran sacara bening. Ieu lain saukur républik Islam anu mawa semangat révolusi. Ieu téh “Persia dina wangun anyar,” bangsa nu dina dirina ngalir memori perlawanan rébuan taun. Sanajan ayeuna tampil dina lambang-lambang agamis jeung jargon révolusionér, sabenerna nu keur nyarita téh insting kakaisaran kolot nu henteu daék ditaklukkeun.

Dunya bisa waé ngahukum atawa kagum ku lampah Iran. Tapi aya hiji hal anu teu bisa dipungkir: Iran ngalakukeun perlawanan sabab maranéhna téh bangsa nu geus biasa perang. Iran henteu sampurna, sok salah, komo represif ka rahayatna sorangan. Tapi dina hal tetep hirup minangka nagara merdika, bangsa Persia geus ngabuktikeun berkali-kali yén maranéhna lain bangsa nu gampang ditundukkeun.*

* Budi Setiawan, paniten  sosial pulitik, mantan wartawan senior ibu kota, jeung alumnus FISIP Universitas Padjadjaran (Bandung), Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *