Kolom Sosial Politik

Bebeneran, Neangan Jalanna Sorangan

0

 

Ku: Ridhazia

SAWAREH rahayat di républik ieu keur fokus néangan jeung manggihan bebenaran (kebenaran) ngaliwatan konflik jeung musuh politik nu antukna réngsé di pangadilan nagara.

Padahal kabeneran sabenerna mah bisa manggihan jalanana sorangan (truth will find its own way), hartina kabeneran bakal kapanggih atawa kabuktian sanajan aya usaha pikeun nyumputkeun éta kabeneran.

Hal ieu ngandung harti yén kabeneran téh sipatna alami tur bakal mucunghul deui sacara otomatis, henteu paduli sabaraha gedéna usaha pikeun nutupan atawa malah nipu éta kabeneran.

Opat Teori Kabeneran

Panalungtikan filsafat ngawangun pamahaman ngeunaan kabeneran sacara umum kana opat teori utama.

Kahiji, Teori Korespondensi, nu nganggap yén kabeneran téh nya éta kasaluyuan antara pernyataan jeung fakta.

Kabeneran jenis ieu sarua jeung kabeneran hukum nu sipatna obyéktif, adil, jeung final. Sumberna ogé tina aturan undang-undang atawa kaputusan pangadilan.

Kadua, Teori Koherensi, nu nyebutkeun yén kabeneran téh nya éta kasaluyuan antara hiji pernyataan jeung sistem pernyataan nu leuwih lega.

Teori ieu museur kana konsistensi jeung kasaluyuan sacara logis jeung rasional. Pernyataan dianggap bener lamun kabeneranana geus diuji dina konteks sistem élmu pangaweruh nu leuwih lega atawa diturunkeun tina pernyataan logis nu geus aya saméméhna.

Katilu, Teori Pragmatis, nu nyebutkeun yén kabeneran téh ditempo tina hasil positipna. Kabeneran hiji hal ditangtukeun tina kumaha gunana pikeun kahirupan nyata.

Kalayan kecap séjén, nu penting mah lain obyéktivitas kabeneran éta sorangan, tapi kumaha ideu éta bisa dipaké dina kahirupan sapopoe jeung mere hasil anu hadé.

Kaopat, Teori Konsensus, nu nyebutkeun yén kabeneran téh kabentuk tina kasapukan atawa kasaluyuan nu dicapai ku hiji kelompok.

Teori ieu nekenkeun pentingna kasaluyuan kolektif jeung gawé bareng.

Kabeneran Agama

Salian tina kajian filsafat, aya ogé rumusan kabeneran dina kerangka agama atawa kayakinan. Kabeneran ieu béda jeung kabeneran budaya, nyaéta kabeneran nu dijieun jeung ditafsirkeun ku manusa pikeun manusa.

Kabeneran agama ngarujuk kana pamahaman ngeunaan kabeneran nu asalna jeung dumasar kana hiji hal anu dianggap mutlak, luhureun manusa.

Kabeneran agama, dina konteks ieu, sipatna mutlak jeung absolut, sabab sumberna ti Gusti Alloh. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandumg, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *