Kolom Sosial Politik

New York “Tukeur Guling” Jeung Maluku

0

Ku: Ridhazia

KOTA  New York, Amerika Serikat,  nu ayeuna jadi kiblat bisnis global, tétéla asalna téh tina tukeuran jeung Pulo Run di Maluku, Indonésia, antara Walanda jeung Inggris.

Numutkeun Victor Perlo dina New York as the Financial Center (1955), ti saprak abad ka-17, New York geus jadi puseur ékonomi global sanggeus kota di kapuloan Manhattan jadi daérah otonom Amérika Sarikat.

Kunaon bisa kitu?

Dumasar kana sajarah, tukeuran éta kajadian taun 1667 antara Walanda jeung Inggris.

New York nu ayeuna jadi kota modéren pangjuru dunya, baheula mah kakawasaan Walanda. Ngaran kotana Nieuw Amsterdam, diadegkeun ti taun 1653.

Tapi ngan ukur 14 taun kota éta dikawasaan ku Walanda. Salajengna dikawasaan ku Inggris sanggeus aya peperangan antara dua nagara imperialis éta, nu tungtungna disatujuan dina Perjangjian Treaty of Breda dina 31 Juli 1667.

Poin penting tina éta perjangjian, Walanda nyerahkeun Nieuw Amsterdam ka Inggris. Sedengkeun Inggris masrahkeun Pulo Run di Maluku salaku kompensasi.

Fakta sajarah ieu dijelaskeun ku sajarawan Des Alwi dina Sejarah Maluku (2005). Pulo Run mangrupa koloni Inggris nu geus produktif ti mimiti abad ka-16.

Sajarawan John Keay nulis yén Kapuloan Pulo Run téh asal mula Kakaisaran Inggris alatan miboga kapentingan ékonomi global tina rempah-rempah pala.

Samentara éta, Walanda ngayakeun monopoli di Maluku nepi ka jaman Perang Napoleon, nalika taun 1810 Inggris sempet ngarebut deui kapuloan rempah éta.

Ayeuna, Pulo Run téh salasahiji pulo pangleutikna di Kapuloan Banda, nu jadi bagian tina wewengkon Maluku, Indonésia. Pulo ieu perenahna di Kabupatén Banda, Kabupatén Maluku Tengah.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *